Pawai di Acara Maulud |
Muludan taun 84 we, mimiti kuring wawuh jeung anu ngaranna lamun anu kieu “A” teh disebutna hurup “A”, estuning muludan anu bener-bener disebut muludanna teh. Masigit gede teh euyeub ku kolot budak. Ba’da maghrib geus minuhan masigit, didadamping, dikampret ( harita mah can usum anu ngaranna baju taqwa/koko), peci hideung diparake, jeung dina zaman harita mah sok ngarasa belegug lamun mamake peci/ kopeah warna bodas, sok pada nyebutan Haji Sinduk atawa Haji Kahfi. Beja jeung ayeuna, kopeah bodas teh geus galib dijual di emper toko, diparake ku kolot budak.
Awewe marawa sarupaning kadaharan, dipasrahkeun ka marbot masigit. Teu aneh, kueh anu dika masigitkeun teh biasana mangrupa kadaharan urang kampung; cau sasikat sewang, jalabria, ongol, gegetuk, ketan, ancemon, jeung rea-reana deui. Hal anu penting, tara ieuh silih ledek jeung papanas-panas, komo ngadu rahul ngeunaan kadaharan naon anu dibawa, estuning saayana bae.
Pangajian mah pangajian we, tara sagala aya istilah protokoler, sambutan, jeung hal-hal anu aya patula-patalina jeung prosedural, komo make sagala diabsen mah. Anu jadi kyai nangtung dina paimbaran, terus uluk salam, biantara jeung ngumumkeun lamun muludan dina peuting eta teh bisa ngawujud ku aplukah jeung pangrojongna urang kampung sarerea. Tara aya sambutan ti kuwu atawa aparat desa, da kabeh boga wilayah sewang-sewangan.
Ngan dina palebah anu ngaji, biasana salian dieusi ku kyai kampung, oge sok ngondang kyai luar kampung, paling jauh ngondang Kyai ti Pasantren Cikukulu, Kyai Acun Basuni ngaranna teh. Kyai kampung sok ulubiung rancage, Kasepuhan ti Masjid Al Mizan, nyaeta Mualim Utsman, ti Masjid Legok nyaeta Mualim Fahrurozi anu sok dilandih Mang Faung, atuh ti Masjid Ad-Da;wah nyaeta Mualim Zaenal Abidin anu sok dilandih Mualim Idin, ti Masjid At-thohiriyyah nyaeta Mualim Oleh jeung Abah Mandor Ja’i. Kabeh mere papagah anu aya patula-patalina jeung diisro mi’rajkeunna Rasulullah.
Babakuna mah, dina sajeroning muludan teh, anu seubeuh-seubeuh, anu sare-sare, anu nundutan-nundutan. Barudak tara baralik ka imah, sok ngaradon sare dimasigit, hudang subuh langsung ngaji di masigit.
Isukna, barudak saentragan jeung urang kampung ngobrolkeun kumaha ramena muludan peuting tadi. Naon-naon anu dida’wahkeun ku para mualim diobrolkeun deui, geus tangtu dina palebah heureuyna mah.
Ayeuna geus tangtu lain baheula. Zaman geus beda. Ceuk si Agus mah lain dulu lain sekarang. Kuring sok nitenan, muludan zaman ayeuna teu sarua jeung muludan baheula. Memang ari judulna mah sarua, ngan skenario jeung eusi caritana beda.
Sakumaha anu ku kuring disebutkeun di luhur ampir teu kaalaman ku barudak zaman ayeuna. Muludan teh estuning muludan we. Komo dina lebah anu da’wah mah, sok hayang ngadatangkeun Kyai Jauh anu waragadna beda jeung kyai Kampung.
Moal manggihan deuih dina muludan kontemporer mah aya jalabria, ketan, gegetuk, leupeut. Da asa geus jarang anu barang bawa kadaharan, ceunah mah cukup ku duitna bae.
Dina lebah kakompakan, ayeuna mah kyai kampung geus sewang-sewangan ngayakeun muludan di masigitna. Geus tara silih anjangan, silih longok ka masigit anu lain. Dina taun 2004 bae kuring ngarasa ngagebeg nalika aya hiji jalma anu ngomong hayang misah ceunah Sholat Ied teh, da puguh ayeuna mah di Balandongan teh geus aya Jalan Gede anu ngaranna Jalur Lingkar Selatan tea. Urang Balandongan Kaler jeung wetan sholat ied teh di Jalur, atuh urang Balandongan Kidul mah di lapang madrasah.
Padahal memeh taun 2004 mah sholat ied sakampung kompak di lapang Madrasah.
Anu jadi cukang lantaranna, ceunah mah; 1. Manusa ngalobaan, 2. Syiar Islam kudu dipintonkeun di Jalur, 3. Lapang ngaleutikan da geus diwangun gedong sakola.
Padahal, sanggeus sholat ied misah, urang kampung geus poho lamun baheula maranehna kungsi kompak, ngahiji. Ayeuna? Geus sewang-sewangan. Ceuk pikir kuring, jalma anu ngajak-ngajak sangkan sholat ied misah euweuh bedana jeung manusa anu hayang meupeuskeun urang kampung sangkan hirup dina patembayan, paburincai.
Lamun geus kieu? Jigana hese rek ngahijikeun deui, da geuning antara anu sholat di Jalur jeung di Lapang teh ayeuna mah geus boga dalil jeung dalih sewang-sewangan.
Dosa silaing ka karuhun…. Lamun karuhun geus ngambek? Tinggal nungguan iraha waktu anu tangtu keur ngerekeb silaing…
Nu aya jeung ngari, ayeuna ngan waasna wungkul…
KANG WARSA-----
Posting Komentar untuk "MULUDAN BAHEULA JEUNG MULUDAN AYEUNA"