Dina taun 1336 M Gajah Mada ngucapkeun hiji sumpah, Amukti Palapa. Geusan ngahijikeun pulo jeung nusa anu aya di sakuliah Nusantara harita. Kawentar pisan éta sumpah, di sakola mah dina buku pangajaran sajarah ti SD mula geus diwanohkeun kana Palapa, nepi ka satelit buatan ogé dingaranna Palapa. Gajah Mada ngalakonan Mati-geni, ceuk manéhna moal waka ngaleupaskeun Mati- geni/ puasa lamun sakuliah wewengkon anu aya di Nusantara acan ngahiji.
Aya dua interprétasi kana ieu sumpah, anu ka hiji, kumaha rongkahna kakawasaan Majapahit harita, rongkah dina harti mangrupa adi kuasa, sikep ékspansifna katénjo dina éta sumpah. Dihijikeun ku kakuatan politis Majapahit harita, aya hiji patékadan anu dihartikeun ku karajaan-karajaan leutik di sakuliah nusantara harita mangrupa ékspansifna Majapahit. Dihijikeun téh lain kusabab murni hayang ngahijikeun Nusantara, tapi aya pamaksudan lain sangkan kakuatan politis Majapahit beuki gedé, rongkah, jeung dipikasérab ku karajaan-karajaan leutik. Meureun, lamun nusantara ngahiji mah, puseur kakawasaan dicekel ku Majapahit, otomatis sumber daya alam jeung poténsi-poténsi anu séjénna bisa asup kana kas karajaan.
Interprétasi anu kadua, mangrupa pamikiran adopsi Gajah Mada. Manéhna hayang ngahijikeun pulo-pulo ,karajaan-karajaan sangkan ngahiji jadi Nusantara. Nusantara mangrupa hiji konsép kakawasaan anu sumebar jeung ngahaja disebarkeun ku Karajaan Majapahit ti abad ka 12 nepi ka abad 16. Konsép Nagara anu pangakhirna sanggeus Nagara Agung ( Puseur kakawasaan, Ibu Kota), Manca Nagara( Karajaan-karajaan leutik anu aya di sabudeureun Majaphit, mangrupa nagara satelit),jeungNuswantara ( Ngahijina kabéh karajaan anu aya di wewengkon Nusantara). Sok sanajan, anu pangheulana mibanda éta konsép kanagaraan téh sabenerna Wangsa Kerta anu ka béh dieunakeun diadopsi ku Majapahit kalawan tokoh séntralna Gajah Mada.
Naha, ku éta sumpah kabéh karajaan anu aya di Nusantara ngahiji? Teu kabéh. Kaasup karajaan anu aya di tatar Sunda. Naon sababna? Ieu lain masalah kakawasaan jeung politik praktis tulén zaman harita. Tapi aya hubunganna jeung konsép karajaan anu dianut harita. Struktur karajaan béda jeung konsép Republik. Raja-raja, utamana raja Sunda teu méré harti lamun niat hadé Majapahit mangrupa ancaman keur wewengkon anu aya di taneuh Parahyangan, tapi ieu mangrupa hiji ékspansi anu dihartikeun lamun kakawasaan- utamana karajaan- ditanjeurkeun ku cara jeung adat séwang-séwangan, teu bisa dihijikeun. Anu utama kudu dilakonan dina kaayaan samodél kitu, lain dihijiekun kalawan artifisial, dipapaksa ku hiji sistim , tapi kumaha adab jeung étika anu dipiboga ku séwang-séwangan karajaan dina ngatik anu jadi rahayat. Wangunan karajaan monarki absolut téh kudu dipraktékkeun.
Nolakna Sunda ka Majapahit lain hartina embung ngahiji, tapi raja Sunda geus maca kahareup, sékésélér, étnik, basa, agama, jeung naon baé anu béda lain kudu dihijikeun kalawan dipapaksa ku hiji konsép kakawasaan tapi dihijikeun ku étika anu hadé, sili hormat antara hiji karajaan jeung karajaan anu séjénna. Anu matak, niat Majapahit keur ngahijikeun Nusantara geus pasti dihartikeun arék ngalakukeun ékspansi, ngaleugaan karajaan, da anu kudu dilakonan mah, ngahijikeun Nusantara lain dibarengan ku ngabudalkeun kabéh éntitas karajaan saperti bala tentara ka wilayah-wilayah anu teu satuju kana konsép Nusantara. Éta mangrupa konsép perang, anu dianggap ku raja-raja séjén seja nyoo gado.
Konsép kakawasaan Nusantara ieu, teu mulus rahayu, da dina waktu éta pisan, Islam mimiti nyebar di Nusantara. Hiji konsép anu dihartikeun ku para gegedén Majapahit mah mangrupa ancaman keur kalungguhan maranéhna. Ajaran Islam anu disebarkeun ku para ulama harita, kacida sistematisna, lain ditanjeurkeun ku perang, pedang, sakumaha Majapahit anu ngabudalkeun sakabéh balad dina nanjeurkeun Konsép Kakawasaan Nusantara, tapi kucara diplomasi anu hadé. Karajaan Demak teu boga tékad keur ngahijikeun Nusantara dina hiji karajaan, Demak ngan saukur puseur kakawasaan, karajaan-karajaan anu séjén dibéré kalaluasaaan keur ngatur pamaréntahanna séwang-séwangan. Teu saeutik karajaan-karajaan anu séjén , utamana para raja jeung pangagungna arasup Islam. Hiji kanyataan historis anu hésé ditarima ku nalar jeung logika, naon sabab? Keur pindah kayakinan tina kayakinan heubeul kana kayakinan anyar téh lain hiji hal anu gampang. Ngaleupaskeun budaya, adat, jeung kayakinan anu geus diwariskeun kalawan ngaliwatan sababaraha generasi mangrupa hal anu kacida hésé lamun teu dibarengan ku sistematika jeung stratégi anu hadé ti para juru dakwah harita dina nyebarkeun ajaran.
Anu ditanjeurkeun ku Demak jeung para ulama harita lain konsép kakawasaan, tapi anu dijadikeun wawacan utama nyaeta étika hubungan, étika sosial, étika basa. Dipakéna basa Melayu salaku basa karajaan, disebarkeun ku para ulama, lamun kabéh wewengkon anu aya di sakuliah Nuswantara kudu boga basa anu dipikaharti ku kabéh jalma. Sistematis pisan kumaha stratégi pangajak anu dilakukeun ku para ulama harita. Malah, para gegedén Majapahit anu geus mandul ku kakawasaan, ngarasa kalindih. Ku sumebarna basa Melayu di wewengkon-wewengkon basisir.
Basa Melayu jadi Lingua Franca, Basa Pasar, basa bisnis, Basa Dagang, jeung Basa Gaul. Sumebarna lain saukur di wewengkon Nusantara Pra Kolonial wungkul, tapi jauh nepi ka Afrika jeung India.
Nepi ka dina mangsa kolonialisasi, digeuing deui sumanget Chauvinis. VOC lain saukur kongsi dagang, tapi mangrupa think-thank anu digunakeun ku Walanda dina ngaruntuhkeun konsép tasammuh, hiji konsép anu méré kamandang lamun harga diri jalma ditangtukeun ku étika jeung pangarti anu dipimilik ku sakuliah jalma. Teu dibédakeun ku ras atawa warna kulit, anu ngabédakeun ngan ukur akhlakna. Turunan raja lamun akhlakna bejad mah teu leuwih mulya dibanding cacah anu hadé basa jeung laku-lampah. VOC ngageuing deui sumanget chauvinisme, jalma dibédakeun antara cacah jeung ménak,étikaririungan diganti ku étika antara anu kudu nyembah jeung disembah. Konsép kakawasaan digunakeun deui ku Walanda keur ngamulus rahayukeun tujuan utamana, ngeruk kabéh poténsi alam anu aya di Nusantara.
Konsép Majapahit digeuning deui, romantisme dijadikeun rarancang, diguar deui kumaha ngeunahna hirup dina zaman Majapahit, konsép anu geus diwariskeun ku Majapahit anu tilem ti saprak sumebarna Islam kudu dijadikeun deui rarancang kahirupan. Diagul-agulkeun anu ngaranna aukflarung mah ngawujud dina zaman Majapahit. Padahal, lamun nénjo kana réliéf-réliéf di sababaraha Candi, zaman Majapahit mangrupa hiji zaman dimana harga diri awéwé- salah sahiji éntitas warga nagara- teu dianggap.
Sumanget chauvinis anu kageuing deui, mawa sababaraha jalma anu mémang asalna mangrupa teureuh Majaphit, sangkan ngayakeun hiji tarékah. Basa Jawi anu sakuduna dijadikeun basa Gaul mah. lain dina hal éta wungkul, kaasup kakawasaan kudu nyekel pageuh deui kana konsép Nusantara a laMajapahit. Walanda ngagunakeun jalur dagang, padahal di sagigireun éta, aya niat politis anu kacida gedéna. Arék méré warna kapitalisme ka sakuliah wewengkon Nusantara, konsép monopoli jeung kasarakahan anu diaku jeung disumputkeun dina eufimisme “Bisnis Dagang”, anu sabenerna mah kolonialisasi.
Ulama-ulama Islam ngaladénan sikep anu dilakukeun ku Walanda. Haji Samanhudi anu jadi vokal utamana. Syarekat Dagang Islam diadegkeun. Tujuanna keur ngahijikeun para padagang anu aya di sakuliah Nusantara sangkan boga kakuatan bisnis. Sumber daya alam sangkan teu dikawasa ku hiji golongan, anu mémang lain asli pribumi. Usaha Haji Samanhudi ieu éféktif, sanajan ku para sajarawan modérn ieu téh dihartikeun cikal bakal bijilna partai-partai di Nusantara, tapi niat utama SDI lain saukur éta, teu boga niat nanjeurkeun politik praktis, éstuning murni keur ngahijikeun para padagang, saudagar di Nusantara harita.
Walanda, kalawan konsép kakawasaan mirusa éntitas anu aya di Nusantara, Boedi Oetomo dijadikeun gorobak politik, digedé-gedékeun padahal mangrupa organisasi lokal, organisasi daérah – bisa jadi organisasi rasial da heunteu narima anggota lamun lain teureuh ménak jeung urang Jaw amah- anu dieusi ku para gegedén théosofi Jawa. Urang sok slah kaprah, urang boga sangka lamun Boedi Oetomo mangrupa titik azimuth nanjeurna hiji réformasi nasional. Di sebut-sebut salaku Hari Kebangkitan Nasional, hiji cacad sajarah anu nepi ka ayeuna masih diagem ku urang.
Nusantara Ki Hajar Dewantara
Dina taun 1920, Ki Hajar Dewantara ngawakcakeun deui konsép kakawasaan Nusantara. Konsép romantis anu pernah disumpahkeun ku Gajah Mada. Wewengkon Nusantara kudu ngahiji dina hiji kakawasaan. Kakawasaan anu sajati. Naha hasil? Sakali deui, wewengkon anu dieusi ku rupa-rupa ras jeung séké-sélér moal bisa dihijikeun ku konsép kakawasaan. Buktina, ngahijina téh dina taun 1928, ku didéklarasikeunna Sumpah Pemuda. Anu diangkat lain hal anu aya hubunganna jeung kakawasaan, tapi… basa, bangsa, jeung lemah cai.
Kuring boga pikiran, ngahijikeun jalma anu dibédakeun ku wewengkon, budaya, adat, basa, jeungséké-sélér teu cukup ku ditanjeurkeunna konsép kakawasaan. Mémang bener, kakawasaan sakumaha ceuk Immanuel Kant, bisa maksa ka warga nagara, tapi.. di sagigireun éta, ngahijina warga nagara teu saukur ku dipapaksa ku hiji sistim, malahan ieu mangrupa BOM Waktu anu bisa ngabeledug iraha baé. Tong jauh-jauh, Ayana GAM ( Gerakan Aceh Merdeka), OPM ( Org Papua Merdeka) , RMS ( Republik Maluku Sarani) , jeung konflik horizontal di masyarakat kusabab béda agama, béda basa, béda budaya kaalaman ku nagara urang alatan teu bisana ditanjeurkeun étika gaul, étika adat, ku pamaréntah tangtuna.
Dina hiji manga, lamun mah Bom Waktu ieu aya anu mencet knofna, ku cara ngageuing deui sumangetChauvinisme, Clash of Civilization anu diramal ku Huntington téh bakal ngawujud dina konflik horizontal ti éntitas masyarakat anu leuwih handap, lain Barat jeung Islam, tapi… lembur A jeung lembur B. Geus tangtu, ieu mangrupa hiji hal anu teu dipiharep. Wallaahu ‘alaam.
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "OPINI SUNDA: NUSWANTARA"