Loba kecap anu saharti , arék dina Basa Sunda atawa basa séjén. Ceuk élmu basa mah sinonim disebutna. Di lembur, kecap ngawuluku saharti jeung ngagaru.
Sakali mangsa ku urang kudu ditanyakeun ka barudak ayeuna, naon ari ngawuluku atawa ngagaru. Dina sapuluh urang barudak anu bisa ngajawab leuwih ti satengahna ogé geus alus.
Naon sabab? Kecap jeung basa dipangaruhan ku budaya. Dina élmu linguistik mah aya anu ngaranna morfologi kecap. Kecap ngawuluku jeung ngagaru ngawujud kusabab budaya masyarakat anu nyirénkeun kultur agraris.
Béda jeung kecap macul jeung ngagarpuh, barudak ayeuna bakal apal kana harti macul jeung ngagarpuh, sabab kecap macul jeung ngagarpuh mah disurupkeun kana pakakasna anu umum dipaké ku masyarakat mana baé. Ogé dipaké ku sababaraha widang pakasaban; patani, kuli bangunan, jeung tukang gali ogé sok maraké pacul atawa garpuh.
Sok inget nalika keur leutik. Mangsa bérés panén, sawah sok diantep hela kana sabulan lilana. Cicirén bakal aya kabagyaan, Si mamang tukang ngawuluku geus nungtun munding arék kuli ngawuluku ka para patani di lembur.
Munding anu ditungtun di jalan biasana nyokot jalan pang sisina. Jalan anu can diaspal – masih taneuh kénéh – katincak ku munding, ngadelewo ninggalkeun tapak. Éta mah masih meueusan ninggalkeun tapak suku, sok aya ogé munding anu ngadon miceun di jalan, nya nampuyak baé anu aya. Ku barudak mah sok ditancleban rokrak atawa ku dahan tangkal.
Tukang ngawuluku di lembur kuring ngaranna Mang Ading, moal dicaritakeun kalawan jero saha Mang Ading téh.
Keur Mang Ading mah usum panén mangrupa kabarokahan, tandana bakal mucekil, hasil tina kuli ngagaru. Munding geus ditempatkeun di sawah, ngahaja nyieun cubluk leutik, di sawah saha baé. Ngan biasana, sawah anu dicicingan ku Mang Ading jeung baturna, sok dibéré potongan harga ngagaru. Diskon téa meureun.
Nalika sawah keur diwuluku, barudak sok pipilueun gupak di sawah. Aya ogé barudak anu ngahaja ménta tumpak munding, diuk dina tonggong munding. Gupak di sawah téh bisa nepi ka wanci pecat sawed. Awak bobolodog, gebrus mandi di susukan. Teu sieun ku léntah atawa oray, nu puguh mah ramé jeung resep anu aya.
Gupak di sawah bisa nepi ka saminggu dua minggu, salila sawah-sawah kiduleun lembur diwuluku. Sawah anu ngeunah diwuluku mah anu taneuhna ledok, kitu ceuk Mang Ading harita. Ngan teuing ceuk munding mah, boa ripuheun.
Barudak sok heureuy, aya anu nanya ka Mang Ading; “ Mang, ari munding siga teu boga kacapé, teu késangan-késangan acan?”
“ Moal capéeun munding Mamang mah. Da diparaban ku jukut super..!” Teuing enya teuing wadul éta jawaban téh, ah dienyakeun baé harita mah.
Salian diwuluku, henteu saeutik para patani anu ngulikeun macul ka batur. Tukang macul anu matuh biasana daratang ti Wewengkon jampang. Sok ngaradon saré di saung atawa disadikeun kamar ku anu boga sawah, salila usum ngabaladah nepi ka nganglér mah tara waka mulang. Malah teu saeutik tukang macul nu baretaheun mukim di lembur. Engké baé balik mah opat bulan kahareup, sangkan merekis ku duit lamun balik ka lembur cenah.
Ayeuna mah geus modérn, sawah geus jarang diwuluku. Dibaladahna ogé ku mesin. Mimiti aya mesin mah sok disebut karéktor, asal tina kecap traktor meureun. Nya malum wé urang lembur, nyebut kana hal anyar téh cukup ku sebutan anu merenah keur hiji barang.
Geus jarang kadéngé deui ucapan anu kaluar ti Mang Ading, “ Hushh.. kiaaa…kiaaa!” bari mecut munding. Anu aya ayeuna mah ngagerungna sora mesin. Barudak jaman ayeuna ogé geus teu pati hayang ngadon gupak di sawah. Da geus disiapkeun kaulinan modérn dina internét ; contona farm ville.
Penulis : Kang Warsa
Photo : Kang Jiwenk
Posting Komentar untuk "Ngagaru"