Puasa di Lembur: Asoy (Hanca 10)

Beuki euyeubna warung dadakan biasana dina bulan puasa, ngajual rupaning kadaharan keur ngabatalan, sebut baé candil, kolek cau, rujak, jsb.

Sok sanajan di imah geus disiapkeun ku indung ogé angger wé barudak teu weléh kudu jajan, ngagimbung di warung, padedet, da barang beuli téh sok biasa dina wanci nu samporét, ka magribnakeun.

Aya ku héran, tiap warung -dina taun 80-an- sok sanajan dadakan jeung saaya-aya dina tagogna, angger wé laku, nepi ka sababaraha menit méméh magrib téh jualeun geus béak.

Salian ti warung dadakan, aya ogé warung anu matuh, hartina mémang geus aya saméméh puasa ogé, malah geus mangtaun-taun ngadegna, salah sahijina warung Ceu Juju, ngaran pituinna Juliah.

Dina taun 80-90an, warung Ceu Juju pepek ku rupaning barang dagangan, dina bulan puasa ngadagangkeun rupa-rupa kadaharan di antarana mie léor jeung kurupuk asoy. Salian ti éta aya ogé kolek cau, petis bonténg, petis bangkuang, rujak campur, malahan bajigur ogé kungsi aya.

Geus pasti, kadaharan anu jadi primadona dina mangsa harita nyaéta mie léor jeung asoy. Barudak biasa meuli éta kadaharan réngsé dahar di imah. Saméméh ka masigit ngariung heula di warung sabari balakécrakan ngadahar mie léor jeung asoy.

Nikmatna nambahan, padahal dina bulan séjén ogé warung Ceu Juju geus biasa ngajual mie léor jeung asoy. Ceuk urang lembur jeung santri mah nu kitu téh meureun salah sahiji bentuk barokahna bulan puasa.

Barudak éstuning barungah, bagja nakeran, teu mikiran baju dulag anu can kabeuli, anu penting mie léor jeung kurupuk asoy bisa kabeuli, minuhan beuteung. Beuteung teuas hartina tanaga bedas modal keur silih séréd dina prakna solat tarawéh di masigit.
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Asoy (Hanca 10)"