Babaturan nga-sms kieu: Jaman now mah kudu loba ngusap dada, Wa.
Méméh mahabu jeung ramé
nyebutkeun dua kecap: jaman jeung now, di masyarakat urang ogé kungsi ramé ku
babasaan campuran saperti, mari kita
kemon, wilujeng morning, jrrd.
Disebut viral atawa ngetrén téa
meureun. Jaman now boga harti mangsa
ayeuna. Pihartieunna, jalma mémang keur museurkeun pikiranna ka mangsa kiwari
atawa ka jaman now.
Kecap jeung kebeungharanna mémang
kitu. Tina kecap serepan bisa ngawujud jadi kecap anyar, malah diasupkeun kana
kamus. Kawas kecap jaman pan éta ogé tina Basa Arab asalna mah, Zamaan.
Conto séjénna kecap Belanda.
Sawaréh jalma aya anu boga kamandang kecap Belanda téh diadopsi tina kecap Blonde
(Bulé, Pirang, B. Indonesia). Aya ogé
nu boga kamandang éta kecap dicokot tina kecap londo jeung blah nde
hartina megatkeun tali duduluran. Pihak séjén mah nyebut asalna tina kecap
Holanda, Welanda, ku urang Sunda diucapkeun jadi Walanda.
Babasaan samodél 'jaman now' mangrupa kalimah pop, atawa kekinian ngan saharitaeun, dina dua atawa tilu bulan ka hareup
bakal kaluar deui babasaan anyar anu ngalandih babasaan saméméhna.
Jadi, dina jaman now mah urang teu kudu geruh ku ayana
istilah-istilah anyar anu sifatna nge-pop. Kudu siap hirup di jaman now, kitu wé.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Jaman Now"