Primavera

PRIMAVERA

Di wewengkon sub-tropis samodél Éropa miboga opat usum, salah sahijina nyaéta "spring" atawa primavera. Ngan ari ku cara heureuy mah, ulah ditanya deui aya sabaraha usum di wewengkon urang? Bisa kana salawé usum jumlahna, ti mimiti usum tandur nepi ka usum durén. Béda usum mangrupa ciri boh diténjo kalawan géografis, antropologis, jeung sosiologis. Bisa ogé mawa pangaruh kana watek , tabéat, jeung perbawaan jalma-jalmana. Moal diguar pasualan éta mah, engké baé dina seratan séjén sawaktu-waktu.

Dua hal anu ngawanohkeun diri kuring kana kecap primavera. Kahiji, dina buku pangajaran seni musik kelas dua SMP diguar periodisasi tumuwuhna musik utamana ngaran-ngaran komponis Éropa réngsé mangsa cakueum atawa "dark ages". Salah saurang musisi anu diguar  dina buku seni music nyaéta Antonio Vivaldi anu medalkeun karya "Four Seasons" dina taun 1732. Kadua, pédah dina taun 1993, di ieu nagara ngadeg hiji program dina widang maén-bal anu disebut PSSI Primavera.

Dumasar kana judul karya Vivaldi aya sub judul "spring" atawa primavera. Salah sahiji mangsa nalika tatangkalan anu maruragan dangdaunannana mimiti ligar deui, parucukan. Geus pasti kaayaan alam samodél kitu moal kungsi kaalaman ku urang anu hirup kumbuh di wewengkon tropis. Ngan sahenteuna bisa dianalogikeun kumaha bungah jeung luginana haté  urang nalika nénjo pepelakan mimiti ligar ku kembang. Teu saeutik puisi jeung sajak anu diserat ku jalma kusabab pangaruh alam samodél kitu.

Iwal ti kontéks dumasar kana kaayaan alam di wewengkon Itali harita. Primavera dina karya Vivaldi ogé miboga kontéks anu séjén. Ngajak masyarakat Itali, umumna mah urang Éropa sangkan ngabagéakeun datangna mangsa anyar sanggeus wewengkon Éropa dieundeur ku dua pasualan; mangsa jahiliyah jeung balahi lantaran panyakit (black-dead).

Vivaldi ngajak ku ngaliwatan karyana sangkan urang Éropa binangkit deui sanggeus ampir sapuluh abad dieusi ku papaséaan boh jeung anu saagama tapi béda aliran ogé jeung jalma-jalma anu béda kayakinan. Teu anéh lamun didéngé-déngé karya Vivaldi mintonkeun jinis musik sumanget. 

Dina abad ka 16, sakumna masyarakat Éropa boga tékad malikkeun deui kaayaan. Pangaweruh anu kungsi dibetuskeun ku para filsuf Yunani Kuno abad ka 5 SM (saméméh Maséhi) diguar deui. Teu éra sok sanajan kudu nyuprih pangarti ka para sarjana muslim anu geus leuwih tiheula narjamahkeun karya-karya filsuf Yunani kana basa Arab. Éropa ngamimitian léléngkah halu deui keur ngudag masyarakat séjén anu geus leuwih tiheula maju, utamana umat Islam.

Teu kungsi nganti waktu anu lila, antara abad ka 17-19, bangsa Éropa bisa ngawasa deui ieu alam dunya. Ampir kabéh wewengkon di sakuliah dunya dicekel, dijajah, dikawasa, jeung direbut ku bangsa Éropa. Saméméh abad ka-17, bangsa Éropa teu jauh béda kaayaannana jeung di wewengkon urang ayeuna. Teu paduli kana pasualan sanitasi, sabodo karep wewengkon arék dipinuhan ku runtah jeung panyakit ogé. Agama  anu dilembagakeun éstuning nyangreud kahirupan bangsa Éropa, sabab agama anu dicekel dipintonkeun kalawan salah. Ageman hirup dipake alat keur maténi inti kahirupan  jalma nyaéta akal. Ngagunakeun akal dina mangsa harita, lamun teu meunang widi ti lembaga otoritatif bakal ngarandapan panyiksa.

Masyarakat gampang kahasud ku para inohong, sok komo nalika hasudan diimplik-implikan ku pasualan agama. Persekusi dialaman ku jalma-jalma anu coba-coba nalungtik alam jeung medar pangaweruh. Kitab suci diadurengéskeun jeung akal. Masyarakat Éropa bakal leuwih percaya kana ucapan para tokoh agama yén kamiskinan, kaayaan anu teu séhat, jeung panyakit anu karandapan mangrupa takdir Pangéran tibatan kudu percaya kana antibiotik jeung penisilin.

Panglumpatan tina panyakit anu karandapan (black-dead), urang Éropa leuwih milih ngubaran panyakit ka para dukun jeung tukang sihir. Hartina, dina kahirupan kelompok elit , maranéhna wani ngajual ayat-ayat pangéran, ngaluarkeun tafsir kalawan gagabah keur nyingsieunan masyarakat. Sabalikna, masyarakat sorangan tibatan kudu ngarandapan persékusi ku pangadilan kaagamaan nalika ngagunakeun akal séhat, maranéhna leuwih milih lumpat ka dukun jeung tukang sihir. 

Kahirupan di wewengkon Éropa sabenerna bisa jadi eunteung keur urang ayeuna. Papaséaan marebutkeun hal teu puguh, mes-mes mamawa jeung nanyakeun dalil bari teu nyurup antara hiji dalil jeung kontéksna, mangrupa hal anu teu dipikahayang ku inti ajaran agama. Kahirupan bakal jumud, kitu-kitu kénéh, kusabab agama ditafsirkeun kalawan teu cocog. Lain agamana anu salah, tapi cara hirup urang dina nyekel agama anu teu loyog jeung sifat dasar manusa.

Geus manjing, urang kudu boga tékad ngabagéakeun datangna hiji usum, primavera, nalika kahirupan dipinuhan ku ligarna élmu lain ku pacogrégan anu ngamonyah-monyah tanaga jeung pikiran. Atawa urang arék kukuh jeung keukeuh cicing dina hiji usum anu geus teu jauh béda jeung wewengkon Éropa dina abad abad ka 6 nepi ka 16?

--
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Primavera"