Sababaraha taun ka tukang, memeh jaman kamajuan internet, samemeh jalma ngagunakeun basa jeung kecap-kecap 'alay', urang lembur mah geus biasa sagulung-sagalang jeung kecap-kecap 'alay'.
Kekecapan 'alay' biasana dipake ku urang lembur keur ngaheureuyan budak anu can pati bentes dina ngomong. Teu aneh, di tiap wewengkon oge anu ngaran 'senior' remen nyepetan 'junior'-na. Meureun rumasa gede.
Si Yatna nepi ka disebutan ku para nonoman, pedah nalika keur budak sok dagang karoket jeung rarawuan dina nawarkeun dagangan can bentes anu sakuduna nyebut karoket jeung rarawuan jadi atotet auna. Tiap panggih di jalan pasampangan, ku para nonoman sok langsung disebutan: atotet aunaaa..
Dina taun 2005 oge kuring kungsi bingung, nalika aya hiji pamilon atikan anu kungsi diajar ngaji ka kuring ngomong sabari can bentes: " Apa, apang teh ayuang.." Harita keur peuting takbiran. Geuning maksud ucapanna teh " Bapa, lapang banjuran.." Sabab isukan arek dipake solat ied.
Aya oge babaturan saentragan nu teu pati bentes ngomong nepi ka umur kelas genep SD. Dina bulan Agustus, manehna ngarasa teu diajakan maen bal ku babaturanna, ambek jigana. Ku salah saurang nonoman diomongan: " Sabotase tah ka maneh!"
Nalika barudak keur maen bal di hareupeun sakola agama, eta budak ngeuleuweuh: tabotateu!!!! Ti saprak harita, lamun aya kajadian anu teu dipiharep -umpamana listrik pareum- barudak sok pating gorowok: Wah, tabotateu ieu mah!
~Kang Warsa~
Dikirim dari iPhone saya

Posting Komentar untuk "Tabotateu"