ADUH... ALAH... HUJAN!

Henteu salah lamun aya jalma anu nyebutkeun bulan Januari téh kirata tina “Hujan tiap hari”(hujan unggal poé). Malahan, lain poé wungkul, soré tug nepi ka tengah peuting ogé bisa jadi. Lamun sastrawan , nu parigel dina ngolah kecap, namplokkeun kaayaan modél kitu kana sajak atawa carita jigana. Teu béda jeung kalolobaanna jalma nu namplokkeun cuaca sapopoé kana ucapan-ucapan saperti: hujan, tiris, ngeunahna nyusu, jrrd. Dina jejaring sosial  ogé teu saeutik nu ngébréhkeun rasa nalika nénjo kaayaan kawas kitu (hujan unggal poé).

Bener, ngaranna ogé jalma, teu bisa leupas tina dua sifat butut: teu ngarasa cukup jeung resep nyawad lamun kaayaan teu ngadukung ka manéhna. Dibéré halodo panjang luh lah; panas téa lah, hésé cai téa lah, komo lamun usum halodo panjang, para Kyai atawa ustadz rajeun ngajak ka jama’ah sangkan ngalaksanakeun sholat Istisqo di lapang, neda doa ka Pangéran sangkan gancang-gancang  diturunkeun hujan. Sanggeus pamaksudan ditedunan ku Anu Maha Kawasa, hujan diturunkeun, dadak sakala do’a dirobah deui, sangkan hujan tong diturunkeun unggal poé. Malahan kahayang mah hujan téh heuleut sapoé.

Jalma mémang béda dina méré kamandang kana hujan. Keur nu pangedulan mah bisa jadi ku seringna turun hujan dijadikeun alesan kuat keur ngagojod unggal poé di kamar. Teu ngadukung kumaha, arék barang siar néang kifayah ogé hujan? Nya, leuwih alus ngaréngsékeun tugas nu peuting can bérés nyaéta awak dibulen ku simbut, nuluykeun saré. Kaum ibu rumah tangga teu saeutik anu gogodeg nénjo hujan turun isuk-isuk, sabari ngalerétan seuseuhaneun.

Tiris? Geus pasti! Ngaranna ogé usum hujan. Teu luh-lah kumaha, duit teu boga, pamajikan keur meujeuhna bulan alaeun, budak salima-lima katarajang ku panyakit. Di dinya pisan karasa pentingna jadi jalma beunghar, boga kulawarga sederhana tapi matri, jeung nyiapkeun sagala rupa nalika kaayaan teu saterusna milih ka diri urang.

Urang, jalma anu ngaku modérn masih kénéh éléh ku sato nu teu boga pikiran. Aya sababaraha sato, kusabab insting kabinatanganna bisa maca kana totondén waktu jeung usum. Keur nyanghareupan usum nu moal mihak ka dirina, éta sato geus bebekelan, nyiapkeun kadaharan keur bekel salila usum nu kacida sanget jeung bisa nyilakakeun dirina. Nyiapkeun sayang atawa panyumputan, supaya manéhna ogé aman tina serangan sato lain.

Urang ogé masih kénéh éléh ku cara hirup jalma-jalma dina tahun 90-an ka handap. Méméh Indonesia ramé ku kompor minyak taneuh, kabéh imah geus pasti miboga hawu. Lain saukur dipaké ngasakan sangu jeung lalawuhna, karasa mangfaatna pisan nalika usum hujan kawas kiwari. Bari ngadagoan sangu asak dina aseupan, jalma harita sabari sidéang atawa siduru hareupeun hawu, teu paduli baju bau haseup ogé, nu penting awak haneut. Ditambah ku meuleum sampeu.

Di wilayah-wilayah sub-trofis jeung iklim kutub, tiap imah sok miboga “parapin/perapian”. Nénjo kitu, anéhna urang sok réa ngaluarkeun alesan; ah, apan di ditu mah iklimna ogé tiis teu kawas di urang, di daérah trofis! Lain éta sabenerna, tapi ditingali tina segi fungsina, da asa pamohalan urang Walanda atawa Inggris ngahurungkeun “perapian” unggal poé. Geus dicontoan ku kolot-kolot urang, maranéhna teu nyieun perapian, da puguh imah ogé masih ku bilik, tapi ku nyadiakeun hawu di dapur ogé geus ka jawab nalika usum hujan datang.

Encan nanaon ieu téh, komo lamun heug di élaborasi leuwih jauh, naon anu diakibatkeun ku hujan di zaman kiwari? Tong jauh-jauh, Sukabumi hiji daérah nu bisa disebut jarang keuna ku anu ngaranna banjir. Atuh dina lima taun ka tukang mah kaalaman ogé ku urang Sukabumi kudu kukucrupakan dina cai banjir, lamun geus saat kukucrupakan dina ci leuncang. Dipikir meureun, naon sababna? Réa jeung réang nu méré kamandang: ieu kulantaran pangwangunan teu tuhu kana AMDAL. Sababaraha wilayah teu boga sumur resapan air, kakalén jeung susukan beuki heureut jeung ngadeétan, floorisasi jeung betonisasingalantarankeun cai teu langsung nyerep ka jero taneuh.

Sing horeng, balahi samodél banjir jeung longsor téh dilantarankeun ku urang-urang kénéh ari kitu mah. Ah, teu paduli, arék nu beunghar atawa miskin, arék pejabat atawa rahayat , arék nu sholéh atawa baragajul ari geus datang banjir mah, kabéh ogé ngarasakeun. Sarua jeung karasa tirisna nalika unggal poé turun hujan. Teu kudu didagoan raatna hujan, da teu dititiah ogé hujan mah bakal raat. [kang warsa]

1 komentar untuk "ADUH... ALAH... HUJAN!"

  1. Ah, ceuk saha tiris? Di Banjar mah suganan hareudang bade usum hujan oge. Kumaha daerahna weh eta mah.

    Nu enak mah ngabubuy hui, mari ngupi, ah ketang hawu na geus tiwas ayeuna mah geus ganti ku kompor gas anu tabungna 3 kg an tea geuning.

    BalasHapus