Kampung Cihérang can bisa disebut kampung modérn. Sok sanajan geus aya hiji-dua jalma anu boga jeung bisa ngoprék komputer jeung HP, tapi lolobana masih teu arapaleun kana éta dua barang. Hal ieu dilantarankeun, Cihérang téh jarang kasorang ku jalma-jalma da jauh ka karaméan. Pernah éta ogé kadatangan ku Bupati, nalika mantenna badé nyalonkeun jadi Bupati, saméméh jeneng jadi bupati. Éta ogé geus aya kana opat taunna.
Jalan gedé anu meulah kampung Cihérang geus teu payus deui disebut jalan. Diaspal kira-kira taun 1984, waktu ka éta kampung kadatangan ménak ti Jakarta, ceunah mah ditugaskeun ku Presidén keur nyurvéy kayaan di éta kampung. Anu diusulkeun ku urang Cihérang lain ngan ngaspal jalan wungkul harita téh, ogé ménta dipangnyieunkeun lapang voli, ping pong, jeung badminton. Dicumpunan ku éta ménak, da harita mah punta-pénta ka ménak téh teu siga zaman ayeuna anu kudu maké proposal, prosedur, jeung réa-réana, anu moal matak kaharti ku ukuran urang kampung. Jalan gedé téh geus ruksak pisan.
Karasa ruksakna téh lain saukur dina usum ngijih wungkul. Dina usum katiga ogé, matak saregseg panon, estu teu pikabétaheun anu nénjo. Kuwu Jumena pernah ngajak ka urang Cihérang, kudu swadaya ceunah, keur ngomékeun éta jalan. Maklum urang Kampung, teu kudu dititah sapuluh kali, breng atuh kabéh urang lembur, awéwé lalaki, kolot budak, napuk ngomékeun éta jalan. Jalan anu karohok disaeuran ku taneuh beureum, ku barangkal, jeung ku keusik meunang ngala di susukan Gedé. Hanjakal karasana ngan saharitaeun, kaguyur ku hujan gedé ogé ruksak deui. Anu puguh mah dina usum hujan jalan jadi mingkin rujit jeung cakueum.
Karasa ruksakna téh lain saukur dina usum ngijih wungkul. Dina usum katiga ogé, matak saregseg panon, estu teu pikabétaheun anu nénjo. Kuwu Jumena pernah ngajak ka urang Cihérang, kudu swadaya ceunah, keur ngomékeun éta jalan. Maklum urang Kampung, teu kudu dititah sapuluh kali, breng atuh kabéh urang lembur, awéwé lalaki, kolot budak, napuk ngomékeun éta jalan. Jalan anu karohok disaeuran ku taneuh beureum, ku barangkal, jeung ku keusik meunang ngala di susukan Gedé. Hanjakal karasana ngan saharitaeun, kaguyur ku hujan gedé ogé ruksak deui. Anu puguh mah dina usum hujan jalan jadi mingkin rujit jeung cakueum.
Lain ngan saukur jalan anu jadi masalah. Basa dua taun katukang wewengkon Sunda dieundeur lini, aya puluhan imah ruksak, nepika danget ayeuna can kaomékeun komo diomékeun ku anu bogana mah. Tong boro keur ngomékeun imah, keur dahar sapopoé ogé karasa seuseut ku kiwari mah. Imah Ceu Empit jeung Cép Lukman anu ruksak pisan mah. Matak paur, kabéh ogé bati ngarahuh, sieun pangeusi éta imah katinggang jeung katindihan ku suhunan imah anu geus nyangéyéng siga aki-aki anu leumpangna rarampéolan.
Kuwu Jumena keur padungdengan ngawangkong jeung sababaraha urang anu dianggap tokoh masyarakat Kampung Cihérang.
“ Kumaha atuh lamun urang udunan waé, meuli aspal, jeung meuli bahan-bahan keur ngoméan sababaraha imah anu ruksak kaeundeur lini ?” Ceuk Kuwu Jumena. Kopéah nyéngcle , semu déngdék, maké baju safari Gading, kacamata handapeun panon.
“ Kira-kira sabaraha waragadna tah pa Kuwu?” Mang Apud, ketua érwé Cihérang nanya. Najan geus kolot, jeneng jadi érwé ti taun 40-an, manéhna mah masih sumanget kana kagiatan di masyarakat.
“ Nya, urang itung heula wé. Da teu bisa ditebak-tebak atuh.” Kuwu Jumena ngajawab.
“ Naha nya, ari ka kampung-kampung anu sejen mah mani loba pisan bantuan. Ceuk si Padma babaturan urang anu cicingna di Kampung Cimolonyon, da di ditu mah keur nyieun jalan-jalan baé mah tara hésé. Aya bantuan ti pamaréntah, aya dana aspirasi téa lah, aya PNPM Mandiri Perdesaan ceunah.” Si Kemed ngomong bari cacamuilan ngadahar lantak cau. “ Kungsi kuring ulin ka kampung Cimolonyon, eumm… jalan geus alus, gang geus ditémbok, tempat miceun ogé geus aralus.”
“ Nyaéta, atuh ari kitu mah pamaréntah téh pulah-pilih meureun.” Kang Kurdi maéran.
“ Ari implengan kuring mah, ieu téh kulantaran kampung Cihérang wé anu jauh ka karaméan, geus tangtu ménak anu di laluhur ogé waregaheun nganjang ka ieu lembur.”
“ Ah, tong boro ménak anu di Luhur, cacakan camat jeung bupati sorangan geus kana opat taunna teu kadieu-dieu deui.” Mang Ohi milu ngomong.
“ Tong poho, sataun ka tukang, érwé Apud ngieun kasalahan tah!” Si Kemed mencrong ka érwé Apud. Érwé apud molotot disebut pernah nyieun kasalahan téh.
“ Salah naon déwék?” Polotot érwé Apud, panon anu boloto téh asa mingkin boloto.
“ Sataun ka tukang pernah aya jalma, ngakuna mah fasilitator PNPM Mandiri Perdesaan, manéhna rék sosialisasi program, naha atuh ku érwé Apud kalah diusir malah maké dibeberik sagala bari ngamang-ngamang bedog?”
“ Ah, da ceuk pikir téh éta mah rentenir anu rék nginjeum-nginjeumkeun duit!” érwé Apud nyieun alesan.
“ Tuh nya dasar érwé geus kolot. Kieu ari boga érwé geus kolot téh, tara daék dibawa dami. Cacakan lamun dami heula mah jeung masyarakat, geus tangtu Kampung Urang bakal meunang bantuan ti PNPM Mandiri Perdesaan. Kuring mah nyaho sotéh, pedah wé fasilitator anu diudag-udag ku érwé Apud nyumput pipireun imah pisan. Bari hah heh hoh jeung boborot ku kesang téh katénjo mani ngeleper..!”
Kabéh anu aya di dinya mencrong ka érwé Apud. Anu dipencrong anteng ngenyot roko daun kawung.
“ Leres éta téh, pa érwé?” Kuwu Jumena nanya ka érwé Apud.
“ Geus teu kudu dicaritakeun deui, éta mah kajadian baheula..!” érwé Apud morongos.
“ Teu bisa kitu, atuh… ieu mah aya pakuat-pakaitna jeung tarékah ogé tindak-tanduk érwé Apud salila jeneng jadi ketua érwé. “ Si Kemed mani kalem. “ sabulan katukang ogé, derrrr érwé Apud mah nyieun jadwal Ronda sosoranganan, teu ngajak dami, ceu Koyah, Ma Uju, Amih Icoh nanahaonan maké diabuskeun kana jadwal Ronda geura? Pernah apan ku kuring dibéjaan, lamun geus teu sangggup deui jadi érwé geus wé turun, didemo ku masyarakat kalah boga sangka rék ngajak lalajo bareng Persib maén bal ceunah. Érwé Apud ..oh érwé Apud!”
Kabéh anu aya di dinya gagaro teu ateul ngadéngé omongan si Kemed kawas kitu téh. Anu diomongkeun ah anteng baé ngenyot daun kawung.
“ Atos atuh. Ayeuna mah urang balik deui kana anu tadi ku kuring dicaturkeun. Kumaha lamun urang udunan baé keur ngomékeun jalan jeung imah anu ruksak téh?”
“ Satuju..” Mang Ohi pangheulana nyatujuan.
Anu lain bati unggut-unggutan.
“ Sok atuh ulis geura itung kira-kira sabaraha tah waragad keur ngomékeun jalan jeung imah téh?” Kuwu Jumena ngarérét ka Ulis Mamad.
Ulis Mamad, juru tulis désa tap kana pulpén, getrut nulis jeung milang. Tapis pisan, jiga geus pangalaman.
“ Kirang langkung tilu puluh yutaeun, pa?” ceuk Ulis Mamad.
“ lamun kitu mah meureun, sa-KK kudu udunan kana saratus rébu séwang!”
“ Kira-kira bakal daékeun moal nya masyarakat udunan saratus rébu séwang. Da ceuk pikir kuring mah rada seuseut ogé ku zaman ayeuna mah. Komo dipénta udunan anu sakitu gedéna.”
“ Nya urang cobaan heula wé atuh..!”
Sabot keur uplek ngobrol di balé désa. Torojol Hansip Ika jeung Hansip Adut datang. Calana bobolokot ku leutak.
“ Kunaon sia téh Ika, kalah ngadon ngagaru !?” Mang Ohi nelek-nelek.
“ Puguh, labuh di jalan. Ti solédat, leueur, ban motor geus lenang pisan!”
“ Motorna teu kunanaon?” Kuwu Jumena nanya.
“ Ngan saukur miley stangna.!”
“ Nya sukur atuh. Omékeun motor téh ka si Nana. Gajih manéh dipotong keur ngomékeun éta motor!”
“ Naha maké nyandak tina gaji abdi, pa Kuwu?”
“ Heueuh apan anu ngalabuhkeunna ogé sia jeung si Adut. Da lamun anu numpak motorna déwék mah meureun déwék anu katempuhan!” si Kemed milu ngomong.
“ Jalanna butut. Omékeun!!!” ceuk Hansip Ika bari ngaléos. Keuheul.
Torojol deui aya anu datang. Aki Kowi jeung Incuna Jang Oom. Aki Kowi bajuna baseuh, dudukuy ogé sarua baseuh.
“ Aya naon deuiiii?” Kuwu Jumena olohok.
“ Numawi abdi badé laporan, pa Kuwu!” ceuk Jang Oom.
“ Naon?”
“ Ieu pun éyang geubis dina pamiceunan. Kumargi pamiceunan téh tos awon.”
“ Runtuh pamiceunanna?”
“ Muhun, pun éyang nuju miceun, ari dorokdok téh pamiceunah runtuh. Atuh ieu pun éyang ogé pipilueun tigebrus ka kulah pamiceunan.”
“ Heuheuy… tapi kaluar pan étana mah?” si Kemed seuri konéng.
“ Kaluar, Kang!”
“ Nya Sukur atuh. Bagya pisan éta anu dipiceun ku Aki Kowi, mani kudu dianterkeun sagala ka kulah pamiceunan ku anu bogana.” Si Kemed seuri deui.
“ Jempé sia téh Kemed!” Kang Kurdi molotot ka si Kemed.
“ Atuh tong calik di dinya, Aki. “ Kuwu Jumena rada molotot ogé ka Aki Kowi. “ Ulis catet ku nyanéh. Duh rupa-rupa ieu masalah di Cihérang.
Hasil riungan disatujuan, anu jadi pimpinan dina nagihan udunan nyaéta Kuwu sorangan, sekrétarisna Ulin Mamad, jeung Bendaharana Mang Ohi. Érwé Apud kabagéan séksi penagihan.
###
“ Haaahh, kudu udunan saratus rébu séwang?” ceuk Mang Ujang.
Di warung Mang Ujang aya si Kemed, Kang Uki, jeung Cép Lukman. Wanci sareureuh budak harita téh. Tas hujan badag, kopi panas sagelas séwang.
“ Meureun kuring kudu ngajual 50 enog éntog keur udunan ngomékeun jalan jeung imah téh!” Cép Lukman ngomong.
“ Panén cacim saminggu deui kuring mah!” Kang Uki pipilueun ngomong.
“ Mahal teuing atuh sakitu mah. Duit saratus rébu lamun dibeulikeun kana kopi bisa jadi saratus gelaseun!” Mang Ujang ngomong deui.
“ Ah da ieu mah hasil riungan. Malah geus disatujuan ku kabéh tokoh masyarakat.” Ceuk si Kemed kalem.
“ Kurang panuju déwék mah. Mahal teuing!” ceuk Cép Lukman.
“ Tong itungan kitu manéh. Da ieu mah keur kamaslahatan balaréa.”
“ Atuh da mahal teuing. Moal enya déwék kudu maksa éntog sangkan ngaheujeun endogan?” cép Lukman Morongos.
“ Heuheu… sok tah kitu wé, paksa sangkan hiji éntog bisa ngendog kana sapuluhna!”
“ Pokonan déwék mah teu panuju!” cép Lukman keukeuh.
“ Heuheu… salah sahiji hasil riungan téh nyaéta rék ngoméan imah anu ruksak alatan dieundeur lini sababaraha taun ka tukang.”
“ Imah saha anu rék dioméan téh. Pan loba anu ruksakna ogé.” Cép Lukman panasaran.
“ Imah siaaaaa!!!” Si Kemed nyelewegkeun gehu.
“ Oh…” cép Lukman ngusap gado. “ Bener-bener bijaksana éta hasil riungan. Pokona déwék mah panuju kana hasil riungan. Panuju pisan… bener… ieu mah kudu dirojong pisan ku sakabéh masyarakat Cihérang. Saha jalmana anu teu hayang boga jalan alus deui. Kitu nya?”
“ Siaaaaaa!” ceuk si Kemed bari ngahuapekun deui Gehu.
Mang Ujang jeung Kang Uki ngan bisa jaramotrot.
###
Ku Haji Sukri pimpinan Pondok Pasantren Al-Magribun, hasil riungan di bale désa diumumkeun di masigit dina poé jumaah. Kabéh satuju sok sanajan bari kukulutus. Dina khutbah jumaah, Haji Sukri macakeun dalil-dalil anu aya hubunganna jeung sidkoh, jariah, jeung silih tulungan ka papada manusa.
Atuh bérés jumaah, réngréngan panitia anu diluluguan ku érwé Apud langsung nguriling ka imah-imah, seja nagihan. Érwé Apud dibarengan ku si Kemed jeung érté Kohar.
“ Abdi mau mung tiasa ku paré satengah kuintal.”
“ Abdi mah mung tiasa ku hayam adu..”
“ Abdi mah énjing baé, apan teu acan panén bonténgna ogé, pa érwé!”
Nepika ashar, bérés nagihan, réngréngan panitia geus angkaribung. Sagala dipanggul jeung dijinjing. Lamun diduitkeun aya kana sapuluh jutana.
“ Tah ieu urang duitkeun heula. Lamun geus diduitkeun, bikeun ka Mang Ohi. Kumpulkeun kudu nepi kana tilu puluh juta!”
“ Mangga pa Kuwu. Eh, ari érwé Apud udunan moal?” ceuk si Kemed.
“ Nya heueuh atuh.”
“ Mana atuh?”
“ Déwék nginjeum heula duit. “
“ Ka saha..?”
“ Nya Ka panitia atuh seblu!” Ceuk érwé Apud. “ Bodo sia mah jadi Panitia téh. Dieu geura, tah déwék nyokot heula saratus rébu!” érwé Apud nyokot duit luhureun méja saratus rébu. “ Tah ieu dibayarkeun ka panitia lima puluh rébu heula. Ieu anu lima puluh rébu deui diinjeum ku déwék keur meuli daun kawung. Jadi déwék boga hutang ka panitia saratus rébu. Catet ku manéh , Ulis!” érwé Apud ngabuskeun duit lima puluh rébu kana kopéahna.
“ Heuheuy…!” si Kemed seuri. “ Pa Kuwu badé udunan?”
“ ah, can boga kuring mah. Apan apal meureun kuwu mah loba pangabutuhna. Ngan lamun teu kabeuratan mah kuring ogé rék nginjeum heula wé ka Panitia moal gedé-gedé ngan lima ratus rébu.Tah anu saratus rébu udunan kuirng, ieu dicokot opat ratus rébu, Catet nya Ulis, kadé bisi kalibur!”
“ Pa Ulis Mamad kumaha, badé udunan?”
“ Nya samikeun wé atuh sareng, érwé Apud.” Pokna téh bari kékélémésan. “ Dicatet da ku abdi di dieu!” Pokna deui bari ngabuskeun duit lima puluh rébu kana saku calana.
“ Ari sia, Ohi?”
“ Atuh galibkeun baé jeung batur. Sok catet ku Ulis!”
“ Ari Bati Déblo jeung Gegetuk dikamanakeun?”
“ Béda deui sia, éta mah bisnis!!!”
“ Heuheu… atuh ari kitu mah déwék ogé sarua, rék nginjeum heula wé ah ka panitia!” ceuk si Kemed.
###
Geus sabulan lilana, ti saprak masyarakat ditagihan udunan ku panitia. Ngomékeun jalan jeung imah can dilaksanakeun kénéh. Loba anu curiga, boa-boa duit udunan téh dikorupsi ku panitia. Cihérang genjleng, di sawah, warung, jeung péngkolan ngomongkeun teu eucregna panitia.
Mang Ohi tara katénjo da ceuk pangakuan Ceu Eha, sibuk ceunah di pasar loba pesenan deblo jeung gegetuk. Érwé Apud teuing ka mana, ceuk pangakuan pamajikanna keur jarah ka Cirebon. Si Kemed tara katénjo. Anu aya ngan Kuwu Jumena jeung Ulis Mamad di bale désa.
“ Sabaraha hutang uing, Ulis?”
“ Kana sapuluh jutana, pa!”
“ Nya, tah dibayar satengahna heula, ieu ogé ladang ngajual sawah béngkok. Tong loba carita ka sasaha. Ieu jang manéh, dua juta…!”
Ulis Mamad teu sirikna acong-acongan bari nampa duit téh.
“ Atuh ku abdi badé ditawurkeun wé kana sametan ka panitia.”
“ Heug atuh ari kitu onaman. Cikan kuring ningali, saha-saha waé anu boga hutang ka Panitia téh!?”
Ulis Mamad mikeun catetanna ka Kuwu Jumena.
“ Eumm… geuning, si Kemed hutang sajuta satengah, si Ohi hutang opat juta, duh ieu érwé Apud geuning nepika hutang dua belas juta. “ Kuwu Jumena Kerung. “ Beu… ieu mah picilakaeun wungkul, lain Panitia wungkul geuning anu boga hutang téh. Ieu saha Ulis? Kang Badru??”
“ Leres , pa Kuwu… kang Badru tuang raka pa Kuwu nyalira!”
“ Keur naon ceunah nginjeum duit nepika lima yuta ka panitia?”
“ Duka, da abdi mah nampi wartos sareng kuitansi wéh ti Mang Ohi.”
“ eu.. eu… eu…. Jadi sésa duit balas diinjeuman téh ngan kari lima juta nya?”
“ Leres panginten, da éta apan aya catetanna dina Buku Kasna , pa!”
Kuwu Jumena neges-neges.
“ Har, naha dina pangaluaran téh lolobana mah dipaké konsumsi jeung transportasi. Panitia nombok dua puluh lima juta meureun nya, Lis?”
“ Kitu rupina mah, Pa!”
Kuwu Jumena ngahuleung. Kumaha balukarna lamun masyarakat nyahoeun. Mangkaning éta ogé geus kadéngé hawar-hawar ti masyarakat anu nanyakeun kumaha jujutanna ngoméan jalan jeung imah anu nepika danget ieu acan dilaksanakeun kénéh.
###
Dina hiji peuting, ka imah Kuwu Jumena datang si Jejen, hiji pamuda anu pernah nyalonkeun jadi Anggota DPRD ngan teu kapilih ku masyarakat. Manéhna katelah jalma tukang ngaréwong kana tindak-tanduk pamaréntah salila ieu.
“ Pa Kuwu, tong ringrang.” Ceuk si Jejen. “ Kuring moal ngabocorkeun kaayaan anu karandapan ku Panitia salila ieu.”
“ Nya nuhun atuh, Jen!” Kuwu Jumena alum pisan.
“ Kuring bisa nulungan. Kuring rék nginjeumkeun duit nu gedéna tilu puluh juta.”
Kuwu Jumena teu bisa kukumaha.
“ Ngoméan jalan jeung imah isukan bisa dimimitian.” Pok si Jejen deui.
“ Nya atuh ari kitu onaman.”
“ Pa Kuwu ogé ngarti meureun. “
“ Nya, kuring ngarti. Panitia geus teu bisa diandelkeun deui, da.”
“ Sok atuh tawis di dieu. Kuring geus mawa da duit mah!” Ceuk Si Jejen bari ngaluarkeun kuitansi anu geus ditapelan ku materai. Dina tasna ngaluarkeun ogé duit anu masih kénéh digepokan.
Getrut Kuwu Jumena nanda tangan dina kuitansi. Manehna nampa duit anu gedena tilu puluh juta ti si Jejen.
“ Sok isukan mah mimitian, oméan jalan. Tong poho dua bulan ka hareup, hutang ka kuring kudu geus dilunasan. Tangtuna sakalian jeung leuwihna.”
Kuwu Jumena ngan saukur bisa unggek. Si Jejen seuri leutik.
###
Isukna, masyarakat Cihérang ramé ngamimitian ngoméan jalan, gawé rancagé. Aspal, keusik, jeung koral dibeuli. Sawaréhna ngala di Susukan Gedé. Katénjona kompak pisan, malah maké dibarengan ku ngalagu sagala. Érwé Apud ngan bisa noong tina kaca jandela teu wani kaluar, keur gering ceunah balas ziarah dua minggu ka Cirebon. Mang Ohi ditéang ka imahna ku Kuwu Jumena geus teu nyampak, ceuk ceu Eha mah ti isuk ogé geus ka pasar, jaga Toko Déblo jeung gegetuk, keur loba pesesan ti langganan. Ulis Mamad nyampak keur ngakutan batu. Si Kemed ogé milu kerja bhakti ngan teu pati soson-soson, kukulapésan.
Kuwu Jumena diuk dina bangku, di payungan ku hansip Ika jeung Adut. Ngarasa reueus ningali kumaha kompakna masyarakat Cihérang sok sanajan rarayna teu bias nyumputkeun rasa kuciwa jeung cakueum.
“ Londokk!!!” Ceuk ti Beulah kidul.
Rob jalma-jalma ka Beulah kidul.
“ Kana tumpukan batu jigana nyumputna!” Ceuk salah saurang anu aya di dinya bari tutunjuk.
Urang Cihérang ngepung londok anu abus kana tumpukan batu. Tumpukan batu diuangkab-ungkab, keukeuh londok teu ka panggih.
“ Nurus tunjung tah londok téh, linghas, sidik da tadi mah lumpatna ka dieu!”
“ Yu ah digarawé deui. Bisi kaburu lohor. Sok lus-les ati geus lohor téh tara daratang deui.”
Urang Cihérang nuluykeun deui ngoméan jalan.
“ P p pa kuuwwu………..!” Ceuk Hansip Ika balélol bari nunjuk kana sirah Kuwu Jumena.
“ Aya naon Ika?”
“ Cicing pak Kuwu, ulah gerak!”
Hansip Ika ngokot paneunggeul. Teu antaparah deui, habeuk sirah pa Kuwu diteunggeul ku Hansip Ika.
“ Aduh, na ari siaaaaaa… hansip terkutuk!!!!!” Ceuk Kuwu Jumena bari nyekel sirahna.
Gepluk bangké Londok murag hareupeun kuwu Jumena.
“ Tuh nya pa Kuwu!” Ceuk hansip Ika bari ngiwir-ngiwir bangké londok.
Kuwu Jumena jamedud bari ngusapan sirahna anu masih karasa nyeri.
Jalan Cihérang geus alus. Imah Cép Lukman anu ruksak dieundeur lini ogé geus dioméan. Masyarakat ngarasa bangga da geus boga jalan anyar.
Tirilik…tirilik hapé Kuwu Jumena disada. Aya SMS abus.
“ Engké peuting kuring rék nyokot duit sakumaha anu geus dijangjikeun. Diantos waé nya, Pa Kuwu!”Kitu eusi eta SMS.
Kuwu Jumena ngadégdég waktu rék nanda tangan surat jual beuli taneuh béngkok. Getrut éta surat ditanda tangan. Taneuh béngkok anu kari lima kotak téh dijual deui ku Kuwu Jumena ka si Hong Liang. Hansip Ika, Adut, jeung Ulis Mamad jadi saksina.
Ba’da Lohor, Kampung Cihérang mani tiiseun.
KANG WARSA
Kampung Ciherang teh asli aya dikieuna? dimana eta teh?
BalasHapusAya asli... dina Sukabumi Discovery hahaha
BalasHapusNaha geuning mahal endog entog teh, mani 2rb an... trus rek iraha panen endog entog loba ai entogna kur 5 siki mah... heuheu
BalasHapus