Atlantis, Sumber: Bookend |
Kamajuan téknologi ayeuna ngan saukur sésa-sésa lebu tina kamajuan kahirupan baheula. Masih mending aya kénéh sésana ogé henteu tumpur ludes.
Dibéré prolog samodél kitu, barudak ngabati unggut-unggutan. Aya anu ngartieun aya anu henteu. Lolobana mah panasaran.
Hartina, urang boga sangka, saolah kamajuan téknologi lumangsung ti saprak bralna "Révolusi Industri" di Inggris saréngsé zaman ngalaman anu disebut Dark-Ages, zaman nalika sagala rupa dipangaruhan ku hawa nafsu jeung égo anu nyaliara dina kamalir kahirupan. Buku sajarah jeung élmu sosial memang ngajarkeun hal ieu, méré teuing wates, saolah kahirupan kapegung ku sababaraha zaman, anu di mimitian tina kahirupan purba/buhun. Saolah zaman ngan kabagi dua, zaman buhun jeung modérn.
Sangkaan urang samodél kitu sabenerna geus menjarakeun pikiran urang sorangan anu mawa kana rasa reueus anu kaleuleuwihan, mihormat zaman ayeuna tapi mopohokeun timana urang bral? Kadieunakeun mah kaluar hiji pananya, kamajuan zaman téh dialaman ku saha? Da geuning anu éstu ngarasakeun mah bangsa deungeun baé!
Kanyataan anu katénjo jeung naon anu sabenerna geus jeung keur lumangsung sok henteu sapagodos. Kamajuan zaman mémang geus lumangsung jeung pernah dialaman ku karuhun-karuhun urang sababaraha rébu taun ka tukang. Ayana gunung, batu, jeung barang-barang séjén anu mancawura di luhureun bumi mangrupa ciri lamun baheula pernah aya kahirupan anu leuwih maju tibatan ayeuna.
Euweuh bukti atawa fakta anu nyata. Sabenerna lain euweuh bukti tapi can kapanggih bukti anu nyata pisan. Da lolobana pikiran jalma nyangka, gunung jeung batu mah lain titinggal karuhun, éta mah éstu geus aya ti anggalna ogé. Mémang pikiran urang mah dilimpudan ku sarwa kakurangan tina maca tanda-tanda.
Bédana jelas, antara kamajuan zaman baheula jeung ayeuna, dipihormat jeung henteu dipihormatna niléy, custom, jeung norma-norma anu didadasaran ku basis spiritual. Hirup silih ajénan, silih hormat, datang jeung indit, silih tulungan, paduli ka sasama, éta sababaraha sikep anu geus dilakonan ku karuhun urang dina méré sikep ka sasama sakumaha majuna téknologi ogé.
Nalika spiritual geus henteu dijadikeun deui basis kahirupan, tatapakan zaman, anu lumangsung nyaéta: kamajuan téknologi dibarengan ku perang (arék idéologi atawa fisik), silih réngkas, silih kelid, silih siku, teu kaopan, jeung pegatna étika komunikasi. Conto pegatna étika komunikasi, kasopanan sahandapan ka saluhureun geus teu pati dipadulikeun, kasopanan antara anak kanu jadi kolot saukur wawacan, beuki saeutikna ruang publik jeung beuki mahabuna ruang privasi hiji totondén beuki leungitna étika komunikasi ti papada urang.
Zaman karasa siga beuki maju, tapi urang sok mopohokeun diri kana hiji kanyataan anu geus lumangsung jutaan taun ka tukang. Sabab jalma boga anggapan, hirup ngan saukur kaalaman ayeuna. [ ]
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Poho Diri"