Dina bulan Méi 1992, kuring saparakanca, murid-murid SDN Sudajayahilir 1 muru ka SDN Cipanengah. Rebun-rebun kénéh barudak geus tarumpak mobil angkot, seja EBTANAS harita mah. Jauhna sakola asal ka sakola Induk téh kurang leuwih 2 KM.
Harita mah teu boga pikir, sieun soal UAN euweuh, sieun teu bisa migawé soal-soal ujian. Lempeng wé pikiran téh, poé éta pisan mimiti EBTANAS (Evaluasi Belajar Tahap Akhir Nasional). Teu gegebegan sieun salah ngeusian lembar jawaban, da harita mah can maké LJK, lembar jawaban ogé dina kertas sacewir, nu dipinuhan ku huruf A B C D, tinggal dicakra.
Keur barudak jaman harita, jigana teu jauh béda jeung kiwari, EBTANAS mangrupa perang tanding patutunggalan geusan nungtaskeun tur ngabudalkeun pangaweruh anu dialap salila genep taun di SD. Dina poé éta pisan meureun panangtuan kasaktén jeung jajaten siswa téh.
Jam tujuh téh geus ngumpul di SDN Cipanengah. Ceuk haréwos ti anu jadi aki pituin, sakola éta téh dina mangsa Walanda mah disebutna ogé porpoleh sekul. Kaayaan sakola geus tangtu jauh béda jeung sakola kuring diajar. Wangunan aralus, maklum ngaranna ogé sakola Induk. Béda jeung sakola tempat kuring diajar, harita aya tilu rohangan anu teu kapaké alatan korsi jeung meja jaba kurang téh ongkoh geus teu bisa dipaké, aya ogé rohangan kelas anu geus nyangéyéng kawas nini-nini arék labuh.
Keun teu kudu dicaturkeun, anu jelas salila tilu poé nyanghareupan EBTANAS téh éstuning bérés -roés, soal-soal katarima euweuh kakurangan salambar ogé. Malahan hasilna ogé nyugemakéun boh keur kuring ogé keur anu jadi kolot. Rada gedé harita NEM (Nilai Ebtanas Murni) téh, dijumlah-jamleh tina lima widang atikan téh 42,19. Nya, keur ukuran urang lembur anu sakola di sakolaan teu kawilang ngota mah rada alus cenah niléy sakitu téh. Atuh ku pihak sakola ogé kuring dibéré peresénan, katambah réngking ka-1 deuih, ku anu jadi guru dihadiahan buku anu dibungkus maké kertas kacang asin warna cokelat.
Ujian Taun Kamari
Kadieunakeun, EBTANAS geus diganti ngaranna, aya anu nyebut UN ogé UAN, padahal substansina mah éta-éta kénéh, ujian. Ngan geus pasti aya tapina jeung bédana. Baheula mah teu kungsi kacaturkeun aya soal ujian kurang jeung henteu kabagikeun, komo nepi ka 11 Provinsi mah. Naha ari ayeuna , ramé dina iber boh dina média citak ogé média éléktronik, 11 Provinsi diteundeun jeung dipajukeun waktu Ujianna kusabab soal encan kabagikeun kalawan rata ka éta Provinsi.
Kabéh ogé geus pasti ngerungkeun tarang. Jaman geus canggih, alat patali marga geus jauh leuwih maju tibatan taun 1992, tapi naha… ieu pamaréntah keur ngabagikeun soal Ujian baé siga anu henteu bisa.? Salaku warga nagara mah méré pananya kitu kudu dianggap wajar. Anu kurang ajar mah nalika - geus puguh- UAN taun kamari téh ramijud kawas kieu, para ménak jeung pangagung nagara karah ngomong: Masalah? ieu lain masalah…!
Atuh pantes lamun sababaraha warga nagara boga pananya nu sifatna bisa disebut ngadoni: Boa soalna ogé can dicitak? Naon atuh anu ngabalukarkeun telatna dina nyitak soal? Ceuk sababaraha panalungtik, keur nénjo maju henteuna hiji nagara ténjo baé kumaha kaayaan pendidikan di éta nagara. Lamun waragadna masih mahal, geus pasti bakal ngalahirkeun kondisi pendidikan anu dicekel ku hukum pasar. Bakal ngawujudkeun sakumaha anu dipikasieun ku Plato, nyaéta Prostitusi Pendidikan. Nagara anu nyitak warga nagara ku lembaga Prostitusi geus bisa ditebak, bakal ngalahirkeun calo-calo kahirupan. Sagala rupa kudu diduitkeun!
Dihareup geus dibéjér-béaskeun, lobana prakték nyalo, arék ku calo anu dibéré légalitas ogé ku calo-calo anu ngabelegbeg, samar. Antukna mah, duit anu sakuduna sagemblengna dibiayakeun kana nyitak soal jeung lembar jawaban téh kapaké ku unak-anik itu -ieu, nya tong héran lamun kualitas kertas lembar jawaban dina UAN taun kamari kaayaanna cakueum.
Jaman beuki dieu jeung beuki maju téh geuning keur nagara urang mah lain karah beuki alus. Nu jelas karah beuki ka ramijud. Hiji hal - dina élmu sosial - mah ieu téh disebut déviasi, atawa béngkokna niléy. Ngan, lain Indonésia kasebutna lamun dina hiji perkara henteu kieu. Tong boro dina masalah pendidikan, Presidén nyieun Akun Twitter ogé apan éar sajajagat, kawas hiji wewengkon dieundeur lini. Padahal Obama jeung Paus Benedictus ogé apan barogaeun akun twitter mah, ngan katénjona ogé haré-haré baé di batur mah. Aya perkara anu leuwih urgent tinimbah masalah anu karitu.
Bener, urang masih kénéh diajar dina sagala widang ogé. Lamun henteu diajar paling banter niron ka batur atawa jadi manuk béo, kumaha wé raména. Atuh pantes lamun karuhun urang nyieun paribasa: AGUL KU PAYUNG BUTUT jeung ADÉAN KU KUDA BEUREUM ogé.
Ujian Taun Ayeuna
Kumaha ujian taun ayeuna? Nya geus teu jauh béda jeung taun kamari meureun. Sakapeung mah enya ogé salaku anu jadi guru, kuring sok kerung, naha keur ngayakeun soal ujian baé, tiap sakola ngaliwatan patugas ‘caraka’ kudu nyokot soal ka Dinas Pendidikan rebun-rebun kénéh, babakuna mah nyubuh nya pasubuh-subuh meureun. Naon atuh mangfaatna tiap kecamatan ngadegkeun UPTD, ngan saukur simbul lamun pamaréntah , utamana, Dines téh geus membumi atawa saukur gagayaan wungkul? Teu dipaliré kumaha psikologi lembaga, lembaga lain manusa, tapi angger baé dijieun jeung dieusi ku jalma apanan?
Kajaba ti éta, masih can cukup tiap sakola kudu nyokot soal UN ka Dinas Pendidikan rebun-rebun, ceuk babaturan kuring mah, kawas jalma-jalma anu arék indit ka Bogorkeun, kudu muru colt Bogoran ti subuh kénéh, soal UN, Sakola, jeung Dinas Pendidikan ogé dijaga ku aparat kapolisian. Alus kitu? Nya hak sakabéh jalma nyebut alus kana hal samodél kitu, tapi lamun diréndéngkeun jeung anu ngaranna dunia pendidikan mah tangtu hal éta kacida kurang merenah. Sakola jeung pendidikan mangrupa lembaga suci, teu meunang disaruakeun jeung penjara, Nusa Kambangan, komo jeung éksekusi hukuman mati mah. Malah lamun nilik kana sababaraha aturan jeung undang-undang, asa can pernah manggihan hiji pasal ogé ayat anu mertélakeun lamun Ujian Nasional kudu dilakonan kalawan rigid.
Pamaréntah ngan saukur paduli kana kinerja maranéhna anu katénjona loba ngayayay bari diaya-aya. Hal anu sakuduna euweuh diaya-aya, ari hal anu sakuduna aya disamar-samar. Kumaha méntal jeung psikologi pamilon atikan nalika Ujian Nasional kudu dijaga kalawan soson-soson lain saukur ku Pengawas ogé ku aparat pulisi. Nepi ka danget ieu, can kacaritakeun jalma bisa nyieun alat ukur méntal apanan?
Tadi pisan, kurang leuwih jam 9.30 , nalika ngahaja liwat ka SMPN 1 Kota Sukabumi, bell tanda waktu réngsé UN disada, kadéngé loba barudak anu ngarahuh, pating jérété. Naon tandana ieu, ari lain pamilon atikan keur manggih tekenan méntal anu pohara. Téori pendidikan anu diajarkeun waktu kuliah téh dikamaranakeun? Éléh ku sistim anu geus puguh teu mihak kana kamajuan pendidikan.
Sisitim anu salah ieu tangtu mawa balukar kana sababaraha hal: runtuhna méntal para pamilon atikan, capéna para guru, jeung geugeubeuganna tiap sakola. Naha? Hiji hal anu jadi cukang lantaranna, sieun pamilon atikan teu lulus dina ujian! Sabab bakal mangaruhan kana loba hal; sakola jadi turun wibawa, Dinas Pendidikan bakal milu rieut, Pamaréntah Kota sorangan bakal kabarus. Anéh kadéngéna, manusa jadi lalieur kusabab sistim anu dijieun ku maranéhna sorangan. Sing inget kana téori anyar neurologi: anu ngaranna sél bakal tumuwuh kalawan alus lamun manggihan habitat atawa tempat anu merenah, sabalikna, rébuan sél bakal mélékététét kawas daun garing nalika manggihan habitat anu kurang merenah jeung mangrupa ancaman kana dirina. Kaayaan para pamilon atikan, anak urang sorangan rék dipaténi kalawan lalaunan ku sistim anu diaya-aya? Pikirkeun, sapuluh atawa dua puluh taun deui anu bakal ngaganti urang téh nyaéta generasi ayeuna, anu geus dicekokan ku rupaning sistim ‘ngacapruk’ kamana karep, kamana nyangharep, kumaha bréhna, ukuranna –boa enya- saukur ngagolkeun proyék?
Sistim nu kumaha anu kudu dipaké? Nya ilikan wé kana diri séwang-séwangan, daraék henteu maranéh lamun diteken-teken, dipinuhan ku hariwang nalika ngalakonan hiji hal? Lamun embung, ulah maksakeun diri, komo bari ngorbankeun anak didik sorangan mah. Jeung entong sok ngadubalapkeun kuda ngalawan ucing, tong sok nyaruakeun pamilon atikan ku niléy akademik! Lain nyaraho, anu ngaranna barudak téh boga bakat jeung minat anu béda?
Cag ah, kuring rada ésmosi ogé nénjo kieu mah!
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Ujian Taun 1992, Taun Kamari, Jeung Taun Ayeuna"