CARPON: PACOGREGAN CIHERANG

Geus aya kana tilu bulanna Cihérang kadatangan ku jalma anyar. Pangawakan geus kolot, buuk geus dipinuhan ku huis. Ceuk pangakuanna mah ngaranna Abah Uma. Di Cihérang téh ngontrak di imah Mang Adam, bubuhan mang Adam bogaeun imah kosong anu teu ditempatan, sok sanajan panggung tapi masih kénéh bisa dicicingan.


Dina hiji poé aya kajadian. Si Parlan budakna Mang Dedem ngadak-ngadak bareuh bobogaanna. Anu jadi bapana hariweusweus jeung walahwah-weulweuhweuh nénjo kitu téh. Samar polah. Atuh da teu samar polah kumaha, nénjo bobogaan anu jadi anak ngadak-ngadak ngagedéan rék sarua jeung panakol bedug di masigit. Kajadianna téh wanci harieum beungeut.

Rob, jalma- jalma anu tas ngalaksanakeun Solat di masigit tumplek ka imah Mang Dedem, hayang nénjo budak anu ngagédean bobogaanna ceunah. Pagelek-gelek. Si Parlan diusapan ku anu jadi indungna. Budak anu karak diuk di sakola kelas tilu SD téh ngan maké baju kaos wungkul, ngalelempréh, teu dicalana, bobogaan anu sagedé panakol bedug pada ningali jeung ngilik-ngilik ku sakabéh jalma. Pipina reumbay ku cimata, bari teu daek repeh, ngabangingik baé ceurik dan ceuk si Parlan mani nyeri ceunah alabatan disunatan Ku Béngkong.

“ Eum… éta bobogaan mani jadi sagedé kitu. Lain sagedé panakol bedug ieu mah, sarua jeung lisung Nini Ipit.” Cép Lukman anu ngomong.

“ Mani hérang kitu… duh leucir ngabuleneng..!” Tembal anu lain.

“ Kunaon ceunah, Ceu. Éta bobogaan si Parlan mani jadi gedé kitu. ?” Si Kemed nanya ka Ceu Pupun, indung si Parlan.

“ Teuing, da tadi tas ulin jeung babaturanna ka kebon gedé, nyirung boléd. Bérés mandi ngadak-ngadak ngagedéan ieu bobogaanna téh!” Ceu Pupun bari ngusapan sirah anu jadi anakna ngomongna téh.

“ Moal kitu diheureuyan ku lelembut kebon gedé ?” Cép Lukman ngadeukeutan si Parlan, keukeuh ngilikan bobogaan anu bareuh. “ Eum… bener ieu mah jigana téh aya anu ngaheureuyan. Cing téang Haji Sukri. Kudu dijampé ieu mah sangkan cageur deui.”

“ Ujang, jeung saha baé manéh ulin ka Kebon Gedé téh?” Kang Kurdi nanya.

“ Si Oki, si Oeng, sareng Si Usin!” Tembal si Parlan bari humaregung nahan kanyeri.

“ Aip, téang ku sia haji Sukri!” Ceuk si Kemed nitah ka si Aip.

“ Siap, Kang!” Si Aip ngaberebet lumpat, muru ka Pondok Pasantren A-Magribun, néang Haji Sukri.
Teu di luar teu di jero imah, jalma-jalma pagelek-gelek. Para kaum ibu mah komo, jaba ti bari meungpeun carang téh pada ngocéak laun .

“ Ih. Anu bapana budak ogé teu sagedé kitu da, Euceu!” Ceu Mimin ngomong

“  Hihihi… hoyong kitu anu tuang raka ngaageungan kawas kitu, Nyi!” Nini Erum milu ngomong, sungut ngabulaéh ku seupah.

Si Aip datang deui. Ngan teu jeung Haji Sukri. Manéhna dibarengan ku Kang Manaf, marbot masigit.

“ Duh Kang Hajina ogé keur ngeusi pangajian di Cimolonyon ceunah, Kang!” Ceuk Si Aip. “ Tah sugan kang Manaf bisa ngajampéan si Parlan.”

“ Sok atuh, kang Manaf mangga ka lebet.”

Srog Kang Manaf ngadeukeutan anu keur ngalelempréh. Manéhna nyidik-nyidik, bari ngusapan bobogaan éta budak.

“ Kumaha nyeri?” Tanya Kang Manaf.

Anu ditanya ngan saukur unggek.

“ Coba cai hérang sagelas.”

Kang Manaf, gegerenyeman macakeun jampé pamaké. Cai hérang ditiup, teus dikepret-képrét kana bobogaan si Parlan. Anu sejenna ngan saukur bisa kunyam-kunyem bari babacaan. Mantuan ku doa.
Budak mimiti leler. Ngan bobogaan angger gedé, teu daékeun ngaleutikan.

“ Kurang seukeut meureun kang Manaf jampéna.” Cép Lukman ngomong.

“ Heueuh da meureun ari  jampé marbot mah moal leuwih alus tibatan kyaina. Komo jampé urang-urang , nya?” Si Kemed nyarita deui.

Budak humaregung deui. Teu daék cicing ayeuna mah. Peperjelan, bari gogoakan, nyeri ceunah palebah sikina. Anu aya di dinya jadi teu puguh rampa. Kitu salah kieu salah, teuing naon anu kudu dipilampah. Ngan saukur bisa gegerenyeman maca Alfatihah.

“ Cobi Aki ningali…” Kabéh mencrong ka éta kolot. Aki Uma ngangsreg ka hareup. Anu séjén ngised méré tempat.

“ Indit siah tong ngaganggu incu déwék!” Aki Uma ngomong mani tarik pisan. Anu aya didinya silih tingali.

Si Parlan beuki motah gogoakan. Jalma-jalma silih cekel leungeun. Aki Uma peureum bari kunyam-kunyem mapatkeun jampé pamaké.

“ Lamun sia keukeuh embung indit. Aing anu bakal ngusir sia… sakali deui, indit siah tong ngaganggu incu déwék!”

Kana lima menitna, si Parlan ngalelempréh deui. Bener, dadak sakala bobogaanna ngaleutikan cara biasa deui.

“ Eum, bener letik deui ayeuna mah..” si Aip ngomong bari nunjuk kana bobogaan si parlan anu balik deui jadi leutik.

“ Aduh nuhun Aki…!” ceuk Ceu Pupun nganuhunkeun ka Aki Uma.

Tah ti saprak kajadian éta, Aki Uma mimiti dipikawanoh ku Urang Cihérang.

Teu saeutik jalma anu daratang ka imah kontrakan. Da loba anu nganggap lamun Aki Uma téh dukun lepus. Réa-réa kahayang anu datang. Lolobana mah ménta tulung sangkan digampangkeun usaha jeung jodo. Asalna mah Aki Uma nolak, da ceuk manéhna teu bisa nanaon. Ngan ari sangkaan jalma-jalma mah sok leuleuwiheun, aya anu pernah datang kadinya , kusabab kahayangna téh kalaksanakeun, boga anggapan lamun Aki Uma téh hiji kolot anu sakti.

Aki Uma beuki kakoncara. Kabéh nyebut dukun lepus ka manéhna. Sakapeung sok katénjo anu datang téh maraké mobil, urang Kota jigana. Lamun ngaliwat ka imah kontrakan, sok kaambeu bau menyan.
Urang Cihérang anu biasa sok ngandelkeun Haji Sukri téh ayeuna mah daratangna ka Aki Uma. Anu rék hajat sangkan dina waktuna lancar, halodo, pasti datangna ka aki Uma. Rék melak pare jeung panén ogé daratang ka Aki Uma, ménta dijampé sangkan hasil panén mucekil ceunah. Budak rék disunatan, jaba ngayakeun salamétan téh, ogé sok datang ka Aki Uma, ménta sangkan budak teu nyerieun nalika dikeureut si kulupna ku béngkong ceunah.

###

“ Pagawéan musyrik!” Ceuk si Kemed di warung Mang Ujang bari ngadahar géhu. “ Sarua jeung ngaduakeun pangéran!” Tambahna deui.

“ Ah da éta mah ngan saukur tarékah..” Cép Lukman nembal.

“ Heueuh, da sia geus kapangaruhan ku éta dukun lepus. Sia datang ka éta dukun sangkan éntog unggal poé arendogan nya?”

“ Tong kitu manéh, Kemed. Ulah waka gampang nyebut Musyrik ka jalma anu masih kénéh daék Sholat. Da sakanyaho kuring mah, Aki Uma tara ninggalkeun Sholat…”

“ Heueuh ibadah kapangéran dilakonan, punta-pénta ka dedemit ogé teu eureun. Midua sia éta téh ngaranna!” Si Kemed embung éléh.

“ Ah, masalah anu kitu mah, nafsi-nafsi wé atuh. “ Cép Lukman keukeuh kana pamadeganna. “ Da anu meunteun ibadah mah lain manéh, lain Haji Sukri, tapi pangéran..!”

“ Déwék ngomong kitu téh pédah ceuk katerangan… anu kitu téh ngaranna musyrik. Barang pénta mah ka pangéran wé, teu kudu maké tarékah jeung ikhtiar datang ka dukun sagala. Na pangéran téh rék diibaratkeun térmos kitu? Rék diibaratkeun téko? Teu Bisa… pangéran mah béda jeung urang atuh. “ si Kemed anteng ngadahar géhu. “ Déwék moal cicingeun, moal ngantep kamusyrikan di Cihérang..”

“ Ulah gagabah manéh, Kemed. “ Cép Lukman morongos.

“ Aeh, kalah morongos siah. Dasar tukang éntog !”

“ Tong mamawa éntog atuh.. ceuk kuring teu Musyrik!!!”

“ Ceuk déwék musyrik. Sok sia arék naon?”

“ Moal éléh aduregung jeung manéh mah, kacapé-capé sungut.” Cép Lukman bakeutut. Dius manéhna indit bari kukulutus.

“ Jung siah indit. Dasar Musyrik!”

Cihérang jadi haneut. Kabagi kana dua golongan. Anu ngamusyrikkeun ka Aki Uma anu jadi dukun lepus, jeung anu teu ngamusyrikkeun. Si Kemed mah unggal poé teu weléh ngomong bari popolotot ka urang Cihérang anu ngadukung ka Aki Uma.

Kuwu Jumena teu bisa nanaon.  Haji Sukri ogé sarua.  Ngan dina hiji mangsa, nalika khutbah Jumaah, Haji Sukri ngomong ogé, yén pagawéan jalma anu percaya ka salian ti pangéran, contona saperti datang ka dukun, ka paranormal, jeung ka gunung bari punta-pénta kabagyaan hirup, sangkan rejeki lancar, éta asup kana pagawéan musyrik, miduakeun pangéran.

“ Tah kadéngé siah ceuk Haji Sukri, datang ka dukun téh musyrik!” Ceuk si Kemed sabada ngalakonan Jumaah di warung Mang Ujang. “ déwék jeung urang Cihérang rék ngusir Aki Uma. Sangkan pindah ti ieu kampung. Dukun lepus teu pantes muka prakték di Cihérang…!”

###

Antukna, Kuwu Jumena ngondang ka para tokoh masyarakat, keur ngabahas masalah anu disanghareupan ku urang Cihérang. Lain ngan tokoh wungkul anu diondang téh, jalma-jalma anu paraséa jeung paloba-loba omong ogé diundang. Balédésa ramé. Diukna misah, anu ngadukung lamun Aki Uma musyrik diuk di rohangan balédésa Beulah katuhu, anu ngadukung ka Aki Uma dariuk kencaeunna. Aki Uma ogé aya. Manéhna diuk dihareup ngaréndéng jeung Haji Sukri.

“ Tah ayeuna mah, tos ngarempel. Urang musyawarahkeun kajadian anu salila ieu karandapan ku urang Cihérang.  Masyarakat ayeuna tos Beulah jadi dua. Silih lédék jeung hina. Padahal sateuacanna mah urang téh tiasa disebat jalma-jalma anu akur, ka cai jadi saleuwi téa apan. Naha ayeuna urang jadi kieu? Sok arémutan ku para tokoh!” Ceuk Kuwu Jumena.

Érwé Apud nangtung.

“ Urang jadi kieu téh, ti sapkrak Aki Uma jadi dukun lepus. Masalahna, jalma-jalma aya anu percaya jeung heunteu ka dukun. Kuring sorangan, hiji jalma anu teu satuju lamun urang jadi Beulah kieu. Rék naon, da teu penting. Ngan urang kudu manggihan cara sangkan urang ngahiji deui. “ érwé Apud anu geus kolot téh ngarénghap. “ Déwék yakin, lamun  Aki Uma anu jadi masalah utamana. Naha atuh Aki Uma téh beut jadi dukun, apan loba kénéh pagawéan anu lain, jadi tukang témbok, jadi patani, atawa jadi tukang tambal ban? Derr ieu mah milih jadi dukun… tah kieu balukarna.”

“ Satuju….!!! Aki Uma tah biang masalahna!” Ceuk Kumpulan anu anti ka dukun.

“ Ah da lain kahayang Aki Uma. Éta mah puguh disebut dukun jeung dijenengkeunna téh ku urang-urang kénéh. “ Kang Uki ngomong.

“ Satuju…. Da urang-urang mah teu nyebut dukun lepus ka Aki Uma téh!” Ceuk anu ngadukung Aki Uma embung éléh ku anu anti dukun.

“ Euhmmm… kalah ngadon paraséa ah. Hayu atuh urang pilarian kumaha sangkan urang akur deui!” Kuwu Jumena ngusap tarangna.

“ Masing-masing  wé lah pa Kuwu, teu kudu silih cawad jeung silih hina.!” Cép Lukman ngomong.

“ Satujuuuu……!” Ceuk Anu ngadukung Aki Uma.

“ Teu bisa…. Kampung Cihérang kudu bersih tina kamusyrikan!” Si Kemed embung éléh.

“ satujuuu….!!”

Balédésa mingkin ramé.

“ Atuh kumaha nurutkeun, Pa Haji Sukri?”

Haji Sukri uluk salam.

“ Kuring lain mangmeunangkeun anu anti dukun, da ieu mah émang saluyu jeung ajaran anu diagem ku diri kuring. Pagawéan samodél datang ka dukun komo percaya lamun kusabab datang ka dukun hirup urang jadi leuwih alus tibatan méméh datang ka dukun, éta kaasup kana pagawéan musyrik!” Haji Sukri Diuk deui.

“ Benerrr… éta Musyrik. Usir biang kamusyrikan di kampung ieu!” si Aip ngomong, bari hahaok.

Aki Uma nangtung.

“ Lamun kieu jeung kieu baé mah moal aya tungtungna. Keun baé kuring rék ngéléhan. Kuring rék indit ti ieu kampung . kuring teu hayang dsebut jadi biang masalah beulahna masyarakat Cihérang.” Ceuk Aki Uma alum.

“ Tah kitu atuh, sing hideng sorangan. Tong ngadagoan diusir.!” Si Kemed ngomong deui.

Anu ngadukung Aki Uma jarempé. Teu kadéngé ngomong deui.

“ Tah, kuring isukan ogé rék ninggalkeun ieu kampung . Kuring ménta hampura, lamun salila kuring aya didieu geus jadi balukar  beulahna masyarakat Cihérang…”

Balédésa jempling.

Imah kontrakan geus kosong. Aki Uma teuing kamana inditna. Euweuh anu nganyahokeun saurang-urang acan, nya kitu deui anu ngadukung ka manéhna. Euweuh anu nyaho jeung euweuh anu dibéjaan kamana inditna Aki Uma.

Tisaprak inditna Aki Uma. Urang Cihérang masih kénéh kabagi kana dua kelompok. Silih lédék jeung silih hina masih lumangsung.

“ Jadi, intina mah urang téh memang can siap béda meureun, pa  Kuwu..” Ceuk Haji Sukri ka pa Kuwu.
Kuwu Jumena ngan bisa unggut-unggutan bari ngahuleng. Teuing kumaha kahareupna kayaan Cihérang.

###

Ninggang hiji waktu, Urang Cihérang teu paduli deui kana kampungna sorangan. Jalan bala pada ngantep, susukan dipinuhan ku runtah teu dibersihan, geus teu silih longok deui, anu gering pada ngantep, urusan séwang-séwangan. Komo dina usum halodo mah, para patani paheula-heula nyaian sawahna, silih pendet susukan, teu paduli sawah anu séjén kasaatan mah. Paraséa alatan parebut cai ogé jadi biasa. Kaum ibu anu biasana sok silih siaran sabari nutuan paré dina lisung jeung keblek ayeuna leuwih anteng caricing di imahna séwang-séwangan. Silih tulungan jadi hal anu anéh. Da keur dahareun sorangan ogé hese ceunah.

Si Aip rék nyaba ka Jakarta. Rék néangan pagawéan di Jakarta. Geus teu pantes pamuda modél manéhna macul jeung bebelokan di sawah ceunah. Hayang nurutan Kang Darma, unggal balik ti Jakarta sok barang bawa. Mawa kadaharan anu can kungsi kadahar ku urang Cihérang.

Érwé Apud najan ngumumkeun jumsih unggal isuk poé Jumaah, aeuk-auekan di masigit, teu didéngé. Anu milu bebérésih bisa diitung ku ramo leungeun.

###

Di hiji jalan, anu brasna abus ka Cihérang. Aya mobil sédan hideung keur cicing. Di jero mobil, aya Juragan Tarman, Mang Ohi, Cép Lukman jeung Aki Uma.

“ Tungguan baé sabulan deui…!” Ceuk Juragan Tarman bari melenyun ngudud. “ Cihérang bakal kakeueum ku cai téh lain ngan saukur dina film “ Cihérang Conspiracy “ wungkul… ieu mah bakal jadi nyata.” Tambah Juragan Tarman.

Cép Lukman jeung Mang Ohi teu ngomong.

“ Isukan buruhan keur manéh jeung Mang Ohi cokot baé, manéh ku kuring geus dipangnyieunkeun imah di Perumahan Cigiriwil, tinggal ngeusian. “ Pok Juragan Tarman. “ Tah lamun aya kaperluan nanaon, sabot kuring di Jakarta, tepungan baé ku manéh mitoha kuring.” Juragan Tarman nunjuk ka Aki Uma.

Cép Lukman ngarérét ka Aki Uma, manéhna karak nyaho lamun éta aki-aki téh mitohana Juragan Tarman.

“ Sawah saha baé anu geus dibeulian, Mang?” Tanya Juragan Tarman ka Mang Ohi.
Mang Ohi mikeun catétan ka Juragan Tarman.

“ Hmm… alus atuh…!”

Geleser mobil sédan maju lalaunan. Ngajauhan Cihérang. Les teu katénjo. Hawa beuki panas. Urang Cihérang sibuk ngageberan awakna sorangan ku hihid, teu dibaraju, lukut-lekét ku késang, bari silih delékan jeung tatanggana.

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "CARPON: PACOGREGAN CIHERANG"