Naon anu geus dihasilkeun ku Rosul salila dua puluh tilu tahun mawa pangaruh kana niléy spiritual, politik, jeung étika umat Islam nepi ka sababaraha generasi. Hal anu disebarkeun ku Rosul mangrupa tujuan anu jelas ngeunaan kumaha sangkan umat manusa aya dina ‘kasalametan’, lain ngahadirkeun konsép kumaha cara nebus dosa asal anu dilakukeun ku Nabi Adam. Naon anu diusahakeun ku Rosul nyaéta kumaha cara ngawujudkeun kahirupan anu dipinuhan ku kasalematan, leupas tina talikung perang, pacogrégan, jeung papaséaan. Jaman ayeuna, jalma geus loba anu patojainyah jeung tujuan asal, malah jauh tina harti Islam anu sabenerna; kasalametan. Mahabuna papaséaan, perang, anu nepi ka dibarengan ku ngocorna getih sanggeus Rosul ngantunkeun mangrupa hal anu geus méngpar tina niléy-niléy spiritual Islam.
Aya hiji alesan, Rosul jeung umat Islam di jamanna bisa hasil dina ngawujudkeun tujuan hirup kusabab salila éta pisan terus-terusan wahyu diturunkeun kalawan nénjo kajadian jeung kondisi anu dialaman ku umat Islam harita. Saolah, nalika umat manggih pasoalan anu teu bisa dibéréskeun, Rosul langsung meunang pituduh ti Anu Kawasa, kumaha cara méréskeun pasoalan anu keur disanghareupan. Hirup samodél kitu mangrupa tanda ayana komunikasi terus-terusan antara hal-hal transéndén jeung kanyataan hirup mangsa harita. Henteu héran lamun ayat-ayat Quran anu ngaguar pasoalan sosial, politik, ékonomi, jeung budaya mangrupa jawaban jeung jalan kaluar dina mangsa harita.
Béda jeung Rosul, jalma-jalma atawa sahabat anu neruskeun ajaran Islam lain nabi. Hirup anu beuki kompleks, pasoalan kahirupan beuki hétérogén, anu mawa umat Islam kudu nyaluyukeun diri jeung kamapuan manusiawina. Kumaha cara maranéhna nafsirkeun Quran kalawan kréatif dina nyanghareupan atawa ngigelan jaman. Béda jeung nalika di Madinah, hiji Kota anu kawilang masih leutik, jaman sanggeus Rosul ngantunkeun mah, ummah lain saukur sa-kota, tapi geus ngawujud hiji nagara anu gedé. Kholifah-kholifah Islam anu neruskeun kapamingpinan Rosul tangtu boga pasoalan anu leuwih gedé tinimbang naon anu disanghareupan ku Rosul.
Opat kholifah Islam anu neruskeun kakawasaan Rosul manggihan pasoalan-pasoalan anu rongkah anu disanghareupan ku umat Islam. Abu Bakar, Umar, Utsman, jeung Ali mangrupa sahabat Rosul anu paling deukeut jeung boga jasa anu paling gedé ti mimiti Islam disumebarkeun di Makkah nepi ka ngawujud jadi hiji kakuatan anu ngahijikeun bangsa Arab.
Sanggeus Rosul ngantunkeun, para inohong Muslim kudu sagancangna mutuskeun hiji perkara, bentuk kakawasaan model naon anu kudu dicokot ku umat Islam? Sawaréhna aya anu henteu satuju kudu diadeugkeunna nagara atawa hiji impérium agama, hiji bentuk pamaréntahan anu can pernah aya di Arab saméméhna. Aya ogé anu boga kamandang, tiap kaum atawa séké sélér kudu miboga pamingpin séwang-séwangan. Ku Abu Bakar jeung Umar ibn Khathab dipertélakeun, sakuduna umat kudu tetep ngahiji jeung aya dina hiji kapamingpinan. Ceindekna, kudu aya kakawasaan tunggal, monarki absolut. Aya ogé umat Islam anu miharep, kakawasaan sakuduna diwariskeun ka Ali ibn Abi Thalib, sabab dina tradisi Arab, sikep kakulawargaan anu dibeungkeut ku getih anu ngocor dina diri mangrupa hal anu dianggap suci. Loba anu boga kayakinan, sifat-sifat kapamingpinan diwariskeun kalawan génétika. Loba umat Islam harita anu percaya, lamun dina diri Ali ngocor sifat-sifat Bani Hasyim mangrupa karuhun Arab anu boga pancén ngajaga Kota Makkah jeung Ka’bah.
Ngan ku golongan umat Islam séjénna boga kamandang, sanajan dina diri Ali ngocor sifat-sifat anu sarua jeung Rosul, umur masih ngora tangtu can pinuh ku pangalaman. Suksési kakawasaan antukna diaklamasikeun, Abu Bakar ditunjuk salaku Khalifah (wakil) umat Islam anu ngaganti Rosul.
Pamaréntahan Abu Bakar henteu lila, ngan dua taun (632-634), tapi bisa disebut pamaréntahan anu paling penting. Abu Bakar kudu merangan golongan-golongan anu hayang ngaleupaskeun diri tina kakuatan umat Islam. Sababaraha golongan aya anu hayang ngadeugkeun deui kamerdikaan maranéhna. Pasoalan anu disanghareupan ku Abu Bakar lain pasoalan agama anu rongkah, ieu mangrupa pasoalan politik jeung ékonomi. Sabab, lolobana mah, golongan atau kaum Bedewi Arab henteu hayang nyaho kalawan jero jeung sagemblengna ajaran anu dibawa ku Rosul, anu aya dina pikiran maranéhna mah, kumaha carana ngagabungkeun diri kana kakuatan anu leuwih gedé jeug bisa nguntungkeun kalawan politik ogé ékonomi. Aya ogé anu boga anggapan, aliansi kakuatan ngan saukur dilakukeun di jaman Rosul waktu arék ngarebut Makkah wungkul, sanggeus Rosul ngantunkeun mah maranéhna boga kalaluasaan arék kumaha baé ogé.
Sanajan kitu, aya ogé golongan anu boga kayakinan, lamun sikepna dina megatkeun diri tina kakuatan umat Islam ku pasoalan-pasoalan agama,sababaraha pamingpin ti kaum Bedewi Arab ngaku lamun maranéhna mangrupa nabi-nabi anu neruskeun ajaran anu dibawa ku Rosul ku cara nyieun ayat-ayat anu tata basa-na siga Quran. Abu Bakar merangan langsung golongan-golongan anu disebut murtad tadi. Dina mangsa harita beuki ditegeskeun lamun Rosul mangrupa nabi panungtungan, euweuh nabi deui sanggeus nabi panutup. Sarua jeung naon anu diagem ku kaum Yahudi, jaman kanabian geus bérés, maranéhna henteu bisa ngaku lamun Rosul mangrupa nabi.
Pamaréntahan Abu Bakar geus hasil dina nyingkahan binih pacéngkadan ku cara anu wijaksana. Abu Bakar nandeuskeun: golongan mana baé anu serah bongkokan jeung ngahiji deui kana kakuatan umat Islam moal diperangan. Aya ogé sawaréhna golongan anu asup deui kana kakuatan kusabab bakal leuwih gedé deui meunang panghasilan dina masalah Ghazwah, nyerang jeung nyokot harta rampasan ka nagara-nagara tatangga anu bakal diluluguan ku Umar ibn Khathab salaku khalifah ka-dua.
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Abu Bakar"