Sholat Iedul Fitri dina taun 1990an |
Kamajuan zaman teu bisa disalahkeun, sabab nu ngarobah hiji daérah, wilayah , atawa tempat lain beuki majuna zaman. Tapi kusabab majuna zaman teu diimbangan ku maheutkeun diri dina ngokolakeun kamotékaran diri jeung pangaweruh uteuk. Nu kudu diconto nyaéta kolot-jeung karuhun urang baheula. Kumaha marantenna bisa mroyeksikeun diri nu ngaliara dina haté kana kahirupan.
Hirupna basajan, teu diceta-ceta: cukup daék indit ka sawah atawa ka kebon. Méméh nyiar pakasaban siduru hela hareupeun hawu bari meuleum sampeu. Ngan, sanajan hirup basajan modél kitu ngahasilkeun generasi-generasi nu henteu gampang kabawa ku sakaba-kaba. Tong jauh-jauh, kumaha hébatna aki jeung nini urang dina ngokolakeun lembur dina mangsa taun 70an. Najan kuring can aya dikieuna, tapi ku sajorelat ogé, ku cara daék maluruh jeung nganjang ka alam anu geus kasorang, aki jeung nini urang bisa mintonkeun kumaha sakuduna hirup di masyarakat.
Sok ténjo ayeuna: zaman beuki maju, hawa ogé milu panas, lain saukur panas kusabab halodo atawa sorotna panon poé, tapi mémang kahirupan nu geus panas kusabab seringna urang silih siku, silih siksik jeung papada. Sirik pidik jeung teu kaopan jigana geus jadi ciri utama kahirupan urang ayeuna.
Laleungitan hiji-hiji. Buyut, Aki, Nini, jeung kolot-kolot urang geus pada ninggalkeun alam dunya kusabab tugasna keur mémérés alam dunya mémang geus nepi kana titi tulis. Rék dituluykeun atawa moalna naon nu geus dibajoangkeun ku: Muallim Zaka (alm), Pa Oleh (alm), jeung ku kolot-kolot baheula gumantung ka diri urang.
Lapang Badminton hasil kréasi kolot-kolot urang apan ayeuna mah geus teuing ka mana. Lapang Volly sumawona. Kabéh geus kagerus kusabab urang mindeng mopohokeun kana hasil bajoang kolot-kolot urang. Rék ku saha deui lembur urang dipupusti deui ari lain ku urang sorangan mah. Utamana ku generasi muda. Tong ngajual lembur ka sing saha baé nu siga enya arék ngamajukeun padahal boga tékad mirusa ka lembur urang. Maranéhna mah teu boga iketan/tatali batin jeung karuhun urang, teu boga "masa lalu salaku urang Balandongan". Nu matak moal apal, lamun Balandongan téh, baheula pernah jadi hiji sagara pangaweruh. Ku Walanda ogé apan dipikasérab lembur urang téh...(kang warsa)
Posting Komentar untuk "POHO DIRI"