Si Papih jeung Si Mamih

SEBUTAN  keur urang Tionghoa anu karék asup  Islam atawa muallaf nyaéta Si Abdul. Kecap abdul miboga harti hamba, ahli ibadah, atawa jalma anu ngésto ka dunungan. Teu saeutik jalma anu boga ngaran dimimitian ku kecap Abdul saperti Abdullah, Abdul Gofur, jrrd. Kajaba Paula Abdul, salah saurang artis Amérika anu kungsi kakoncara dina taun 80-an. Nyurupkeun kecap abdul ka jalma anu karék Islam téh lain keur ngaheureuykeun, tapi éstu keur némbongkeun yén manéhna geus pindah tampian, asup kana hiji komunitas masyarakat Islam.

Taun 80-an, ka Balandongan aya hiji rumah tangga, sebut baé Si Papih jeung Si Mamih, sebutan tinu jadi budak ka kolotna, papih jeung mamih. Urang lembur tara talalangké ngalandih jalma, geus baé sebutan papih jeung mamih téh dilarapkeun ku kecap nalika nyebut Si Papih jeung Si Mamih. Si Papih disebut abdul ku urang lembur, nalika nikah ka Si Mamih ngucapkeun dua kalimah syahadat, getol ka masigit, da cenah hayang kawas kyai bisa babacaan solat jeung prak-prakkanna.

Karesep Si Papih teu jauh jeung kolot-kolot di lembur nyaéta maén badminton. Mangsa harita, badminton keur jadi hiji olahraga anu dipikareueus ku balaréa, henteu kolot atawa budak arapal ka Icuk Sugiarto, King, Lius Pongoh, geus puguh ka Rudy Hartono mah. Katambah Indonesia keur meujeuhna makalangan dina widang badminton. Masyarakat anu teu boga rakét ogé leukeun nyieun rakét tina kai jeung triplék, aya ogé anu nepak cock ku sendal capit, di lapang, di jalan, jeung di kebon. Loyog jeung lagu Benyamin  S jeung Mang Koko anu judulna Badminton.

Si Papih ogé jago kana badminton, da cenah sok maén di Capitol. Rakétna ogé Carbonex anu kawilang pang alusna. Di lembur sok paagul-agul ku rakét, kuring ogé boga Carbonek 14, padahal harita masih umur 10 taunan. Dibéré ku anu jadi bapa pituin. Ampir kabéh budak saentragan baroga rakét, budak anu make rakét tina kai jeung rotan ogé aya, enya henteu jauh béda jeung pangebug kasur. Sok pada nyeungseurikeun, da cenah lamun éta rakét dipaké badminton angin sok ngadadak ngagelebug. Budak anu boga rakét tara pundung, teu pati paduli kana cawadan batur, hadé  goréng rakét sorangan! Kitu jigana pamadeganna.

Si Papih geus guyub nepi ka daék ilubuing hirup jeung urang lembur. Ceuk  manéhna, hirup mah ulah rumasa urang béda étnis atawa séké sélér, da béda mah hal anu biasa. Bener, béda dina kahirupan mangrupa réalita, réalita kaluar tina pamadegan atawa pikiran urang kénéh. Anu nyieun béda téh sabenerna pikiran urang-urang kénéh. Kawas kieu: di Jakarta mah jalma nyebut cau ku pisang, di Amérika mah banana, tapi jinisna éta-éta kénéh. Dina ieu hal, jalma teu meunang marebutkeun bener ceuk diri sorangan (subyéktif) komo nepi ka maksa sangkan urang Batawi nyebut cau kana pisang. Da jisim-na mah éta-éta kénéh. Sabalikna, jalma ogé teu meunang nyalahkeun ka urang Amérika anu nyebut banana kana cau, komo nepi ka nyebut lamun urang Amérika mangrupa sagolongan jalma anu can lempeng atawa sasar duméh nyebut banana kana cau.

Pasualan samodél kieu, sabenerna bisa dilarapkeun kana kayakinan jeung ageman hirup. Sakapeung urang sok teu bisa ngabédakeun antara kecap 'sarua' jeung 'henteu béda', kusabab cara mikir urang sok linear. Kawas kieu, dina sababaraha abad ka tukang Syekh Siti Jenar nyebutkeun: Hindu, Buddha, jeung Islam téh henteu béda, tangtu ku pikiran saliwat mah urang bakal nyebut atuh ari kitu mah kabéh agama ogé sarua. Maksud 'henteu béda'  anu diucapkeun ku Syekh Siti Jenar nyaéta, hakékat tiap agama keur mawa umat kana kahadéan. Malah Syekh Siti Jenar kungsi ngucapkeun kalimah: Jalma anu geus ngalakonan kahadéan, kaalusan, hirup guyub jeung batur, ulah dibohongan yén manéhna bakal diasupkeun kana naraka kusabab manéhna can ngalaksanakeun syaréat Islam. Atuh pantes Rosulullah ogé dina da'wahna tara maksa sangkan golongan Quraesy pindah agama.

Dina taun 90-an katompérnakeun, Si Papih, Si Mami, jeung budakna pindah ka wewengkon Cianjur. Urang lembur teu saeutik anu ngajajapkeun éta kulawarga ka Cianjur, babantu sabisa-bisa. Anu séjénna utamana para tatangga ngabati rawah-riwih, komo anu geus karolot mah hing-hingan ceurik, asa ditinggalkeun cenah ku Si Papih jeung Si Mamih. Sawaréhna aya anu ngomong – sanggeus Si Papih jeung Si Mamih matuh di Cianjur-: deungdeuleueun baé.

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Si Papih jeung Si Mamih"