Guru: Pa Wawan jeung Bu Iroh



Pa Wawan jeung Bu Iroh, dua urang guru anu ngajar Basa Indonésia di SMP Negeri 3. Iwal ti éta, Pa Wawan jeung Bu Iroh mangrupa salaki jeung pamajikan anu ngajar bareng di hiji sakola.

Kuring ngalaman diajar ku Bu Iroh nalika kelas 1 SMP. Cara ngajarna kacida basajan, leuwih meredih para pamilon atikan sangkan bisa ngalarapkeun kabeungharan kecap atawa kosa kata kana kalimah.

Saleuwihna, kuring masih inget, Bu Iroh ogé mikaresep ngajelaskeun jejer majas atawa anu aya patula-patalina jeung gaya bahasa. Kuring sorangan mikaresep kana jejer majas kusabab sok remen kutrat-kotrét nyerat sajak.

Anu matak, dina cara meunteun ogé, Bu Iroh mah kacida basajan, para pamilon atikan cukup dibéré pancén nyerat conto-conto kalimah anu nuduhkeun majas sabari dijelaskeun naon alesannana anu matak disebut majas.

Kuring jeung babatura diajar Basa Indonésia ku Bu Iroh ngan di kelas 1 wungkul. Alesanna, kahiji Bu Iroh cuti hamil/ngandung. Kaduana, mutasi ka SMP Negeri 1 anu aya di puseur dayeuh.

Nincak kelas 2, guru Basa Indonésia nyaéta Pa Wawan. Métodologi jeung cara ngajar Pa Wawan béda jeung Bu Iroh. Pa Wawan leuwih ngalobakeun kerkom atawa kerja kelompok. Méja jeung bangku ogé dihijikeun, sakelompok bisa dieusi ku 4 nepi ka 6 urang pamilon atikan.

Tiap réngsé migawé pancén, ku Pa Wawan mah tara langsung dipeunteun, tapi dibéré paraf dina LKS atawa para pamilon atikan nyiapekun formulir khusus, tuluy diparaf ku Pa Wawan. Tah, akumulasi atawa jumlah sakabéh paraf, dina tiap minggu diitung, tuluy dikonvérsikeun kana niléy angka.

Anu jelas, diajar jeung Pa Wawan mah, pamilon atikan téh diperedih sangkan leuwih aktif, kréatif/motékar, jeung inovatif téa meureun. Da sing saha baé anu pangehulana ngajawab, atawa ngeusian sual dina bor bakal langsung meunang paraf. Jawaban anu bener bisa meunang 3-5 paraf, jawaban anu salah ngan meunang 1 paraf.

Pa Wawan jeung Bu Iroh kasebut guru anu teu pati galak dina mangsa harita. Dina méré hukuman ka para pamilon atikan téh cukup ku peunteun baé. Bisa ogé disebut, cara ngatik pamilon atikan téh, Pa Wawan mah jabrugan jeung rada ngoboy.

Cara samodél kitu mémang kurang familiar dina mangsa harita. Kalolobaannana, guru leuwih mintonkeun sikep teges, nya galak téa meureun. Malah teu saeutik guru anu boga sebutan guru killer, duméh sahaok kadua gaplok.

Harita mah lain hal anéh guru némbongkeun sikep galak dina ngatik barudak. Iwa tara pundung, murid mangsa harita mah karuat méntalna. Tah, métodologi modél kitu lamun diterapkeun ka barudak kiwari mémang kacida teu cocog.

Rupa-rupa alesanna, aya anu disebut sakola ramah anak, HAM, jrrd. Mémang, méntal barudak ayeuna kacida béda jeung barudak taun 80-90an. Antukna teu saeutik kajadian, guru dilaporkeun kanu berwajib, guru diteunggeul ku kolot murid, jeung guru anu dikoroyok ku murid.

Dina Saptu, 8 Februari 2025, Pa Wawan mulih ka jati mulang ka asal. Kuring yakin pisan, sagala rupi kasaéannana sareng titinggal nalika Pa Wawan masih jumeneng bakal jadi obor anu nyaangan di alam kubur. Amin.
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Guru: Pa Wawan jeung Bu Iroh"