
Euweuh anu béda prak-prakkan solat tarawéh di antara umat Islam sok sanajan béda madzhab anu dicekel. Ngan béda dina jumlah rokaat jeung gancang launna prakna tarawéh baé.
Di Indonésia, kusabab kalolobaanna nyekel madzhab Syafi’i, jumlah rokaat solat tarawéh geus tangtu 20 rokaat ditambah 3 rokaat solat witir. Sawaréhna aya anu sawelas rokaat.
Arék jumlah rokaat mana baé anu dipaké tangtu bener, da duanana miboga dasar jeung dalil. Malahan lamun arék nyonto kana anu kungsi diprakkeun ku Sayyidina Utsman Ibn Affan mah jumlah rokaat solat tarawéh téh bisa nepi ka 36 rokaat, ditambah witir jadi 39 rokaat.
Keur barudak di lembur, dina taun 80-an, lain merhatikeun jumlah rokaat solat tarawéh téh, anu dialap dina solat tarawéh salila bulan puasa nyaéta resepna, patarik-tarik amin, jeung heureuy ti mimiti silih séréd nepi ka silih singsatkeun samping.
Aya ogé kolot anu pipilueun arélég jeung papadana, da ari élég jeung barudak mah meureun matak wirang sieun dicalutak. Kolot samodél kitu sebut baé bubudakeun, jigana keur leutikna kurang élég.
Aya sababaraha hal anu sarua antara hiji wewengkon jeung wewengkon séjén nalika solat tarawéh. Jajaran atawa jumlah shaf solat tarawéh biasana ngurangan ti peuting ka peuting, beuki ngolotan tanggal bulan puasa, jumlah rokaat beuki ngurangan.
Ku nénjo munggaran puasa mah kusabab jamaah tarawéh masih pinuh, sok aya babasaan ti masyarakat: duh tétéla masjid téh geus waktuna diréhab jeung dilegaan. Teu anéh, loba pisan masjid anu dioméan, diaalus, dipapantes, malah diagréngkeun, tapi jauh tina niléy ruhani dina mangsa kiwari.
Ngan geus galib jeung biasa di tiap lembur ogé, peuting kahiji ngalakonan solat tarawéh jumlah shaf atawa jajaran bisa tumplek nepi ka téras masigit. Tah, nalika asup kana tanggal lilikuran, jamaah kari nyésa dua nepi ka tilu jajar.
Mémang kitu biasana, antara kautamaan bulan puasa sok patukang tonggong jeung beuki geruhna pikiran masyarakat ku pasualan matéri, pédah dina tanggal lilikuran mah geus jadi kabiasaan, masyarakat kudu tatahar keur nyiapkeun pangabutuh lebaran.
Dina taun 80-an, kaayaan samodél di luhur can pati euyeub dialaman ku masyarakat pilemburan kusabab di lembur mah dina raraga nyanghareupan lebaran cukup ku barangjieun kalawan 'mandiri'.
Rupaning kuéh dijieun séwang-séwangan, sapuluh poé saméméh lebaran kaayaan lembur geus sarareungit. Dodol, wajit, kuéh paladang, jeung ulén dipoé luhureun suhunan imah. Barudak mindeng pisan maokan ulén jeung dodol anu dipoé.
Ngan ku ayeuna, kalolobaanna masyarakat geus waregah deui barang-jieun kadaharan jeung kuéh keur lebaran antukna leuwih milih meuli baé kuéh anu geus jadi di mall jeung di toko. Harga teu sabaraha. Sok komo nyieun kuéh sorangan mah taranggel nakeran, apapan filosofi kahirupan jaman kiwari mah, sagalana kudu sing sarwa gancang, ceuk basa barudak mah kudu digaskeun!
Saminggu saméméh lebaran, pikiran masyarakat kabagi dua, antara kudu nyiapkeun duit keur meuli pangabutuh jeung pikiran kudu museurkeun diri kana ibadah dina tungtung bulan puasa. Silih séréd téh geuning lain dina prakna tarawéh wungkul, dina kahirupan diri jalma ogé lumasung hal anu sarua, milih matéri atawa rohani.
Sok sanajan kahayang mah kudu saimbang antara materi jeung ruhani, tapi angger baé materi leuwih kuat mangaruhan kana kahirupan urang, alesanna basajan: sabab manusa teu bisa leupas tina materi, nya contona mah kuéh jeung kaperluan keur lebaran.
Ayeuna mah masih jauh ka lebaran. Masigit ogé masih pinuh ku jamaah anu solat tarawéh. Pasar jeung dayeuh can dipinuhan ku jalma-jalma anu baralanja keur nyiapkeun diri nyanghareupan lebaran. Ngan engké mah dina waktuna, tilu poé ka lebaran, jalan-jalan utama di dayeuh pasti metet, masigit jadi longsong ngan dua nepi ka tilu shaf, dieusi ku barisan remako alias aki-aki.
Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Silih Séréd (Hanca 4)"