Salah saurang babaturan ngomong dina facebook, sanajan manéhna keur aya di nagara deungeun, tapi méntal jeung jiwana mah cenah paheut ka lembur matuh banjar karang pamidangan, lemah cai. Ceuk manéhna kieu; “ Maca dina sababaraha surat kabar anu aya di Indonésia, asa dipinuhan ku iber-iber anu matak ngaringrangkeun balaréa. Géng motor jeung kasus pédofilia sababaraha bulan ka tukang.”
Henteu karasa, kuring jeung manéhna ngobrol ti tengah peuting nepi ka wanci janari leutik, meujeuhna sahur. Cindekna, lobana kanyataan hirup anu patukang tonggong jeung naon anu dipiharep teu leupas tina pangaruh sababaraha hal. Hal anu penting, kusabab ranah anu keur diwangkongkeun téh masalah budaya, salila ieu urang geus leungit sumanget ngarawat ingetan jeung ngajaga waktu anu geus kaalaman.
Urang leuwih mokuskeun kana kanyataan hirup ayeuna, naon anu disebut kamajuan jaman, bari ngagerus anu geus salila-lila dirawat jeung dijaga ku kolot-kolot urang. Ayana géng motor teu leupas dina beuki mahabu jeung gampangna motor dipaké ku rumaja anu can waktuna tumpak motor. Leuwih jauh, régulasi jeung kawijakan pamaréntah kurang ditanjeurkeun atawa diimpléméntasikeun dina kahirupan. Barudak anu karék nincak umur welasan taun malah masih diuk di bangsa SD geus buar-biur tumpak motor bari kubat-kebut.
Kamandang lolobana rumaja di urang kana hal-hal anu sakuduna dirawat jeung dijaga - umpamana kana budaya sorangan - boga anggapan mangrupa budaya kolot, kadieunakeun boga sangka teu loyog jeung makajuan jaman. Nalika budak kénéh mah, tiap bérés pangajian di masigit jamé, ku anu ngaranna guru ngaji, barudak sok dilatih heula maén po atawa silat. Jadi hiji kawajiban. Lamun aya budak anu teu bisa jurus ngodok bako- ngodok bako acan bisa wirang jeung éra paradah. Saminggu sakali , dina Saptu peuting ngahaja anu jadi guru silat ngadatangkeun rombongan ti paguron séjén, seja ngadu jajatén. Dina silat anu mokuskeun kana kembangna, salian kudu apal kana jurus-jurus, ogé kudu kuat kokod jeung bincurang.
Atuh kajaba ti apal jurus silat, keur ngamumulé budaya jeung seni-na, guru ngaji atawa guru silat dina waktu-waktu anu tangtu sok ngondang rombongan anu mawa tatabeuhan , waditra gendang penca. Dina waktuna prung téh, rob jalma-jalma ngumpul ngalalajoanan anu menca bari dipirig ku tarompét jeung dumplak-dungkeungna gendang pacampur goong. Jadi hiji hiburan minggonan keur masarakat.
Beuki dieu, hal-hal anu sakuduna dirawat jeung dijaga ku urang karah beuki melempem, luak-léok siga lampu centir ka tiup angin. Guru silat ogé geus jarang, katambah barudak leuwih resep tungkrang-tongkrong di jalan gedé tibatan kudu ngalatih diri ku penca silat. Anu dijadikeun panglumpatan, kusabab ngalakukeun hal-hal alus henteu bisa, geus baé asup kana géng motor, saratna gampang, boga motor jeung ngandelkeun kawani.
Di sababaraha wewengkon mémang masih aya kénéh paguron-paguron silat, lolobana aya di pasisian Kota Sukabumi. Umpamana di Kampung Bojongloa jeung Pasar Saptu. Mindeng pisan, lamun ngahaja liwat ka éta wewengkon dina Saptu peuting sok ngadéngé tarompét jeung waditra séjén ditabeuh. Walikota Sukabumi sorangan, diinstrénan jadi Ketua Ikatan Pencak Silat Indonesia (IPSI), salah sahiji tarékah keung ngamumulé jeung mekarkeun deui budaya anu geus diwariskeun ku para karuhun. Mémang merelukeun prosés jeung waktu anu cukup, dibarengan ku tékad anu kuat.
Posting Komentar untuk "Penca Silat di Urang"