Aya anu nanya ka kuring: Ari pawéy*) dina acara samenan masih kénéh sok ngagunakeun angkota tara, dina mangsa ayeuna, Kang? Ilaharna kitu, ceuk kuring, ngan kusabab ayeuna mah geus mahabu jalma anu boga motor, biasana dina acara pawéy samenan téh sok leuwih loba motor tibatan angkot. Malahan, anu boga mobil pribadi ogé geus euyeub ayeuna mah di Balandongan téh. Jadi nya kitu baé, ramé wé anu ngaranna pawéy nalika ngareuah-reuah anu samenan mah.
Nilik kana (lain sajarah) mangsa ka tukang, ti iraha mimiti aya acara pawéy nalika samen, ceuk basa urang lembur mah imtihan? Di wewengkon Sukabumi, asalna teu dikenal acara pawéy dina waktu samenan nepi ka tahun 75-an mah. Dina mangsa orde baru kumawasa mah, acara-acara pawéy hiji hal anu jarang dilakukeun ku rahayat ari lain dina acara-acara resmi kanagaraan (sataun sakali dina miéling kamerdikaan Indonesia), éta ogé kawilang langka. Méméh taun 65-an mah geus jadi kabiasaan rahayat di urang, tiap aya hal anu dianggap rongkah sok direuah-reuah ku pawéy.
Mimiti aya pawéy dina acara samen barudak sakola dimimitian ku urang Balandongan di wewengkon Baros jeung sabudeureunna mah. Hiji hal anu kawilang langka dina taun 80-an mah. Méméh mahabu angkot, pawéy dilakukeun ku cara leumpang, ngeungkeuy ngabandaleut, nguriling ka lembur-lembur anu deukeut, henteu paduli hawa panas , da puguh resep anu aya. Geus jadi kabiasaan, pawéy dilakonan téh keur ngabéwarakeun lamun di hiji lembur aya acara samen anu baris direuah-reuah ku sagala rupa hiburan/kariaan. Dina taun 1982 karék angkot digunakeun dina acara pawéy.
Keur lembur-lembur séjén, naon anu dilakonan ku masyarakat Balandongan harita jadi conto, dua taun sanggeus kabiasaan pawéy dilakonan, lembur-lembur séjén ogé napak lacak urang Balandongan. Lembur Pangkalan (aya beula kidul Balandongan) mah bisa disebut masih anyar ngalakukeun pawéy dina acara samen sakola agama, pédah mimiti aya sakola agama di ieu lembur mah rada béh dieu, taun 90-an. Ti taun 1985 nepi ka ayeuna mah geus biasa di tiap sakola agama dina waktu samen sok direuah-reuah ku pawéy dipirig ku tatabeuhan sagala. Bédana pawéy ayeuna jeung baréto mah dina kandaraan anu digunakeun; ayeuna mah geus mahabu motor, mobil wara-wiri, malahan sok aya anu ngahaja pawéy ngagunakeun délman.
Lain nanaon, ayana pawéy téh keur ngabubungah barudak anu keur samen. Dina acara samen mah barudak sakola sok merekis ku duit, maraké baju anyar, komo dina mangsa kuring leutik mah, sok ngadadak loba barudak anu maké jam tangan, sapatu anyar, calana anu biasana tara disabuk ogé ngadadak disabuk, buuk laleucir, garinding henteu jauh béda jeung mangsa lebaran. Kabagjaan henteu sampurna lamun dina acara samen sakola agama henteu meuli inuman saperti Sprit jeung Fanta. Jarang pisan dina mangsa pabubudak mah bisa nginum Sprit jeung Fanta ari lain dina waktu samen atawa lebaran mah.
Cag ah!
*) Pawéy sok disebut ogé ngarak

Posting Komentar untuk "Pawéy Samen"