Harita, dina taun 80-an jalan ogé can pati mahabu ku mobil atawa motor kawas kiwari. Barudak nongtot lého ogé masih kénéh bisa langsung ngampih ka imah nalika ku anu jadi indungna disingsieunan ku sandékala dina wanci panon poé tunggang gunung.
Kusabab ka lembur-lembur can pati kasaba ku motor jeung mobil, kaulinan barudak anyar gedé ogé henteu jauh jeung anu ngaranna kumaha ilaharna barudak lembur anu deukeut jeung alam, pasawahan.
Aya carita, keur nangtukeun mimiti puasa téh pabéja-béja. Kalolobaanna mah nénjo kana almenak. Da almenakna kajaba dieusi ku taun maséhi téh sok ditambahan ku tanggal-tanggal hijriyah jeung Jawi.
Tara pahibut marebutkeun awal bulan, ari lain kabéhdieunakeun aya aliran anyar dina Islam anu dingaranan Islam Jama'ah mah. Stigma ti Intelejen Orde Baru, méré ngaran ka golongan salian Ahlussunah Wal Jama'ah ku kecap Jama'ah, kadieunakeun disebut kelompok ingkar sunnah.
Geus arapal mimiti puasa mah, breng dina tanggal 29 atawa 30 Rewah urang lembur ngasakan sagala anu teu biasa diasakan dina bulan séjén. Da inget kana anu diucapkeun ku kyai dina pangajian: Sing saha anu bungah ku datangna Bulan Romadon, diharamkeun jasadna kana seuneu naraka.
Ngulikbek seungit opor, rendang, jeung goréng hayam. Kasebut dahar gedé lamun dengeunna jeung goréng hayam atawa opor. Bérés maghrib,n dina katél atawa panci geus siap opor hayam atawa daging kebo, tara waka wani didahar da cenah éta mah kadaharan keur engké janari.
Wanci sareureuh budak, masigit leutik jeung masjid jamé heurin usik, pinuh ku anu tarawéh. Urang lembur anu garawé di Jakarta jeung ti pangumbaraan baralik alias mudik heula, biasana pangheulana ka masigit, aya di jajaran kahiji, ka dua, atawa ka tilu.
Kajaba ti hayang mintonkeun diri salaku jalma saksés, ogé aya niat hayang nénjokeun samping anyar ka urang lembur. Masigit anu can dipasangan kipas angin ngelekeb lain lumayan. Beulah tukang, barudak jeung para nonoman ngadon silih réngkas, silih séréd, jeung silih suntrungkeun. Dina amin ogé patarik-tarik.
Bérés tarawéh tara langsung marulang ka imah, ngadon tadarusan di masigit. Puguh keur anu ngaji di masigit mah – tegesna barudak - sok diabsén ku anu jadi guru ngaji, disebutan hiji-hiji ngaranna. Da kabita ku hadiah anu arék dibagikeun nalika lebaran barudak ngadadak garetol ka masigit jeung ngaraji.
Tadarusan dibagi jadi dua kelompok; kahiji, kelompok anu geus karolot, ti taun ka taun biasana rombongan remako (remaja kolot ) ieu teu robah, Mang Jai (alm), Mang Udin Jalu (alm), Bah Samsuri/Mang Ui, jrrd. Kadua, rombongan barudak santri. Tadarusan téh lain sabenerna tadarus anu kudu silih wurukan, tapi sok pagancang-gancang, anu penting dina sapeuting ngaréngsékeun sa-juz.
Éta mah keur barudak santri jeung anu kawilang bageur. Keur budak lengger jeung bangor mah, bérés tarawéh ngadon nyundut petasan. Dina henteuna ogé ngadon moyég, arulin, jeung ucing-ucingan di lapang badminton hareupeun masigit jamé.
Jalan anu can dicaangan ku PJU (Penerangan Jalan Umum) ti PLN ogé ngadadak jadi haneuteun nepi ka wanci sareureuh kolot. Malah lolobana mah teu bisa saré, da isuk-janari arék sahur dahar jeung opor hayam. Dahar badag sataun sakali.
Wanci janari leutik, ramé ku barudak santri anu ngadarulag, babakuna ngahudangkeun sangkan warga masyarakat tatahar sahur. Teu apal aya hadits, anu ngaranna pasunatan dina sahur téh lain paheula-heula jeung pajanari-janari, tapi kudu ngaahirkeun dina sahur, kurang leuwih kana sapuluh menitan méméh imsak atawa manjing ka subuh.
Baheula mah, loba kacaritakeun, sahur téh dina wanci janari leutik, malahan aya anu geus dahar wanci tengah peuting, kyai jeung ustadz mah ngalakonan sholat qiyamullail, ieu mah ngadon cecelebekan dahar jeung opor hayam.
Bérés dahar, ku kolot sok dicaram saré deui, majar matak seuseut rejeki. Gejebur ngadon mandi di calubek atawa di sumur tukangeun imah. Jarang pisan anu boga jamban di jero imah harita mah, anu boga jamban ogé paling diperenahkeun di tukangeun imah. Henteu sieun mandi di calubek anu kudu ngaliwatan kuburan duméh anu ngadon marandi kacida euyeub, kadéngé kénéh kumaha gejeburna sora panyiuk kana cai.
Di masigit geus réang nu pupujian, sakapeung sok dibarengan ku ngabéwarakeun: “Waktos Imsak, kantun lima menit deui..” Barudak dicaram ku anu jadi aki jeung nini, “Geus, bérés daharna, nginum heula, téréh imsak!” . Nginumna lain cai entéh atawa cai hérang, sataun sakali mah salila bulan puasa sok dipangninyuhkeun cai susu, ngarah kuat ceunah ngalakonan puasa nepi ka magrib.
Kolot jeung budak riab ka masigit. Didaradamping, sareungit. Masigit pinuh lain bohong, anu biasana ngan dua jajar téh, jamaah sokat subuh dina bulan puasa mah ngadadak metet nepi ka tukang.
Tanggal hiji nepi ka sapuluh mah bisa pinuh nepi ka térasna. Paheula-heula jeung pahareup-hareup, pédah kabita ku pahala sholat berjamaah jeung sholat wajib nalika bulan puasa. Aya katerangan, pahalana ogé dileuwihan jadi sapuluh kali tikel tibatan bulan séjén.
Réngsé imam solat maca “waladldlaalliin..” anu ngucapkeun amin patarik-tarik, komo nalika maca doa Qunut, amin ogé pajorowok-jorowok. Ngan béda jeung sholat tarawéh, dina prakna sholat subuh mah, barudak anu biasana moyég, silih siku jeung silih tincak suku ogé ngadadak jempé. Teuing alatan suebeuh tas sahur meureun.
Bérés sholat subuh, dituluykeun kana pangajian. Élékésékéng dina ngajina ogé, da kabita hayang nyubuh siga barudak anu geus manjing sawawa. Nepi ka wanci carangcang tihang diwurukan ngaji ku Bapa Mualim, riab kaluar ti masigit dituluykeun ku nyubuh. Tara jauh nyubuh téh, cukup laleumpang, mapay jalan ti Balandongan – Lembur Pasir – Cebék – Cipanengah – Tegallaya – Rawa Bungur – Cibodas – Pasir Pogor – Pangkalan -, padahal lamun diitung mah aya kana 4 kilo méterna. Henteu karasa capé, da leumpangna dibarengan ku gogonjakan.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Ngaji (Hanca 6)"