
Isuk tadi kuring ngajar ka barudak sakola, nu dicaturkeun lain nanaon; kumaha carana sangkan urang milih kahirupan. Kuring ngibaratkeun, kahirupan teu jauh béda jeung urang diajar, miboga atikan jeung rupaning pangajaran. Anu matak kahirupan kudu dipilih ku urang.
Éta mangrupa prolog kuring dina ngajar barudak isuk tadi. Leuwih jero, barudak diajak ku kuring nyawang ka alam ka tukang. Ceuk kuring, “ Di Cikundul ieu, méméh hidep bral ka alam dunya, keur jaman kahirupan uyut-uyut maranéh, sababaraha taun saméméh datangna kompeni ka ieu nagri, kahirupan anu sajati mulen ka sakuliah wewengkon Cikundul jeung sabudeureunna.”
Barudak –ngaranna ogé barudak – ngabati unggut-unggutan. Kuring ngaguar deui. “ Kahirupan anu kudu dipilih ku urang tangtu baé jalan anu geus dilakonan ku karuhun urang. Hidep kabéh resep kana budaya batur, malah aya anu resep kana lagu-lagu grunge jeung hardcore, tapi tetep baé anu ngaranna hiji hal arék manusa atawa barang moal bisa jauh jeung citakanna.
“ Citakan maranéh téh nyaéta karuhun jeung kolot-kolot hidep anu geus méré conto kumaha cara nyanghareupan hirup. Silih asih, asah, jeung asuh. Mihormat ka sasama, sagala pasoalan dibéréskeun kalawan kakulawargaan. Jauh tina fitnah jeung henteu nyoko kana ngalajur kahayang sorangan.”
Réngsé ngaguar hal éta, kuring niténan heula gunung anu aya di kiduleun lembur. Jorojoy aya pikir, hiji lembur anu diriung ku gunung, ngamalir wahangan gedé anu ngaranna Cimandiri, tangkal-tangkal ngemploh héjo, tangtu mangrupa hiji skénario ti Alloh. Jalma-jalma anu ditempatkeun dina alam jeung lingkungan samodél kieu geus disiapkeun sangkan bisa hirup nuturkeun kana naon anu geus dicontokeun ku alam.
“ Lamun hidep leuwih milih silih paténi, perang, jeung papaséaan, hartina lain kahirupan anu dipilih, tapi rajapati. Tong hanjelu lamun dina waktuna, alam anu geus dititipkeun ieu bakal leungit kusabab tingkah urang ayeuna. “
Kuring nyontokeun deui, hiji wewengkon malah mangrupa benua; Afrika. “ Hidep tangtu apal, Afrika mangrupa benua anu kaayaan alamna panas da dipinuhan ku sempalan keusik. Asana henteu adil lamun Pangéran pilih kasih, nempatkeun jalma di tempat anu hésé ku cai. Lamun dipikir kalawan jero, sababaraha juta taun ka tukang, Afrika ogé tangtu kaayaanna henteu jauh béda jeung di urang. Nagara-nagara di Timur Tengah anu miboga kanyataan alam anu panas geus pasti baheulana dipinuhan ku tutuwuhan. Ayeuna jadi ruksak kulantaran digalaksak ku karuhun maranéhna rébuan taun ka tukang…!”
Pamikiran kuring kitu anu dicaturkeun ka barudak lain keur nyekok barudak ku doktrin sangkan maranéhna reueus ka bangsa jeung budaya sorangan, terus nganggap budaya batur kotor jeung kudu dijauhan. Paéhna alam anu asalna seger jadi bayeungyang téh kulantaran lolobana jalma di dua wewengkon; Afrika jeung Timur Tengah milih raja pati tibatan milih kahirupan dina mangsa rébuan taun ka tukang.
Henteu héran, anu diunggel dina sababaraha kitab suci anu asalna ti Timur Tengah nalika ngaguar kumaha éndahna kaayaan di sawarga ngébréhkeun kumaha éndahna alam anu cur-cor ku ngagenyasna cai hérang, sato-sato, jeung rupaning tutuwuhan. Sabab, arék diaku atawa henteu, dina diri jalma ngamalir hiji ‘file’ anu sifatna temporér warisan ti karuhun urang Timur Tengah. Temporary file anu mawa rupa-rupa data kahirupan sababaraha rébu taun ka tukang.
Pantes, jalma-jalma anu aya di éta wewengkon kacida miharep pisan bisa hirup deui jeung ditempatkeun di sawarga anu ngébréhkeun kaayaan di tatar nusantara ieu.
Antukna, teu saeutik batur mah anu milih maot keur nyorang kahirupan anyar anu dipiharep. Ngan keur kuring sorangan, keur jalma anu ditempatkeun di hiji wewengkon anu geus ngeples jeung kaayaan di sawarga, kuring tetep rék milih kahirupan, moal milih rajapati. Komo nepi ka kumawani nanjeurkeun perang kalawan nyebut asma Pangéran mah.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Milih Kahirupan"