Hong...!


“ Duh, kahongkeun ku pamajikan, euy!” Ceuk salah saurang kolot ka babaturanna di lembur nalika manéhna keur anteng judi kanyahoan ku pamajikanna. Kajadian ieu lumangsung dina taun 1989.

Kecap ‘hong’ miboga harti kanyahoan, kapanggih, biasa dipaké dina kaulinan ucing sumput ku barudak dina mangsa méméh réformasi.

Tilu poé katukang kuring ngobrol jeung salah saurang babaturan ngeunaan kudu dimumuléna deui kaulinan-kaulinan barudak anu sifatna tradisional anu geus kagerus ku kaulinan modérn.

Lamun ngaliwat ka hiji lembur, kuring sok ngahaja ngurilingkeun panénjo, lain arék nénjoan loba wanoja atawa awéwé di éta lembur. Tujuanna ningalian kumaha kaulinan barudak kiwari.

Cindekna, saeutik – malah can manggihan deui – aya barudak anu ngucapkeun ‘hong’ dina kaulinan-kaulinan ayeuna.

Méméh réformasi, mangsa nalika kamajuan téknologi jeung informasi can pati mahabu kawas kiwari, kecap ‘hong’ sorangan miboga dua harti. Nu kahiji, hartina kapanggih atawa kanyahoan. Anu kadua, miboga harti liang gedé. Sok aya tatarucingan; naon Basa Cina-na liang anu gedé; jawabanna Li Ang Hong.

Nya, ayeuna mah sok dibasakeun ‘ gorong-gorong’ baé ku anu junun jeung daria dina widang wangunan mah.

Kecap ‘ hong’ éstu liket jeung ngahiji pisan jeung barudak méméh réformasi waktu ngayakeun kaulinan ucing sumput. Budak anu jadi ucing lamun manggihan babaturanna anu keur nyumput sok ngucapkeun ngaran anu kapanggih terus dituturkeun ku kecap ‘hong’. Umpamana, Adin… Hong! Bisa ogé Hong, Adin.

Nerap pisan ieu kecap kana kahirupan di pilemburan. Ceuk élmu basa mah ngalegaan ma’na. Anu asalna biasa dipaké dina ucing sumput, kecap ‘hong’ biasa ogé dipaké ku jalma anu kanyahoan ku batur nalika ngalakukeun hiji hal bari sumput salindung.

Hiji jalma kanyahoan judi atawa keur godin di saung terus bébéja ka babaturanna, “ Bolay euy… kahongkeun ku pamajikan, atawa kahongkeun ku anu jadi indung!”

Panalungtikan anu dilakukeun ku ahli téknologi ti Amerika, Miklethwait nyebukeun; “ hal-hal tradisional anu henteu leupas tina kahirupan rempug jukung, tiis ceuli hérang mata kalindih ku kahirupan anu mokuskeun kana sagala hal kudu online jeung ngagerungna sora mesin.”

Hartina, naon anu kaalaman mu masarakat tradisional moal kaalaman deui ku masarakat modérn kusabab dipocélan hiji-hiji. Kudu dijaga jeung dimumulé.

Jarang diucapkeunna kecap “hong” ku barudak ayeuna hiji dékade ka tukang, réformasi politik di nagara urang mawa pangaruh gedé kana réformasi mikro-kultur di sakuliah lembur.

Kaulinan ogé geus mimiti rempeg ku kaulinan anu misahkeun barudak jeung kahirupan sosial. Barudak mokuskeun diri kana hal-hal virtual. Sagala kudu digital, cicing bari diuk, ramo-ramo leungeun anu ngopépang kana ‘stick’. Teu bisa diganggu ku babaturanna.

Dina ucing sumput mah barudak diatik kumaha cara jujur jeung nyumputkeun rusiah, kumaha cara sportif jeung manggihan hiji perkara. Dina kaulinan modérn mah, barudak diatik kumaha cara babanda ku cara ngarampog, maténi sasama, jeung sikep-sikep bengis tina karakter anu dipaénkeun dina ‘game’.

Kabéh ogé sadar, anu jaradi guru ogé apal lamun kaulinan-kaulinan kiwari leuwih loba goréngna kana psikologi barudak. Hanjakal, sumanget ngangsreugna téknologi jeung kamajuan henteu saimbang jeung tarékah ti urang kumaha cara néangan gagantina.

Nalika barudak kahongkeun kanyahoan keur ngalakukeun hiji hal anu henteu lumrah jeung kabiasaan umum, karék urang sadar jeung éar sanagara. Barudak kudu diaping jeung dijaring, sangkan henteu tigebrus kana jurang anu jero.

Sagala rupa ogé kudu kahongkeun hela, sangkan kabéh percaya kana hiji hal. Padahal kecap ‘ hong ‘ sorangan geus jarang diterapkeun dina kaulinan barudak ayeuna.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Hong...!"