TINA WANGKONGAN KANA WANG WÉNG WONG
- Ieu conto ngacamling-
Kungsi ngadéngé babasaan wang wéng wong? Saperti dat dit dut, dag dig dug, jrrd. Disebut kecap panganteur lain, pokona kitu ari basa mah, salian ngalaman robah rék ma'na atawa harti ogé ngalegaan, bralna kecap jeung istilah anyar.
Wang wéng wong bisa dibéré harti kaayaan anu teu pikabetaheun, kusabab ramé ku anu ngomong, paciweuh teu puguh, ngadu angklung jeung bedug, ti mana-mendi pada ngaromong, méré panyawad, sagala diucapkeun.
Kaayaan samodél di luhur, jigana keur lumangsung, utamana dina dunya maya saperti medsos. Lamun dititénan mah, nuliskeun naon anu dipikirkeun dina kolom status hartina urang téh keur ngomong sorangan. Da dina Facebook geus dibéré hancengan tempat ngawangkong mah dina aplikasi chating/wangkongan. Dina status mah nyaéta tempat "ngacamling" jeung ngacaprukna diri urang ku Mark Zuckerberg dibéré hancengan ngupload photo, vidio, tempat, jeung kolom panyawad.
Wangkongan virtual tangtu béda jeung wangkongan aktual dina palebah ngawangunna tatali impersonal jeung interpersonal. Komo dina kolom koméntar, da éta mah dihususkeun keur méré panyawad kana ngacamlingna diri urang. Jadi, bisa baé diantep atawa bisa ogé rék dibales.
Sabenerna, Mark Zuckerberg jeung para founder Medsos séjénna nyiptakeun média sosial keur méré fasilitas ka masarakat urban perkotaan anu mémang hirupna geus jarang ngalakonan komunikasi verbal kalawan inténs jeung papada. Hirup masarakat urban perkotaan geus katutup ku anu ngaranna bénténg kahirupan: partikularisasi, témbok, beton, jeung transportasi.
Kuring boga babaturan, cicing di hiji perumahan élit di Jakarta, ampir unggal poé nga-bbm, Whatsapp, malahan nelepon nepi ka puluhan menit. Kusabab naon? Hayang ngawangkong, da kahirupan di perumahan di kota-kota gedé geus teu méré deui waktu anu laluasa kanu ngeusina sangkan bisa ubrung-abring, komo ngaliwet babarengan mah. Hirupna sirkular, imah-jalan-kantor. Peun!
Lamun mah urang apal, naon sabenerna medsos, tangtu baé moal bakal bral kawas beuki rongkahna wang wéng wong, Cékcok teu jelas, parebut kamandang, jrrd. Saha baé jalma-na bakal ngaku, yén ngawangkong di dunya nyata jauh leuwih boga niléy lamun dibandingkeun jeung adu panyawad dina média sosial.
Fakta-fakta di luhur jadi beuki mageuhkeun hiji sangkaan, geruhna paloba-loba omong dina média sosial dilantarankeun geus kurangna diri urang dina ngabiasakeun deui ngawangkong di dunya nyata. Émosi antara papada teu katadah jeung kawadahan. Teu anéh, lamun aya pasualan naon baé teu bisa sakali dua kali dibéréskeun, kudu laporan atawa silih laporkeun heula kanu berwajib. Geus euweuh deui babasaan: hadé ku basa goréng ku basa dina mangsa kiwari mah.
Kang Warsa
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Wang wéng wong "