Nalika Jepang mimiti asup ka Balandongan dina taun 1942 katompernakeun, bala tantara Jepang bisa nepi ka ieu lembur kalawan ngagunakeun akses Jl Palabuan II, tuluy mengkol ka Simpang (Jl Pramuka). Kaayaan lembur dina waktu harita henteu jauh beda jeung kaayaan pilemburan sejen. Jepang asup ka ieu lembur jeung ka wewengkon anu aya di sabudeureunna ngan saukur keur mastikan, naon bae sumber daya alam anu dipimilik ku lembur-lembur anu aya di Sukabumi.
Jl Pelabuan II dijadikan akses utama ku Jepang keur asup ka lembur-lembur anu aya di ieu wewengkon. Nurutkeun kana sababaraha sumber, tempat pangreureuhan Jepang teh ayana di daerah Bojongloa, pasukan Jepang ngabukbak leuweung dijadikeun tegalan di daerah Kibitay. Kecap Kibitay sorangan nurutkeun kana semiotika kecap dicokot tina kecap Kempetay (Bala tantara Jepang). Aya anu sok dilandih ngaran ku kecap Si Kempe ninggang ka Jalma anu miboga pasifatan sarakah, telenges, jeung hahaok.
Di tegalan Kibitay anu ayeuna jadi lapang maen bal, Jepang nyieun guha, dijadikeun tempat neundeun bedil, granat, jeung alat-alat perang. Bala tantara Jepang asup ngarangsreug ka lembur-lembur anu aya di pasir Gunung, Wangunreja, Ciwangun, Bangbayang, Cipeueut, nepi ka Eretan. Keur mastikeun akses jalan bisa keneh dipake atau henteu. Sok sanajan kitu, nalika bala tantara Jepang asup ka lembur-lembur henteu saeutik harta jeung naon anu dipimilik ku rahayat dijarah. Di daerah Cipeueut malah aya hiji masigit anu dibeuleum.
Keur hiji daerah - leuwih legana mah tatar Sunda -, anu rahayatna biasa hirup tina ageman anu bener, teu wawuh jeung papaseaan komo perang, nali ka asup para panjajah ti nagara-nagara deungeun tangtu mangrupa hiji hal anu aneh. Sabab, karuhun Sunda teu pernah ngajarkeun kumaha cara papaseaan, perang tanding, da anu ditanclebkeun ku para karuhun Sunda ngan sababaraha hal, utamana kumaha cara manusa hirup dumuk bari akur jeung batur, ngahormat alam jeung sasama. Ageman anu dicekel pageuh lain agama tapi ageman hirup: tatanen, ngahuma, migawe hal anu alus dina ngaraksa alam.
Atuh pantes, nalika ka ieu nagara jeung lembur-lembur asup para penjajah ti nagara-nagara deungeun, rahayat urang ngan saukur bati olohok. Da henteu ngarti naon anu sabenerna keur lumangsung, naha aya jalma anu resep papaseaan jeung maseaan bari dibarengan ku puak-paok harta batur?
Sing inget, karuhun Sunda teu pernah ngajarkeun ka anak incuna kumaha cara perang, papaseaan, mateni batur. Anu ayeuna geus jadi kabiasaan urang sapopoe: tawuran, perang antar paguyuban atawa geng, pacengkadan, oge papaseaan. Sikep-sikep samodel kitu mah ditepakeun ku bangsa-bangsa anu henteu miboga sumber daya alam anu cukup saperti: Eropa, Bangsa Timur Jauh, Semit (Arab-Israel). Karuhun Sunda anu aya di Nusantara ieu mangrupa jalma-jalma anu ngarti kana tugas salaku jalma (ngaraksa alam jeung kudu bisa ngawariskeun deui ka anak incuna).
Ku asupna Jepang ka ieu nagara, beuki nambahan kateungartieunna jalma-jalma anu aya di tatar Sunda kana sifat jalma sarakah, harak, jeung telenges.
Sukabumi, 17 Agustus 2015
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Nalika Jepang Ka Sukabumi"