Puasa di Lembur: Tadarusan (Hanca 7)

Ampir unggal peuting -malah aya anu nepi ka jam 11- para jamaah ngalakonan tadarusan di masigit réngsé sholat tarawéh. Kiwari, anu tadarusan teu pati rempeg kawas baheula. Teu dipisah antara remako atawa anu geus karolot jeung para nonoman.

Tah dina taun 80-an mah, taduran téh kabagi kana dua riungan. Malahan lamun diitung jeung tadarusan kaum ibu mah bisa kabagi kana opat riungan. Anu kahiji, riungan lalaki anu geus karolot nincak umum 50 taun ka luhur. Sok disebut remako ku barudak harita. Riungan kadua, lalaki para nonoman jeung santri.

Riungan katilu mah dieusi ku para ibu anu geus karolot. Tah riungan kaopat dieusi ku para nonoman ti kaum istri. Jumlah anu tadarusan ogé rempeg nakeran, da dina sapeuting lamun kabagéan samaqro séwang, saméméh tanggal lilikuran ogé geus khotam.

Tadarus nyaéta ggaderes atawa ngaji Quran silih bandungan. Aya éta ogé anu ngadon nundutan, ngan nalika giliran dirina anu kudu maca ngadadak curinghak. Sakumaha anu geus diserat di luhur, sapeuting téh bisa ngahanca ngaji nepi ka dua juz, jadi dina peuting ka-15 bulan puasa ogé geus khotam.

Kiwari teu kawas taun 80-an, tadarusan di tiap lembur lolobana geus kurang dipikameumeut deui ku para nonoman, ku anu geus karolot ogé nya kitu baé. Teuing ari di wewengkon séjén mah. JIgana teu jauh béda. Réa alesanna, kusabab geus mahabu gadgét, leuwir resep ngobrol, jrrd.

Ngan bisa baé ngangles, para nonoman teu ngilu tadarusan téh meureunan ngaraji di imahna séwang-séwangan, meureun kitu ogé. Ngan da ti jaman Abu Jahal léléngohan ogé, jalma anu ngalakonan kahadéan biasana mangrupa minoritas dibanding jalma anu ngalakonan kagoréngan. Lain pesimis ieu mah, da kitu ayana.

Anu jelas, dina mangsa kiwari, tadarus téh leuwih loba dilakonan ku para "remako", ceuk basa kerénna mah para kontéstan anu kuat jeung teu pati kapangaruhan ku kaayaan ayeuna. Umumnya geus narincak umur 60 taunan.

Kiwari, sanggeus gadgét jeung rupaning produk bisa dipimilik kalawan gampang, loba masyarakat anu teu percaya deui kana hal anu disebut nir-réalita. Ceuk ahli sosial mah, jaman kiwari téh disebutna mangsa post truth.

Kuring mindeng méré papatah ka para pamilon atikan, lamun hayang jadi budak cengeng, calakan, jeung pinter, unggal réngsé solat subuh baca Surat As-sajdah. Ngan kusabab jaman geus asup éra post-truth téa, papatah kitu téh disebut nir-réalita.

Sawaréhna mémang keur disibukkeun ku pasualan pulitik, teuing ngungudag naon. Kari-kari ditambah ku iber pasualan korupsi pertamina, banjir, pamingpin anyar, jeung iber séjénna anu teu jadi matak ngaronjatkeun nalar jeung kualitas diri urang.

Antukna lain teu percaya kana hal anu disebut nir-réalita, kana réalitas jeung kanyataan ogé geus teu percaya deui. Ongkoh bulan puasa, tapi loba nu teu nyirénkeun lamun diri urang keur aya dina bulan anu suci.

Tadarusan mangrupa ubar, nalika jalma jaman kiwari digeruhan ku pasualan pulitik, korupsi, jeung balahi. Sabab ku tadarusan, urang bakal bisa nempatkeun diri salaku jalma anu teu pati penting teuing mikiran itu ieu anu euweuh faédahna.

Kuring ngan saukur bisa ngageremet, da jauh kéhéh anu jadi jalma bener mah. Hayu urang jadikeun bulan puasa mangrupa bulan keur niiskeun diri, nyadarkeun diri, anu akhirna urang bakal éling, hirup tingtrim jeung rinéh leuwih ngeunah tibatan dieusi ku paraséa, korup, silih reweg, perang, jrrd.

Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Tadarusan (Hanca 7)"