Puasa di Lembur: Sanlat (Hanca 8)

Diayakeun calagara pasantrén kilat di sakola-sakola di ieu nagara dina bulan puasa sabenerna kabéhdieunakeun, dina médio taun 90-an. Nepi ka awal taun 80-an katompérnakeun mah can dipikawanoh istilah pasantrén kilat (Sanlat).

Béda jeung pasantrén konvénsional atawa pasantrén tradisional (salafiyah), pasantrén kilat mimiti sumebar di wewengkon kota atawa mangrupa hiji gerakan kaum urban-perkotaan dina méré sikep kana datangna bulan puasa. Mimiti sumebar dina taun 90-an aya hiji kaayaan anu dimimitian ku masyarakat urban-perkotaan sebut baé rasa haus kana élmu agama.

Kajian atawa ngaji kaagamaan dilakonan ku aktivis-aktivis kampus, nepi ka bralna kawijakan pasantrén kilat di sakola-sakola téh teu leupas tina tarékah kaum urban-perkotaan anu diluluguan ku aktivis kampus.

Tujuanna alus, sangkan umat, utamana generasi Islam perkotaan nu ngarora lain saukur ngagem Islam kusabab warisan ti indung bapana, tapi kudu wanoh kana hal ihwal anu aya dina ieu okagama. Lain cangkang wungkul, ogé jeung eusina.

Ku barudak anu aya di lembur jeung barudak kobong (pasantrén) ayana pasantrén kilat teu dijadikeun sual, da barudak lembur mah kajaba deukeut jeung pondok pasantrén jeung tempat pangajian, ogé mangrupa santri-santri kalong anu sapopoéna geus teu jauh jeung kitab, komo deui élmu-élmu dasar kaagamaan. Dipetél nalar Juz ‘Amma jeung Nashrif mah pasti bisa sanajan rarampa ogé.

Kadieunakeun, pasantrén kilat lain saukur jadi hiji hal anu kawilang tréndi di masarakat urban-perkotaan, awuhanna mimiti ngangsreg ka sakola-sakola di lembur ti sakola dasar nepika SLTA.

Sakola ngawajibkeun ka para pamilon atikan kudu anclub jadi santri kilat salila tilu nepi ka tujuh poé. Biasa, bérés ilubiung jadi santri kilat dibéré piagam, geus méréskeun kawajiban salaku santri kilat.

Di sakola-sakola dasar mah teu jadi sual, sabab guruna langsung anu jadi kyai dina éta calagara pasantrén kilat. Tapi keur sakola-sakola luhur, utamana SMA jeung SMK, panitia sanlat biasa sok ngadatangkeun Ustadz Urban, sebut baé ustadz-ustadz anu boga konéksi jeung panitia sanlat arék hubungan personal atawa idéologi-émosional.

Hartina para ustadz anu jadi tutor pasantrén kilat téh ditangtukeun ku pamikiran panitiana. Di Sukabumi, opat aliran anu harita euyeub di masarakat Urban-Perkotaan nyaéta: Kelompok Tarbiyah (IM), HT, JT, jeung NII.

Keur kelompok mana baé ogé, para pamilon atikan (siswa) tangtu mangrupa targét atawa sasaran dakwah, kadér poténsial anu kudu diasupan gizi, kudu diimunisasi ku doktrin atawa kamandang idéologi anu loyog jeung kelompokna.

Kamandang ngeunaan Islam ogé antukna antara hiji kelompok jeung kelompok séjén rada béda utamana dina pasualan dahan (furu’), hal anu lain utama, tapi justru ayana padungdengan téh kusabab béda dina pasualan dahan (furu’).

Pasantrén kilat mangrupa trigger keur kelompok-kelompok di luhur sangkan para alumni pasantrén kilat dina réngsé bulan puasa (syawal) aya anu asup jadi kader atawa simpatisan kelompokna. Pangajian minggonan saminggu sakali, ngaguar pasualan-pasualan anu lain pikiraneun barudak sakola, tapi geus jauh teuing nepi ka nyual masalah kaayaan nagara.

Antukna, kusabab para santri mangrupa alumni pasantrén kilat, anu dihasilkeun tina kilat (guludug) di masarakat ogé dina ngaluarkeun kamandang ngeunaan agama (Kaislaman) jejelegéran jeung bebeledugan baé kawas guludug atawa kilat.

Teu nénjo masarakat téh modél kumaha kaayaanna angger baé dijelebét ku dalil-dalil anu dicokot tina Quran tuluy dibéré harti jeung ditafsirkeun ku dirina.

Tangtu baé béda jeung para santri pasantrén tradisional. Kusabab loba anu matuh di kobong nepi ka mangtaun-taun, diajarna ku kyai-kyai anu bener-bener kungsi masantrén ogé, tara sumarambah kana hal-hal anu séjén.

Ceuk Zamahksari Dhofier, pasantrén mangrupa pranata sosial anyar anu misah ti masarakat. Disebutkeun dina buku Tradisi Pesantren, kumaha kahirupan di pasantrén.

Kusabab disipuh ku guru ngaji jeung kyai anu bener-bener kungsi masantrén, komo nalika ngaderes Ihya, barudak santri di lembur tara pating jejelebétan teuing dina ngaguar agama (kaislaman) di masarakat. Kitu baé saperluna, da ceuk guru ngaji oge nu penting masarakat bisa bener wudlu jeung sholat, éta wé hela.

Ditalingakeun ku kuring kalawan daria kumaha kahirupan di pasantrén, salila lima taun kuring ilubiung blus-blos asup ka kobong, nilikan kumaha kahirupan sajatining santri. Ngan santri anu hirupna merdéka, jigana.

Santri mah biheung mikiran kumaha kaayaan ieu nagara, nu penting bisa ngaji, sholat, ngaji, ngariung tahlilan, meunang berkat, sholat deui, ngaji deui, bérés! Mangsa kahareup kumaha kahirupan para santri? Arék jadi naon maranéhna engké? Jawabanna basajan: anging Alloh anu uninga.

Da bener atuh, kahirupan di pasantrén salaf mah salian ti sholat, ngaji, tahlil téh nyaéta ngaliwet. Sakapeung ngaliwet ogé teu apal wayah jeung wanci. Tengah peuting ogé lamun para santri lapar, geus tangtu ngaliwet.

Lalab jeung laukna? Nya maok baé di kebon jeung balong kyai. Bérés! Tara bingung ku teu boga duit da ku indung bapana ogé ngan dibekelan saperluna, matak lamun aya santri manggih duit gedéna 5.000 (gocéng) di jalan atawa di kobong tara dihukuman barang syubhat langsung baé diklém atawa diaku: BAROKAAAHHHH!, tuluy éta duit ditapelkeun kana tarang.

Isuk-isuk, wanci haneut moyan, nalika masarakat cuh cih itu jeung ieu, aya anu indit ka pabrik, ka kantor, ka pakasaban, lolobana para santri mah ngariung kénéh baé sabari naragog di kobong, aya anu ngahaja mawa panyiuk eusina sabun, sikat huntu, odol. Anduk disalémpangkun dina taktak.

Ngawarangkong sabari saleuseurian. Teu paduli dunya keur sibuk, itu jeung ieu ngulincer naréangan duit, para santri mah teu hayang nyaho kana urusan nu karitu, da dina dirina geus nancleb tékad: ANU NGARIJKIAN MAH ALLOH! Bérés, teu kudu lieur ku pi-tai-eun, cenah! Barakatak saleuseurian deui.

Kaayaan para santri modél di luhur sihoréng mangrupa kawah candradimuka keur nyanghareupan kahirupan kahareup. Sangkan kahirupan teu disanghareupan ku sikep juwet, piomongeun, pacékcokan. Koncina: sumerah kana takdir ti Alloh.
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Sanlat (Hanca 8)"