Mimiti asup bulan puasa, geus jadi kabiasaan henteu di dayeuh atawa di kampung, anu ngaranna masigit dina dua waktu sholat; Isya jeung subuh geus pasti pinuh ku jamaah.
Méméh dur bedug Isya ogé masigit geus dipinuhan ku kolot – budak, lalaki – awéwé. Arék nedunan sholat sataun sakali sabulan lilana, sholat tarawéh.
Babaturan saentragan geus silih téang, bérés buka jeung dahar tara betah cicing di imah, sok langsung ka luar, muru heula warung, barang-beuli saperti petis bonténg, kurupuk asoy, jrrd.
Dibéré bekel ku anu jadi kolot tara gedé, ngan keur ukuran barudak harita mah duit sarébu téh kawilang badag, bisa meuli 20 petis bonténg atawa bangkuang. Jajan paling gedé lima ratus pérak anu sok dibasakeun ku barudak mah gopé.
Sésana diasupkeun kana céngcéléngan, dikumpulkeun da boga niat arék meuli sendal weuteuh keur pakéeun dina poénan lebaran. Boga pamaksudan, lamun duit geus ngumpul arék ulin bari meuli sendal ka "Ramayana".
Ngagimbung di warung tara lila, barudak anu masih meujeuhna bangor sok ngadon moyég di lapang masigit bari nyundutan pepetasan.
Béda jeung ayeuna, pepetasan harita masih kénéh maké sumbu teu jauh béda jeung dinamit, ngan ukuranna baé rada leutik sagedé curuk orok. Pepetasan panser anu bisa ngapung ngabelesat ku jalma salembur mah sok disebut pepetasan besut.
Can maké gagang kawas ayeuna, gagangna kudu dijieun tina nyéré. Harga pepetasan sumbu kawilang murah, sagepokna, dibeungkeut ku karét geulang ngan Rp. 750,-.
Keur anu masih borangan mah nyundut pepetasan tara langsung disundut ku panékér atawa maké obat nyamuk, tapi sok dikertaspapiran, atawa alat keur nyundutna digagangan heula.
Leungeun katuhu nyekel panyundut, leungeun kénca dipaké nutupan ceuli. Keur ngareuwaskeun batur mah, pepetasan dibulen heula ku kertas papir, kira-kira samenitan, jelegur pepetasan ngabeledug.
Loba barudak anu hayang disebut jago jeung gagayaan, pepetasan dicekel tungtungna, disoéhkeun hela saeutik, beledug disada sabari dicekelan. Ngan bisa ngabati gogodeg ku gaya jeung hébringna barudak harita.
Aya ogé anu pikalucueun, pepetasan dicekel, ngan nalika disada téh ngececes kawas mobil atawa motor kurang béngsin.
Gerrr pada nyeungseurikeun ku barudak. Molonyon cenah pepetasanna. Lembur ramé ku pating jelegurna pepetasan biasana lamun bulan puasa geus asup kana tanggal sapuluh ka luhur. Eureun-eureun téh nalika dina sapéker geus diwawarkeun sakeudeung deui waktu Isya.
Barudak paheula-heula wudhu di kulah masigit. Blus arasup ka masigit, bérés adzan ogé masigit langsung pinuh. Pagelek-gelek. Anu teu biasa ka masigit ogé dadak sakala diuk di jajaran panghareupna.
Bisa diukur, mimiti asup bulan puasa mah, kabéh warga masyarakat boga anggapan, masigit téh geus meujeuhna dilegaan, da jamaah anu tarawéh metet jeung lébér nepi ka térasna. Pikiran samodél kitu bisa robah nalika bulan puasa geus asup kana tanggal welasan komo lilikuran.
Jajaran anu sholat tarawéh ngurangan sajajar-sajajar, antukna bisa nepi ka dua atawa opat jajar deui. Nya kitu wé dipinuhan ku bebenyit, barudak saentragan, jeung aki-aki. Anu disebut nonoman mah bisa diitung ku ramo. Keur barudak mah, aya anggapan saolah-olah sholat tarawéh mangrupa kawajiban anu teu bisa ditinggalkeun.
Pamikiran basajan, hirup dumuk di lembur anu masih kénéh nerapkeun sistem Gammeinschaft, paguyuban, éta sabenerna mangrupa citra kahirupan anu didadasaran ku agama jeung kitab suci salaku ajaran moral.
Bérés tarawéh, anu jadi mualim dina méré wejangan tara loba carita itu ieu, tara ngusik-ngusik kagoréngan batur, komo ngagogoréng kayakinan batur anu teu sapamadegan mah.
Lempeng baé nerangkeun naon kautamaan bulan puasa, anu katarima ku kuring nepi ka ayeuna, gening intisari dina ngalakonan puasa téh ngalatih urang sangkan bisa sabar.
Ageman hirup dipintonkeun lain saukur ku basa anu diréka-réka sangkan batur kataji tapi bari sindir –sampir kana kayakinan batur.
Ajaran agama justru dijadikeun panglima dina ngarojong kahirupan anu teu leupas tina adab jeung étika. Jalma ayeuna, kusabab guminter, tara ngaragap kana kayakinan jeung haté batur.
Naon anu teu saluyu jeung ajaran maranéhna sok langsung disebut bid’ah atawa méngpar tina ajaran anu bener. Padahal nepi ka danget ieu, maranéhna sorangan can bisa ngabuktikeun anu mana jeung anu kumaha ajaran anu pang benerna téh, da kabéh ogé masih cacapa.
Masih mending pamikiranna samodél kitu, ieu mah geus loba golongan anu kumawani ngafirkeun ka jalma anu geus ngucapkeun dua kalimah syahadat nalika dina kahirupan can bisa nanjeurkeun aturan-aturan anu aya dina Qur’an.
Padahal, sanggeus dipikiran mah, naon anu aya dina Qur-an sabenerna mangrupa basis étika jeung ajaran moral. Jalma teu bisa ngabédakeun mana spirit kahirupan jeung naon jawaban kahirupan.
Quran mangrupa basis moral kahirupan, kudu dijadikeun spirit keur nungtun jalma sangkan aya dina jalur anu bener.
Nalika dina Quran aya kecap: Illalladziina Aamanu Wa'amilush-shoolihati, geus pertéla jeung jéntré anu ngaranna Iman téh nauhidkeun Alloh, anu ngaranna amal saléh téh kalakuan anu alus.
Kabéh jalma geus dibéré sénsor jeung impuls anu bener ku Alloh, pagawéan mana baé anu disebut hadé jeung mana anu disebut goréng.
Keur jawaban kahirupan, Alloh geus méré hal anu penting keur jalma nayéta akal. Kitab Suci mangrupa spirit anu kudu mangaruhan akal dina ngawangun jawaban-jawaban kahirupan.
Conto leutik; aturan patalimarga/lalu-lintas jeung transportasi jawabanna tangtu dihasilkeun ku prosés mikirna jalma anu boga kaahlian dina pangaweruh éta. Tafsir-tafsir Quran ogé dihasilkeun ku kaum ulama anu daék mikiran kana ayat-ayat pangéran.
Jadi jelas, Quran salaku kitab suci fungsina keur nempatkeun hiji hal sangkan jalma boga jalur anu bener dina ngagunakeun akalna.
Ulama-ulama salaf geus sataker kebek ngagunakeun akal jeung pamikiranna dina ngahadirkeun ayat-ayat Qouliyyah sangkan bisa ditarima ku jalma anu hirup dina sosio-kultural anu béda-béda, kari-kari ku urang dijadikeun alat keur ngafirkeun jeung nuduh bid’ah ka batur, naon atuh urang disebutna?

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Solat Isya jeung Subuh (Hanca 9)"