Sajarah Islam (Basa Sunda)

NABI
 



Salila bulan Romadhon, salah saurang nonoman Arab ngalaman hiji hal anu bakal ngarobah sajarah jeung carita alam dunya. Tiap taun, di Bulan Romadhon, Ahmad (Muhammad) 1)  ngalakonan hal biasa, niis jeung nyorangan di hiji guha nu boga ngaran Hiro di mumunggang gunung, anu kadieunakeun dibéré ngaran ‘Jabal-Nur’, Gunung Cahya, éta gunung pernahna aya di pasisian Makkah. Di éta jero guha, Muhammad ngalobakeun dzikir, méditasi, tapa, ngado’a, jeung nalika turun gunung ngalobakeun jariyah ka fakir miskin anu aya di Makkah.

Jauh saméméh kitu, Muhammad anu baris diangkat jadi rosul geus ngarasa melang ku sababaraha hal anu dianggap mangrupa krisis jeung pageblug di wewengkon Arab. Sok sanajan dina widang usaha jeung pakasaban, kaum Quraisy geus panggih jeung kamajuan nalika ngayakeun usaha dagang jeung jalma-jalma anu aya di wewengkon Arab. Hanjakal, keur ngudag kaluginaan hirup, niléy jeung moral anu biasa dimumulé ku karuhun Arab geus mimiti mélékététét, kawas ajug anu béakeun minyak. Tibatan kudu nanjeurkeun sikep gemeinschaft, silih tulungan, jeung sikep-sikep altruis, tiap Kabilah atawa séké sélér di wewengkon Arab leuwih milih kumaha cara ngamakmurkeun golonganna, sabari teu nolih kumaha golongan séjén. Perang keur ngudag kamashuran jadi pilihan.

Di ampir kabéh wewengkon Arab, kabilah-kabilah anclub kana perang anu kacida rongkah. Sirik pidik ngabalukarkeun kahirupan dibulen ku sikep dendem, ceuli kudu dibales ku ceuli, nyawa kudu dibales ku nyawa deui. Sababaraha jalma ti Arab kénéh malah miboga pamikiran, lamun bangsa Arab mangrupa hiji bangsa ‘pacundang’ anu jauh jeung sikep kamajuan dina sagala widang, ngarasa anéh, jeung diantep ku Pangéranna sorangan.

Salian masalah éta, dina mangsa harita, jalma-jalma di wewengkon Arab, utamana Makkah, keur ngalaman hiji hal anu dahsyat, rarampa jeung cacapa, tagiweur kusabab kahirupan garing tina cai spiritualitas. Masarakat Arab boga pamadegan, agama Yahudi jeung Kristen anu diagem di wewengkon kakawasaan Bizantium, Romawi leuwih maju tibatan ageman paganisme Arab. Kalolobaan masarakat Arab oge – dina hal kayakinan – boga pamadegan lamun Al-Latta, salah sahiji pangéran anu disembah ku maranéhna mangrupa pangéran anu sarua disembah ku Yahudi jeung Kristen. Ngan maranéhna boga pikiran, kunaon sababna Al-Latta, pangéran anu disembah ku urang Arab teu atawa can pernah ngirim saurang ogé anu disebut nabi keur masarakat Arab? Ogé henteu miboga kitab suci anu diserat jeung dibacakeun dina basa maranéhna. Ku kaayaan samodél kieu, kaum Yahudi jeung Kristen mindeng nyeceléh ka urang Arab mangrupa hiji kaum anu dianaktérékeun ku Pangéran, teu direncanakeun ku Pangéran jadi hiji bangsa anu miboga nabi ogé kitab suci!

Kamandang di luhur ngadadak eureun, nalika dina hiji peuting, tanggal 17 Romadhon, Muhammad ngarasa dirina dipinuhan ku cahaya, dihareup ngajirim hiji mahluk anu pikasieuneun, nangkeup ragana, nepi ka kaluar ucapan mangrupa wahyu tina kitab suci ‘anyar’ ngagunakeun Basa Arab. Diucapkeun deui ku dirina lalaunan, hawar-hawar: Iqro bismirobbikalladzi kholaq! 2)

Rosul leuwih milih cicing jeung henteu ngabéjakeun naon anu kaalaman ku dirina salila dua taun. Wahyu anyar éta ngan diobrolkeun ka Khadijah jeung dulurna: Waroqoh Ibn Naufal, salah saurang anu ngagem Kristen Arianisme. Khadijah jeung Waroqoh boga kayakinan, naon anu katampa ku Rosul mangrupa wahyu anu turun ti Alloh. Nepi ka tungtung taun 612, Rosul ngawanikeun diri ngaguar pangalaman spiritualna, ngajak kalawan susulumputan nepi ka boga jalma-jalma anu ngarojong ka Rosul, diantarana: Ali ibn Abi Tholib, Abu Bakar , jeung Utsman Ibn Affan. Lolobana anu ngarojong kana da’wah Rosul nyaéta jalma-jalma miskin, golongan anu teu resep ku ayana masalah sosial anu ngarugikeun ieu kelompok di Makkah, jalma-jalma anu ngarasa kasingkirkeun tina kahirupan anu teu mihak ka diri maranéhna.

Eusi da’wah Rosul kacida basajan, henteu ngajarkeun doktrin anyar ngeunaan Pangéran keur bangsa Arab; jalma-jalma anu ngarojong da’wah Rosul, ogé lolobana urang Quraisy geus nyekel kayakinan yén Alloh anu nyiptakeun ieu alam dunya jeung bakal ngayakeun balitungan keur jalma-jalma di poé anu geus ditangtukeun, sarua jeung naon anu dipercaya ku urang Yahudi jeung Kristen. Rosul henteu boga kamandang kudu ngadeugkeun jeung nyieun agama anyar, Rosul ngan mawa jeung nepikeun kayakinan heubeul kudu yakin Ka Alloh anu sahiji ka bangsa Arab anu can pernah boga nabi saméméhna.

Rosul ngaluarkeun kamandang, ngungudag kabeungharan keur diri sorangan, rakus, harak, jeung sarakah mangrupa hal anu salah. Nu kudu ditanjeurkeun nyaéta ngangkat harkat jeung martabat jalma-jalma lemah jeung miskin. Lamun masarakat Quraisy teu boga cara keur ngoméan kahirupan anu ruksak kawas harita, bangsa Arab utamana Quraisy bakal tumpur ludes, saperti kaum-kaum baheula anu ngarempak aturan-aturan Alloh dina mangsa baheula. Ieu pisan amanat anu ditepikeun dina kitab suci anyar anu dingaranan Quran (bacaan). Kusabab dina mangsa harita, kalolobaan urang Quraisy kaasup Rosul mangrupa jalma anu henteu bisa maca, ajaran anu diserep ngaliwatan naon anu dibaca, didéngé, kalawan tauqifi, ayat ka ayat, surat ka surat, anu diturunkeun ka Rosul salila dua puluh dua taun leuwih. Eusi Quran mangrupa jawaban pasoalan-pasoalan anu karandapan ku hiji golongan anyar, hiji oikuméné jalma-jalma iman (mu’miniin). Dina narima wahyu, Rosul mindeng ngarasa hal-hal anu beurat kacida. Ceuk Rosul dina hiji mangsa ka para sohabat, “ Teu pernah sakali ogé, kaula narima wahyu, lamun henteu ngarasa nyawa kaula rék leupas tina raga!”

Ku kaum orientalis jeung sékuler mah kajadian anu tumiba ka Rosul samodél kitu téh dilantarankeun kusabab pasoalan anu disanghareupan kajida rongkah jeung pohara. Rosul bener-bener ngarasakeun kalawan jero kumaha runyemna pasoalan dina sagala widang anu keur disanghareupan ku bangsa Arab harita. Salila narima wahyu ayat ka ayat, surat ka surat, Rosul kudu manggihan jalan kaluar lain saukur pasoalan politis ogé pasoalan-pasoalan spiritual. Eusi Quran geus ngaruntagkeun sastrawan-sastrawan kaum Quraisy dina hal kaéndahan kecap jeung kalimah. Umar ibn Khathab, mangrupa hiji jalma anu pohara nagtang kana ajaran anu dibawa ku Rosul, salaku hiji jalma anu getén neuleuman sastra jeung puisi Arab, ngarasa hélok nalika ngadéngé dibacakeun ayat-ayat Quran, nepi ka Umar milih pindah kayakinan. Umar pernah wakca: “ nalika kaula ngadéngé Quran dibaca, haté kaula ngadadak leuleus, kaula ceurik, ajaran anu aya dina Quran saolah asup kana diri kaula!” 3)


1.     "Dan (ingatlah) ketika Isa ibnu Maryam berkata: “Hai Bani Israil, sesungguhnya aku adalah utusan Allah kepadamu, membenarkan kitab sebelumku, yaitu Taurat, dan memberi kabar gembira dengan (datangnya) seorang Rasul yang akan datang sesudahku, yang namanya Ahmad (Muhammad).” Maka tatkala rasul itu datang kepada mereka dengan membawa bukti-bukti yang nyata, mereka berkata: “Ini adalah sihir yang nyata.” (Ash Shaff [61]: 6)
2.     Q:S Al-‘Alaq 1-5
3.     Muhammad ibn Ishaq, Sirat Rosulullah, hal. 158










TINA PAGANISME KANA MONOTEISME
 




Ajaran anyar - ku kaum oriéntalis jeung sékulér murni disebut sempalan atawa sékté - dibéré ngaran Islam (sumerah diri); jalma - arék lalaki atawa awéwé - anu anclub kana ieu agama, disebut muslim, sing saha baé anu sagemblengna masrahkeun diri ka Alloh jeung kana naon anu diparéntahkeunNa. Manusia diparéntah kudu ngaheulakeun sikep adil, sarua dina harkat jeung martabat, jeung mintonkeun kanyaah ogé silih pikanyaah jeung papada. Sikep-sikep éta mangrupa maniféstasi tina kawajiban utama muslim, ngadeugkeun sholat.

Sikep ashobiyyah, étnosentrisme anu geus ngakar jeung ngawujud di masarakat Arab harita ditumpurludeskeun lalaunan. Budaya anu mahabu harita nyaéta, ayana kelas-kelas sosial, gegedén mangrupa puseur kahirupan sosial henteu bisa ngaréndéng jeung jalma biasa, rahayat leutik. Maniféstasi sholat anu ngawujud dina kahirupan ieu tangtu dianggap hiji hal anu patukang-tonggong jeung kahirupan harita. Kabéh jalma kudu sujud babarengan, sajajar antara cacah jeung ménak, sok sanajan para gegedén Arab harita henteu nyatujuan kana konsép monarki, tapi sahenteuna maniféstasi sholat anu ngadeug dina kahirupan hiji hal anu mustahil bisa ditarima ku urang Arab utamana para ménak.

Geus puguh kana niléy dasar Islam saperti kaadilan sosial, manusa miboga harkat jeung martabat anu sarua, kacida henteu disatujuan ku para gegedén Arab. Kawajiban anu diparéntahkeun dina Quran keur ngawujudkeun kaadilan nyaéta, Rosul jeung urang Arab anu geus asup kana agama Islam kudu ngawangun hiji golongan, kelompok, atawa komunitas (ummah) anu miboga ciri utama; welas asih, harta jeung raja kaya dibagi kalawan walatra. Hal ieu dianggap mangrupa pasoalan penting tibatan ajaran doktrin ngeunaan Pangéran. Sikep jeung kamandang purbasangka ngeunaan éksisténsi Pangéran mangrupa hal anu ditolak ku Islam, agama anyar ieu leuwih meredih ka ummatna sangkan daék ihtiar , mikir, jeung bener-bener dina ngagunakeun poténsi dina nyanghareupan hirup anu disebut Jihad.

Kamandang di luhur tangtu miboga akibat sajajar, lamun kaayaan ummah aya dina kamajuan jeung kaluginaan hirup ieu mangrupa tanda muslim geus hirup saluyu jeung naon anu diparéntahkeun ku Alloh, geus hirup saluyu jeung kersaNa Alloh, jeung geus manggih kahirupan anu bener-bener Islami. Nalika hal éta can kacumponan, balukarna, ummah bakal tetep aya hirup dina sarwa kakurangan, moal pernah cukup.

Sabenerna, lamun niténan kana sajarah, sakumaha anu mindeng ditulis ku para sejarawan, ngaronjatkeun kaadilan dina kahirupan jeung ngawujudkeun welas asih mangrupa tujuan jeung hal penting dina tiap agama salila Jaman Aksial (700 SM – 200 SM), kamajuan kahirupan di tiap wewengkon kudu ngébréhkeun tujuan utama anu baris megarkeun rasa salaku manusa. Taoisme jeung Konfusionisme di Cina, Hindu jeung Buddha di India, monotéisme di Timur Tengah, jeung Rasionalisme di ‘Barat’. Kabéh agama boga tékad ngabenerkeun jeung ngaréformasi paganisme heubeul kusabab kahirupan beuki kompléks, hétérogén, ditandaan ku beuki majuna jalma dina sagala widang kahirupan. Jalma jadi beuki museurkeun diri kana kayakinan hiji ‘Pangéran’.

Kahirupan tradisional anu dipangaruhan ku hasil agraris nempatkeun hiji kamandang anu jelas, ékonomi masarakat disebut maju nalika hasil tatanén bisa nyukupkeun masarakat. Supaya henteu bral dominasi jeung monopoli ku hiji golongan, agama-agama ngaluarkeun kawijakan pentingna nerapkeun sikep welas asih, anu leuwih ku harta kudu ngaluarkeun sawaréh hartana. Dina agama anyar di Makkah ogé kitu, zakat mangrupa hiji kawajiban keur ngaraketkeun jalma anu mampu jeung cacah. Para gegedén Quraisy tangtu nolak kana ieu hal, masarakat anu hirup cukup tina widang usaha dagang miboga kamandang; hasil usaha mangrupa tarékah jeung ikhtiar séwang-séwangan henteu dipangaruhan ku batur komo jalma-jalma miskin! Dina kayakinan ogé – asalna – masarakat Quraisy nolak sagemblengna kana monotéisme anu geus dibawa ku agama-agama anyar jeung Islam, ceuk pikir maranéhna; ku lobana pangéran anu disembah boga harti tiap kahayang bakal leuwih gancang kacumponan. Ngan ku kamajuan cara mikir, sanajan telat, akhirna masarakat Quraisy, lila-lila mah milih kana monotéisme anyar. Arab anu leuwih deukeut jeung kabiadaban siap narima kana kaimanan anu datang ti Rosul, hiji jalma anu dilahirkeun di masarakatna sorangan, milih agama anyar; Islam.

Sok sanajan aya transformasi jeung réformasi tina paganisme kana monotéisme, lain hartina para nabi kudu numpurludeskeun kabéh tradisi, kabiasaan, jeung adat masarakat di wewengkonna séwang-séwangan. Di Makkah, Rosul saukur ngajak ka masarakat harita sangkan ninggalkeun pangéran-pangéran anu disembah; Al-Latta, Manat, jeung Al-Uza, tapi kudu nyembah jeung ngabdi ka hiji Pangéran, Alloh. Perang kabilah dilantarankeun ku lobana pangéran anu disembah, di Arab, tiap wewengkon miboga pangéran anu béda, hénotéisme, pangéran ngan diaku aya ku hiji kabilah bari nganggap lamun kabilah séjén miboga pangéran anu béda. Ngan kucara milih kakinan monotéisme, yakin ka hiji Pangéran, Alhamdulillahi robbil ‘alamin, Gusti Alloh anu sahiji, malikinnaasi, bangsa Arab bakal maju, bakal miboga visi jeung misi anu hiji!

Rosul ogé mertélakeun, ajaran anu dibawa ku nabi jeung rosul ti mimiti alam aya nepi ka mangsa iraha baé ogé sarua. Alloh geus ngutus para nabi ka tiap wewengkon jeung bangsa anu mawa ajaran tauhid. Dina tradisi Islam disebutkeun aya 124.000 nabi anu geus diutus ku Alloh ka tiap-tiap wewengkon, hartina, Alloh moal ngantep ka hiji kaum sangkan teu boga pangarti jeung kanyaho kana hal-hal kaimanan. Sanajan para nabi miboga cara anu béda-béda tapi naon anu disebarkeun ka kaumna tetep sarua, kayakinan Tauhid. Quran malah mertélakeun; innaalldziina amanu walladziina haaduu wan-nashaaraa, wash-shaabiina man aamana billaahi wal yaumil aakhiri falahum ajruhum ‘inda robbihim walaa khaufun ‘alaihim walaahum yahzanuun.(Saéstuna, jalma-jalma Iman , Yahudi, Kristen, Shaabiin, sing saha anu iman ka Alloh jeung poé akhir, mangka keur maranéhna nyaéta ganjaran/pahala ti pangéranna jeung moal aya kasieun jeung moal aya kasedih).


KA’BAH
 




Dina seratan ka-dua, “ Sajarah Islam: Tina Paganisme Kana Monotéisme” disebutkeun, Rosul henteu ngusik-ngusik tradisi bangsa Arab sagemblengna, ogé henteu ngangajak dua golongan; Yahudi jeung Kristen sangkan pindah kayakinan kana Islam, kajaba lamun jalma-jalma anu aya dina éta dua golongan milih asup kana Islam kalawan pilihan sorangan. Rosul ngan saukur méréskeun substansi tradisi bangsa Arab anu geus leupas tina tujuan asal. Dina kitab suci dipertélakeun; euweuh paksaan keur asup kana agama Islam. Ka jalma-jalma anu geus milih Islam, Rosul maréntahkeun kudu ngahormat ka dua golongan; Yahudi jeung Kristen. Dua golongan ieu disebut ‘Ahlul Kitab’ dina Quran, anu bisa dibéré harti “ umat anu meunang wahyu saméméhna”.

Rosul sadar, nolak sagemblengna tradisi anu geus nyaliara dina kahirupan masarakat Arab sarua hartina megatkeun hubungan jeung mangsa anu geus karandapan, sarua ogé mere harti merangan ka umat-umat anu geus leuwih tiheula narima wahyu. Udagan Rosul ngan hiji, kumaha carana sangkan wahyu anu ditarima ku dirina bisa ngakar jeung ngabeungkeut kahirupan urang Arab sagemblengna, ‘Fissilmi Kaffatan.”

Rosul henteu ngancurkeun tradisi anu dijaga ku karuhun Arab. Tradisi ritual anu biasa jeung galib dilakukeun di deukeut Ka’bah tetep dipiara. Ka’bah hiji ‘kuil’ atawa wangunan mangrupa ‘kubus’ atawa kotak anu diadeugkeun di jantung Kota Makkah, mangrupa puseur paling utama dina prakték ibadah di masarakat Arab harita. Kultus jeung ritual di Ka’bah geus dilakukeun ku karuhun-karuhun Arab, bisa kawilang mangrupa ritul buhun/kuno.

Hanjakal, ritual jeung ibadah di deukeut Ka’bah dina mangsa harita geus méngpar jauh tina konsép ibadah anu sabenerna. Éta anu dirobah ku Rosul, ku cara pikir basajan bisa disebut, Ka’bah geus dipopohokeun ku bangsa Arab, kusabab kalindih ku berhala-berhala pamujaan anu jumlahna nepi ka 360 berhala. Sanajan kitu, masarakat Arab angger mikareueus kana Ka’bah, tiap taun, wangunan tina batu éta dijarahan ku masarakat Arab, tumplek dina bulan anu ditangtukeun, dzulhijjah. Urang Arab jahiliyyah ngalakonan ritual - anu sarua jeung biasa dilakukeun nalika ibadah haji; towaf, ngurilingan Ka’bah tujuh puteran, nurub cupu kana kumaha muterna panon poé ngurilingan Bumi, paham géoséntris dicekel pageuh mangsa harita, lamun bumi mangrupa puseur tata surya. Nyium Hajar Aswad anu napel pageuh di juru Ka’bah, urang Arab boga anggapan lamun Hajar Aswad téh mangrupa météorit anu ragrag ka bumi, mangrupa panghubung kakuatan surgawi jeung situs Ka’bah anu aya di bumi.

Urang Arab anu ngalakonan ibadah /ritual haji ogé kudu lulumpatan ti Safa ka Marwa. Anu saterusna ngangsreug ka Padang Arafah, maranéhna nyileuk henteu saré sapeuting jeput, neruskeun muru ka Muzdalifah, ngabalang Jumroh di Mina, nyukuran buuk, disampurnakeun ku meuncit sato minangka kurban, megatkeun sifat sato dina diri mangsa poé panungtungan ritual haji.

Tujuan utama jeung kahayang masarakat Arab Jahiliyah diwakcabalakakeun di deukeut Ka’bah. Aya larangan anu henteu meunang dilakukeun nalika ritual di Ka’bah; perang, maéhan sato leutik, nepi ka ngucapkeun omongan garihal jeung kasar. Akibat anu dirasakeun ku masarakat Makkah nyaéta kauntungan tina widang dagang. Rasa aman ngajamin urang Makkah keur ngalap untung tina ritual di deukeut Ka’bah. Rasa aman éta ngawujud, salila prak-prakkan ritual haji, saha baé teu dimeunangkeun mawa pakarang komo nepi ka papaséaan, kacida dilarang.

Tradisi ritual haji tetep dijaga ku Rosul. Rosul sorangan kacida reueus jeung mika cinta ngalakonan ibadah di deukeut Ka’bah; mindeng umroh, maca Quran di gigireun Ka’bah. Ka’bah sorangan, sabenerna diwangun ku masarakat Arab dina raraga munjung ka Dewa anu dianggap paling agung, Hubal, déwa kaum Nabatéan, jeung aya 360 patung anu ditempatkeun sakuriling ogé di jero Ka’bah, bisa jadi jumlah berhala éta ngawakilan jumlah poé dina sataun (360 poé).


HIJRAH
 




Da’wah salila dua satengah taun anu dilakonan ku Rosul di Makkah ngan bisa ngahasilkan kurang leuwih tujuh puluh kulawarga anu asup kana agama anyar, Islam. Jumlah sakitu tangtu henteu mawa pangaruh anu pohara kana éksisténsi para gegedén Makkah, agama anyar dianggap lain ancaman keur kaimanan anu salila ieu diagem, di wariskeun ti karuhun Arab ngaliwatan sababaraha generasi.

Dina taun 616 M, para gegedén jeung masarakat Makkah mimiti boga anggapan lamun ajakan jeung ajaran anu dibéwarakeun ku Rosul mangrupa ancaman seurieus, lain saukur keur kahirupan sosial wungkul, ogé jadi ancaman kana kaimanan anu salila ieu dipertahankeun di Makkah. Para gegedén jeung masarakat Makkah nganggap, eusi ajaran Rosul patukang-tonggong jeung naon anu geus diwariskeun ti karuhun Arab. Eusi ajaran anu dibawa ku Rosul kacida nganggap réméh kana ajaran anu dicekel ku masarakat Makkah harita. Maranéhna boga anggapan, jalma anu ngaku-ngaku nabi anyar sabenerna lain nabi tapi mangrupa ‘tukang sihir’ jeung dukun anu pura-pura ngaku diutus ku Alloh kusabab boga niat ngagulingkeun kakawasaan kaum aristokrat Makkah.

Dina pasoalan kaimanan, naon anu salila ieu dianggap mangrupa kaimaman masarakat Makkah diadurengéskeun jeung kayakinan anyar. Masarakat Makkah henteu boga kayakinan saeunggeus maot jalma bakal dihirupkeun deui, ditimbang amal hadé jeung goréngna. Masarakat Makkah mangrupa hiji komunitas kapitalis kuno anu teu boga kayakinan samodél kitu, hirup ngan saukur di dunia, kabagyaan jeung kasangsaraan di dunya dipangaruhan ku préstasi hirup salila di dunia, jalma disebut bagya nalika jadi ‘tukang dagang’ anu saksés. Moal anya kahirupan sanggeus manusa maot! Ajaran anu dibawa ku Rosul ngébréhkeun sabalikna, kanikmatan bakal diala ku jalma di akhérat anu ngalakonan kahadéan nalika di dunya. Aya anu disebut poénan pangwalesan, jalma bakal dibales kusabab kalakukan anu dilakonan ku jalma nalika hirup di dunya.

Ajaran samodél kitu dianggap saukur dongéng ku masarakat Arab anu nolak kana ajakan jeung ajaran Rosul. Ngan, sok sanajan dianggap dongéng, ajaran anu diadopsi tina tradisi Yudéo –Kristiani ieu geus neunggeul kana kayakinan masarakat Makkah harita. Euweuh deui cara, Rosul jeung saha baé anu ngadukung kana agama anyar kudu diusir jeung ditumpurludeskeun ti Kota Makkah. Masarakat Makkah anu diluluguan ku Abu Al-Hakam anu sok disebut Abu Jahal (politisi Makkah), Abu Sufyan (Sodagar Makkah), jeung Suhail ibn Amr (tokoh agama ‘kafir’ anu taat) nyieun cara keur ngusir Rosul jeung jalma-jalma anu ngagem agama Islam. Kompanyeu anti Islam disebarkeun ka masarakat, Rosul dibéwarakeun mangrupa hiji ‘ancaman’ anu baris ngaruntuhkeun dominasi kaimaman karuhun Arab anu sakuduna dipupusti. 

Tilu gegedén Makkah ngaluarkeun kawijakan anyar jeung dianggap populis ku masyarakat Makkah. Tina widang politik, Abu Jahal nandeskeun; kelompok anu satia ka Rosul kudu dijauhan, pegatkeun hubungan nanaon ogé kaasup hubungan kulawarga. Tina widang ékonomi, Abu Sufyan ngajak ka para sodagar jeung ‘tukang dagang’ di Makkah sangkan nutup hubungan dagang, boikot ékonomi kelompok Rosul! Hartina, henteu meunang saurang ogé ngajual kadaharan (sembako) ka kelompok Rosul. Boikot ékonomi ieu anu ngabalukarkeun Rosul jeung tujuh puluh kulawarga anu geus milih Islam hirup dina sarwa kakurangan, ogé kalaparan. Ieu salah sahiji hal anu ngabalukarkeun istri Rosul, Khodijah, mulih ka jati. Mangrupa taun kasedih anu sok disebut ‘ammul-huzni’.

Salian ditinggalkeun ku Khodijah, Rosul ogé ditinggalkeun ku jalma salaku anu ngajaga kana dirina, Abi Tholib. Ku maotna Abi Tholib – sok sanajan teu asup Islam – ieu mangrupa hal beurat anu disanghareupan ku Rosul. Kaleungitan Abi Tholib boga harti geus euweuh deui jalma anu bisa ngajaga kana diri Rosul. Dina kahirupan Arab anu kentel ku perang jeung bales dendem, hiji jalma bisa dipaténi kitu baé jeung henteu kudu aya anu mangbaleskeun nalika teu boga jalma anu bisa ngajaga kana diri si jalma anu dipaténi. Masarakat Makkah beuki laluasa dina nyebarkeun ancaman ka kelompok Rosul. Jalma-jalma anu geus asup Islam meunang siksaan ti masarakat Arab, aya anu dipecut, dibalédogan ku batu, jeung dipoé dicangcang dina tihang di sagara keusik anu panas. Bari henteu dilawan ku Rosul. Sikep ngantep Rosul ieu dihartikeun ku masarakat Makkah geus mangsana anu kudu disiksa jeung dipaténi téh nyaéta Rosul sorangan. Rosul ogé boga pamadegan, posisi ummah (kelompok jalma-jalma anu iman) geus moal bisa dipertahankeun deui di Makkah.

Kurang leuwih 300 kilométer kaléreun Makkah aya hiji kota, dibéré ngaran Yatsrib. Masarakatna hirup dina widang tatanén (agraris). Geus ninggalkeun kahirupan nomadén (pundah-pindah), aya dua séké-sélér anu kawilang dominan; Aus jeung Khajraz. Sok sanajan hirup di hiji Kota, dua séké-sélér ieu masih mertahankeun kana tradisi Arab, papaséaan. Mémang geus aya ‘itikad anyar, geus waktuna papaséaan jeung perang antara dua séké-sélér ieu dieureunan. Tradisi di Arab, tiap taun jalma-jalma anu aya di éta jazirah pasti ngalakukeun ziarah ka Makkah, ngadatangan Ka’bah. Keur masarakat Yatsrib, ide-ide jeung ajaran anu ditepikeun ku Rosul lain hiji hal anyar jeung anéh. Di Yatsrib, geus aya komunitas Yahudi, bisa dipastikeun hubungan Aus-Khajraz jeung tilu komunitas Yahudi ngabalukarkeun geus jadi hal biasa ide-ide monotésime dibahasakeun, lain hal anéh.

Ku hal éta, nalika di Makkah aya kelompok anu ngaguar pasoalan monotéisme terus disiksa kalawan ngaleungitkeun rasa kamanusaan, kaluar sikep émpati ti masarakat Yatsrib ka kelompok Rosul. Ide-ide monotéisme ti masarakat Yahudi geus mawa pangaruh gedé ka masarakat Yatsrib. Sikep ashobiyyah di dua golongan, Yahudi boga anggapan sok sanajan Aus jeung Khajraz miboga simpati keur ngagem kayakinan monotéisme tapi agama Yahudi teu bisa diagem ku séké-sélér anu lain turunan ti Ya’qub (Isroil). Sabalikna, masarakat Arab Yatsrib kacida hayangna ngagem ide-ide monotéisme anu kudu dikedalkeun ku urang Arab sorangan. Patepungna kamandang ieu antara ide monotéisme masarakat Yatsrib jeung Rosul ngajadikeun cukang lantaran lumangsungna ‘baiaturridwan’, jangji ti masarakat Yatsrib ngagem monotéisme anu dibawa ku urang Arab pituin, Islam. Dina taun 620, para gegedén jeung masarakat Yatsrib anu ngayakeun ziarah ka Ka’bah ngucapkeun janji satia jeung sababaraha ide anyar; kudu ngahijina dua golongan (kelompok Rosul jeung masarakat Yatsrib, dieureunkeunna papaséaan antara Aus jeung Khajraz, kudu silih buméla antara jalma-jalma anu boga kayakinan monotéisme dina raraga merangan paganisme Arab.

Dina taun 622, urang Makkah anu geus asup Islam pindah (hijrah) ka Yatsrib kalawan rerencepan. Hijrahna komunitas jalma-jalma anu iman henteu sakumaha ramé jeung anu biasa dicaritakeun, éstu rerencepan, henteu sarua jeung éksodusna kaum Yahudi ti Mesir ka Kanaan. Rosul jeung Abu Bakar mah malah jalma anu pang pandeurina pindah (hijrah) ti Makkah ka Yatsrib, anu sababaraha taun ka hareup ieu tempat diganti ngaran jadi Madinah (Kota).


YATSRIB
 



Tempat tujuan hijrah Rosul jeung jalma-jalma anu geus asup Islam tina asal ngaran Yatsrib diganti jadi Madinah (Kota). Dingaranna kitu boga harti , di Madinah pisan ummah geus miboga pola masarakat muslim anu paripurna. Nalika kaum muhaajirin jeung anshor ngahiji, hal anu pangheulana dilakukeun ku Rosul nyaéta ngadeugkeun masjid (tempat sujud) anu ngébréhkeun wangunan basajan, tihang tina tangkal korma jeung dipapaésan ku batu minangka arah kiblat, dipapaésan ku paimbaran tempat ngadeug Rosul keur méré papagah anu disebut khutbah. Rosul miharep, dina mangsa anu bari datang, model masjid anu diwangun di Madinah ieu sakuduna dijadikeun conto masjid di mana baé, lain némbongkeun kaagréngan tapi tiis ku anu ngama’murkeunna.

Masjid anu diwangun ku Rosul ogé ditambahan ku buruan, tempat ummah ngumpul ngariung, nyawalakeun sagala pasoalan social, politik, militer, jeung agama. Rosul jeung istri-istrina cicing di hiji rohangan anu aya sisieun buruan masjid. Kacida béda jeung garéja Kristen, anu misahkeun kahirupan sapopoé, garéja ngan dikhususkeun keur ibadah wungkul. Di masjid anu diwangun ku Rosul mah, euweuh hiji hal ogé dina kahirupan anu henteu dibahas. Ku pikiran basajan, tujuan Quran henteu misahkeun antara pasoalan duniawi jeung ukhrowi, hal-hal sacral jeung profane, agama jeung politik, séksualitas jeung ibadah, kabéh ngahiji.

Rosul nandeskeun, sagala rupa kahirupan miboga hal-hal anu suci, kudu dibawa kana hal-hal ilahiyah. Kudu ngahijina kahirupan masarakat kalawan sagemblengna, anu bakal mawa ummah bakal leuwih deukeut jeung Pangéranna.

Rosul kacida bagya hirup di Madinah, ummah bisa leuwih laluasa ngayakeun hubungan bari gawé rancagé jeung séké-sélér Yahudi, malahan geus ngawanohkeun sababaraha amalan siga sholat barjamaah dina poé Juma’ah, nalika kaum Yahudi keur nyiapkeun diri keur ibadah di poé Saptu (Sabat), ogé nalika kaum Yahudi ngalakonan puasa dina poénan Yom Kiffur, keur ngadeukeutkeun lamun Islam kacida deukeut jeung Yudaisme (Ajaran kaum Yahudi).

Hanjakal, tarékah Rosul samodél kitu diapilainkeun ku kaum Yahudi. Rosul kacida kuciwa nalika kaum Yahudi henteu ngaku kana kanabianna. Sabab, kaum Yahudi boga kamadang, mangsa kanabian geus beak, teu anéh lamun kaum Yahudi teu bisa narima kana kanabian ti urang Arab. Katinggali dina sababaraha ayat Quran, perang pamikiran antara Rosul jeung Yahudi kacida rongkahna, hésé ngudar benang pagujud dina ieu pasoalan. Kisah-kisah kanabian anu aya dina Quran jeung naon anu katarima dina tradisi Yahudi loba anu béda, kaum Yahudi mindeng ngahina kana kisah-kisah anu dibacakeun ku Rosul. Antukna tilu séké-sélér Yahudi henteu bisa narima kana kakawasaan Rosul di Madinah, maranéhna nyieun tarékah kumaha cara ngusir deui Rosul jeung Ummah ti ieu tempat.

Tapi masih aya sababaraha kaum Yahudi anu tetep ngajaga hubungan jeung ummat Islam, malah méré pangarti ngeunaan eusi Kitab Taurat ka Rosul. Hiji carita dina Kitab Kejadian dina Taurat ngeunaan Ibrahim anu miboga dua budak (Ishaq jeung Isma’il), geus direncanakeun ku Pangéran dina hiji mangsa salah saurang budak Ibrahim nyaéta Isma’il bakal jadi nabi anu diutus jeung jadi karuhun urang Arab. Gening urang Arab ogé masih boga hancengan jeung geus aya dina scenario Pangéran, hal éta kacida nyugemakeun ka diri Rosul. Dina tradisi Arab, Ibrahim nempatkeun Hajar jeung Isma’il di Makkah, malah miboga kayakinan, Ka’bah anu diwangun ku nabi Adam kusabab ruksak terus diadeugkeun deui ku Ibrahim minangka bapa kaum monotéis.

Hal anu disangka ku Rosul nyalahan. Rosul asalna boga anggapan konsép monotéis Yahudi-Kristen sarua jeung naon anu katarima ku Rosul. Konsép téologis dua kayakinan (Yahudi jeung Kristen) téh gening pajauh jeung naon anu disangkakeun. Dina taun 624, Rosul ngalakukeun hiji tindakan –bisa disebut kacida monumental – nyaéta mindahkeun arah kiblat nalika sholat, anu asalna nyanghareup ka Yerussalem jadi ka Makkah. Ieu mangrupa simbul, ku cara mindahkeun arah kiblat ti Yerussalem jadi ka Makkah méré harti lamun Rosul jeung umat Islam teu boga gantar kakaitan deui jeung ajaran Yudaisme, tapi leuwih milih balik kana ajaran murni monotésime Ibrahim. Ibrahim anu geus aya saméméh Taurat jeung Injil diwahyukeun, saméméh ajaran Ibrohim direcah jadi sempalan- dua agama anu silih goréngkeun. Rosul ngadéklarasikeun milu kana Millata Ibroohima Haniifan, jalan lempeng anu geus dicukcruk ku Ibrahim.


PERANG
 



Dirobahna arah kiblat ti Yerussalem ka Makkah ku Rosul ngabalukarkeun beuki bungahna urang Arab di Madinah. Ku basa umum dihartikeun; mimiti ayeuna jeung saterusna ummah geus boga kiblat anyar anu leuwih deukeut jeung tradisi urang Arab. Kaum Yahudi jeung Kristen anu biasa ngaréméhkeun urang Arab di Madinah, rék kaum Muhajirin atawa Anshor geus teu boga alesan deui lamun ummat Islam saukur pipilueun kana tradisi Yudaisme.

Nalika mimiti hijrah, kaum Muhajirin Makkah nyaéta urang Makkah anu pindah ka Madinah dibéré sagala rupa kapereluan ku urang Arab Madinah anu disebut kaum Anshor (anu sok tutulung). Dibéré sagala rupa kalawan gratis. Ngan kedieunakeun mah, kusabab panghasilan masarakat Madinah tina widang tatanén, lila-lila sumberdaya keur nyukupkeun kaum Muhajirin beuki saeutik, logistik anu biasa disayagikeun - dina sababaraha taun sanggeus kaum Muhajirin Makkah cicing di Madinah - geus teu bisa dibagikeun deui kalawan gratis ku kaum Anshor Madinah. Kusabab hal éta, kapaksa, kaum Muhajirin ngalakukeun ‘ghozwah’, serangan ka kafilah-kafilah ku cara ngarampas barang daganganna keur nyukupkeun pangabutuh kaum Mujahirin. Kahirupan di Madinah anu ngandelkeun hasil tatanén teu sapagodos jeung kultur dagang kaum Muhajirin.

Ghozwah atawa serangan ka para kafilah dagang dina tradisi Arab mangrupa hal biasa, dianggap hiji ‘olahraga’ lamun miboga sarat-sarat, nyaéta: serangan teu meunang ngarogahala para kafilah nepi ka nimbulkeun rajapati, henteu meunang ngayakeun serangan ka kafilah ku ngandelkeun kaum séjén terus diala hasilna ku hiji kaum, jeung henteu dimeunangkeun nyerang ka kafilah dagang anu masih sa-kaum. Di masarakat gurun, serangan mangrupakeun cara énténg dina ngala kauntungan, biasa dilakukeun ku kaum anu henteu boga sumber daya keur nyukupkeun jalma-jalma anu aya di éta kaum. Urang ulah ngabandingkeun kumaha kaayaan ayeuna jeung harita di lingkungan masarakat Arab anu cicing di hiji tempat anu pinuh ku pacogéregan jeung kaayaan di nagara urang anu sugih mukti pinuh ku sumber daya alam stratégis. Ku masarakat urang mah, kabiasaan ghozwah atawa serangan bakal dibéré harti ngarampog atawa ngabégal.

Ngan, sasaran serangan kaum Muhajirin biasana para kafilah ‘kapitalis’ Makkah anu geus ngarampas harta kakayaan kaum Muhajirin nalika hijrah ka Madinah. Dina tradisi Arab, hukum balas dendem mangrupa hal anu dimeunangkeun. Nyawa dibayar ku nyawa, harta dibayar ku harta. Sababaraha kali serangan anu dilakukeun ku kaum Muhajirin ka para kafilah Makkah bisa disebut lancar, harta rampasan dikumpulkeun, terus didistribusikeun/dibagikeun kalawan walatra ka tiap urang Muhajirin.

Dina taun 624, rencana serangan anu diluluguan langsung ku Rosul jadi rusiah umum. Keur ngamankeun para kafilah ‘kapitalis’ Makkah, para pupuhu Makkah maréntahkeun sangkan bala tentara Makkah milu dina kumpulan para kafilah. Di luar sangkaan, umat Islam anu diluluguan langsung ku Rosul bisa ngéléhkeun pasukan Makkah sok sanajan tina jumlah jeung pakarang anu dipaké leuwih unggul urang Makkah, maranéhna masih ngagunakeun stratégi perang Arab kuno, mercayakeun kakuatan ka para pupuhu ti tiap kafilah. Kaum Muhajirin mah ngagunakeun stratégi perang diluluguan ku hiji komando, Rosul. Perang Badar geus ngahasilkeun harta rampasan dina jumlah anu teu kaitung jumlahna. Lain éta wungkul, Rosul ogé ngagunakeun ‘allied strategic’, kaum bedewi Arab diilubiungkeun dina éta serangan, dibéré visi, bakal meunang harta rampasan anu kacida loba.

Para gegedén Makkah ngarasa kateunggeul ku éléhna kakuatan Quraisy Makkah jeung dirampasna harta para kafilah ‘kapitalis’. Maranéhna ngatur cara anyar keur ngayakeun serangan ka umat Islam anu aya di Madinah. Aya masalah séjén anu disanghareupan ku Rosul di Madinah, kaum kafir Madinah anu disebut kaum Munafiqun ngarasa geus teu tenang deui ku ayana kaum Muhajirin di Madinah. Kaayaan ieu dimangfaatkeun ku urang Makkah geus ngawangun kakuatan anyar, di luar diserang ku pasukan Makkah, di jero diserang ku ‘perang opini’ anu dilakukeun ku kaum munafiqun Madinah.

Ieu mangrupa hal anu nyusahkeun kaum Muhajirin. Pasukan Makkah anu diluluguan langsung ku Abu Sufyan  boga tékad ngéléhkeun pasukan Islam jeung numpurludeuskeun kabéh umat Islam nepi ka akar-akarna. Étika perang di Arab harita, lamun dendem geus nyaliara hartina maranéhna henteu satengah-satengah deui dina kudu ngabuktikeun tékadna. Para gegedén Makkah saolah nyieun saémbara dina konsép jeung stratégi perangna, sing saha anu bisa maténi ummat Islam bakal meunang buruhan. Geus bisa diukur, kakuatan Makkah bisa ngéléhkeun ummat Islam di Uhud dina taun 625.

Tapi, dua taun ti harita, kakuatan Makkah anu dipeupeuh ku ummat Islam dina perang khandaq. Hiji stratégi anyar, Rosul maréntakeun ka kaum Muhajirin sangkan nyieun susukan anu ngurilingan Madinah. Stratégi samodél kitu dipandang lain hal anu populér ku urang Arab anu leuwih ngagedékeun perang tanding di médan laga. Kakuatan kavaléri Makkah jadi teu boga mangfaat. Kakuatan Quraisy bisa diéléhkeun deui ku umat Islam dina perang khandaq.

Stratégi perang anyar anu dipintonkeun ku Rosul bari aya dina kaunggulan beuki mangaruhan jalma-jalma di sakuliah Jazirah Arab. Iber ngeunaan meunangna ummat Islam anu ngéléhkeun kakuatan 10.000 kavaléri Makkah nyebar ka sakuliah Arab. Lolobana beuki percaya , lamun Rosul téh mémang bener jalma anu dijanjikeun sakumaha anu aya dina kitab-kitab kaum Yahudi jeung Kristen! Séké-sélér kaum Nomadén jeung sababaraha kaum di Jazirah Arab miboga tékad kudu ngahiji jeung ummat Islam anu dipingpin ku Rosul sangkan jadi hiji kakuatan anu moal diéléhkeun ku saha baé. Malahan, henteu sautik urang Makkah anu ngahianat ka kaumna terus mabur ka Madinah keur ngagabungkeun diri ka ummat Islam.


YAHUDI
 



Anu jadi korban utama ku meunangna umat Islam di Madinah nyaéta tilu séké sélér Yahudi: Bani Qainuqa, Quraizah, jeung Nadhir. Tilu golongan Yahudi ieu dijadikeun korban kusabab boga tékad merangan Rosul jeung umat Islam di Madinah. Malahan, nalika perang Khandaq, Bani Quraizah geus mimiti nyieun aliansi jeung kaum pagan Makkah. Tekad tilu golongan Yahudi di Madinah ieu jelas mangrupa ancaman seurieus keur lumangsungna éksisténsi ummah. Bani Qainuqah henteu hasil dina ngalakukeun barontak ka Rosul jeung umat Islam dina taun 625.

Henteu hasilna barontak anu dilakukeun ku Bani Qainuqah disusul ku gagalna Bani Nadhir anu geus ngawacanakeun rék ngayakeun aliansi kakuatan jeung kaum pagan Makkah. Balukarna , Bani Nadhir diusir ka Khaibar ku Rosul jeung umat Islam ti Madinah. Kitu deui naon anu kaalaman ku Bani Quraizah, kusab kaum Yahudi ieu jelas-jelas ngalakukeun komplotan jeung kaum Pagan Makkah nalika perang khandaq, Rosul katinggalina henteu némbongkeun sikep welas asih ka Bani Quraizah, kurang leuwih tujuh ratus urang Yahudi Quraizah dibinasakeun, awéwé jeung barudak Yahudi Quraizah dijual dijadikeun ‘budak beulian’.

Rajapati anu dilakukeun ku Rosul jeung umat Islam ka Bani Quraizah ku ukuran ayeuna mémang katénjo sikep anu telenges teu boga rasa kamanusaan, ngan kacida teu adil lamun saukur nganilai kajadian dina waktu harita ku standar kamanusaan jaman ayeuna. Masarakat Arab harita mangrupa masarakat primitif: Rosul jeung umat Islam sorangan hampir perlaya ditandasa ku kaum pagan Makkah. Dina stratégi perang, lamun Rosul jeung umat Islam ngantep ka Bani Quraizah, dina hiji mangsa tilu séké sélér Yahudi ieu bakal leuwih rongkah dina ngumpulkeun kakuatan, Rosul jeung umat Islam henteu miharep dina waktu anu baris datang, posisi jeung kaayaan ummah kudu nyanghareupan kakuatan anu leuwih rongkah. Éksekusi anu dilakukeun ku Rosul ogé saolah méré pesen ka anu ngamusuhan Islam, ulah lalawora boga tékad rék merangan Rosul jeung umat Islam. Perang psikologi ti Rosul ditujukeun ka tilu golongan: Yahudi di Khaibar, kaum munafiqun di Madinah, jeung kaum pagan Makkah.

Qur’an mértélakeun, anu ngaranna perang ku cara kumaha ogé bakal mawa balukar anu goréng. Jelas pisan, dalil-dalil dina Quran nandeskeun, aya anu leuwih penting méréskeun pasoalan tibatan ku cara perang. Numpurludeuskeun Bani Quraizah lain harti Rosul jeung umat Islam mika ijid ka kabéh kaum Yahudi. Hal ieu dilakukeun samata-mata keur mareuman oposisi anu bakal leuwih rongkah. Quran malahan méré tempat anu bener ka sababaraha Nabi ti kaum Yahudi; Musa, Harun, Daud, Sulaéman, jeung Isa ditempatkeun dina posisi anu dipihormat ku Rosul jeung umat Islam. Sababaraha kaum Yahudi jeung Kristen anu jadi minoritas di Madinah teu diganggu, malah bisa hirup rukun jeung umat Islam salila teu nimbulkeun kagoréngan.

Di ‘abad pertengahan’, antisemitisme mimiti mahabu, akar utamana ti kaum Garéja (Kristen). Kaceuceub umat Islam ka kaum Yahudi mimiti lumangsung sanggeus kaum ultra Zionis ngadeugkeun nagara sekulér Israél di Yerussalem, anu ngabalukarkeun leungitna kadaulatan Paléstina. Umat Islam saukur ngimpor konsép anti semit atawa anti Yahudi ti nagara-nagara Éropa terus dibasakeun kana basa Arab. Umat Islam sabenerna henteu boga tradisi mikaceuceub ka bangsa séjén!

Keur ngalégitimasi kaceuceub ka Yahudi, sababaraha golongan Islam Fundaméntalis ngagunakeun ayat-ayat Quran anu sabenerna ditujukeun ka tilu golongan Yahudi di Madinah. Kalawan henteu maké kontéks anu bener, ayat-ayat Quran anu ngagguar pasoalan Yahudi di Madinah dibabawa ka jaman ayeuna. Kacida bahaya, nalika ayat-ayat Quran didistorsi ku cara nafsirkeun sangeunahna. Nu jelas, ayana ayat-ayat Quran anu ngaguar nabi-nabi ti kalangan Yahudi, méré harti, umat Islam henteu boga sikep mika ceuceub kana ajaran jeung tradisi Yudaisme. Sikep Rosul jeung umat Islam anu katénjo telenges boga maksud sangkan pasoalan jeung kaum Yahudi gancang bérés.


HUDAIBIYYAH
 



Sikep kawas telenges Rosul jeung umat Islam ka tilu golongan Yahudi, kaum munafiqun, jeung kaum pagan boga maksud keur ngancurkeun oposisi-oposisi anu jadi runga atawa cucuk dina nanjeurkeun monotéisme. Perang jeung ghazwah dibéré harti jihad sagemblengna. Nalika kakuatan kaum oposisi geus ngurangan, Rosul boga tékad sikep jihad dina perang kudu dilegaan hartina, salah sahiji ucapan Rosul ngeunaan jihad nyaéta:” maranéh karék kaluar tina jihad leutik rék nyanghareupan jihad anu leuwih rongkah, nyaéta merangan hawa nafsu.”. Malah, Rosul boga tékad rék nyokot cara damai dina nyumebarkeun agama Islam.

Dina bulan Maret taun 628, Rosul nyusun kakuatan, ngumpulkeun rélawan anu baris diajak ziarah ka Ka’bah di Makkah. Teu disangka, kurang leuwih 10.000 urang kaasup gabungan ti kelompok aliansi kaum bedewi Arab asup kana kakuatan umat Islam, rék datang jeung asup ka kota Makkah ku cara damai. Sikep pragmatis urang Arab, utamana kaum bedewi Nomadén, nalika nénjo kana kumaha rongkahna kakuatan umat Islam anu dipingpin ku Rosul beuki ngayakinkeun maranéhna lamun konsép-konsép anu dibawa ku Rosul téh tétéla diturunkeun ku anu Maha Kawasa.

Ngadéngé umat Islam anu jumlahna nepi ka 10.000 urang, para gegedén Makkah, utamana Abu Sufyan salaku musuh gerot Rosul nyusun kakuatan keur ngahalangan sangkan Rosul, umat Islam, jeung gabungan aliansi kaum bedewi Arab teu bisa asup ka Makkah kalawan rahayu. Maranéhna boga étika, pamohalan bisa ngusir atawa merangan Rosul jeung umat Islam nalika geus nepi ka Makkah, komo ieu mah datang ka Makkah ku niat hadé, ziarah ka Ka’bah. Merangan saha baé di Makkah jeung tempat anu deukeut ka éta kota mangrupa hal anu teu dimeunangkeun! Haram hukumna, perang jeung ngocorkeun getih di Makkah jeung di bulan-bulan anu geus ditangtukeun.

Kakuatan Makkah sabisa-bisa kudu nyegah Rosul jeung umat Islam saméméh nepi ka Makkah. Ngan, ku jasana kaum bedewi anu geus asup kana aliansi kakuatan umat Islam, Rosul jeung 10.000 kakuatan bisa nyingkahan kakuatan kaum pagan Makkah. Rosul jeung umat Islam nepi ka pasisian Makkah di hiji tempat anu boga ngaran Hudaibiyyah. Kakuatan kaum pagan Makkah teu bisa ngarogahala, merangan, komo maténi Rosul jeung umat Islam di tempat anu geus deukeut ka Makkah, kacida dilarangna, komo kaum Quraisy geus ngadéklarasikeun diri salaku kaum suci anu boga pancén ngajaga taneuh jeung tempat anu suci, bakal jadi piomongeun nalika para patugas suci kari-kari kudu ngusir ka jalma anu arék ziarah ka tempat anu ku maranéhna dipupusti jeung dianggap suci.

Di Hudaibiyyah, kaum pagan Quraisy kapaksa kudu ngayakeun ‘perjanjian’ jeung umat Islam. Démonstrasi daméi anu dilakukeun ku Rosul jeung umat Islam beuki ngayakinkeun lamun dina hiji mangsa, agama anu dibawa ku Rosul bener-bener agama anu baris ngahijikeun kakuatan bangsa Arab. Beuki loba kaum jeung séké sélér anu ngagabungkeun diri kana kakuatan umat Islam. Salila dua taun, perjanjian Hudaibiyyah karasa ku kaum pagan Makkah ngarugikeun maranéhna, sabab henteu saeutik urang Makkah anu kaluar ti Makkah terus ngagabungkeun diri kana kakuatan umat Islam. Perjanjian dirempak, kaum pagan Makkah ngayakeun serangan ka Rosul jeung umat Islam, hiji sikep anu baris ngarugikeun diri maranéhna; ngalanggar perjanjian daméi jeung ngalakukeun serangan ka jalma anu boga tékad rék ziarah ka Ka’bah. Serangan kaum pagan diléléwéan jeung disebut sikep ‘rujit’ ku kabéh kaum anu aya di Jazirah Arab, boomerang effect ieu ngabalukarkeun beuki leutikna kakuatan kaum pagan Makkah.

Dina taun 630, Rosul jeung umat Islam ditambah ku mayoritas kaum anu aya di Jaziran Arab salaku para muallaf ngangsreug asup ka Makkah. Teu bisa ditolak, serangan daméi Rosul ka Makkah sama sakali teu kungsi ngocorkeun getih. Kaum pagan Makkah dibéré opsi, euweuh paksaan kudu asup kana agama Islam, tapi maranéhna bakal salamet jeung moal dipaténi ku umat Islam lamun cicing di deukeut Ka’bah jeung di imah Abu Sufyan. Rosul jeung umat Islam ziarah ka Ka’bah, ngarebut Kota Makkah dina kakawasaan kaum pagan. Kabéh berhala anu aya di sakuriling Ka’bah diancurkeun, Ka’bah ti danget harita ngan kudu dijadikeun kiblat nalika umat Islam ngalakonan ritual/ibadah Sholat. Kaasup inadah haji, ti danget harita ku Rosul dinisbatkeun kana naon anu geus karandapan ku Ibrahim, Hajar, jeung Ismail.

Nénjo kumaha serangan daméi, jeung henteu dipaksa pirusa sangkan urang Makkah asup Islam, loba anu kataji, kaasup Abu Sufyan, dina pikirna ngan hiji, agama heubeul anu geus dipertahankeun ku manéhna minangka warisan ti karuhun Arab geus manggih kagagalan! Kudu aya jeung asup kana agama anyar anu baris mawa Makkah jeung bangsa Arab kana kamajuan.


Nalika Rosul ngantunkeun dina taun 632, dina lahunan Aisyah, harita bangsa Arab geus aya dina hiji kakuatan anyar. Perang golongan,dendem, jeung pacogrégan geus teu meunang tempat deui dina kahirupan. Kabéh geus réngsé. Rosul geus mawa kahirupan daméi bangsa Arab anu asalna mahabu ku perang jeung pacéngkadan.

Posting Komentar untuk "Sajarah Islam (Basa Sunda)"