Sajarah Islam: Perang (Hanca Ka-genep)

Dirobahna arah kiblat ti Yerussalem ka Makkah ku Rosul ngabalukarkeun beuki bungahna urang Arab di Madinah. Ku basa umum dihartikeun; mimiti ayeuna jeung saterusna ummah geus boga kiblat anyar anu leuwih deukeut jeung tradisi urang Arab. Kaum Yahudi jeung Kristen anu biasa ngaréméhkeun urang Arab di Madinah, rék kaum Muhajirin atawa Anshor geus teu boga alesan deui lamun ummat Islam saukur pipilueun kana tradisi Yudaisme.

Nalika mimiti hijrah, kaum Muhajirin Makkah nyaéta urang Makkah anu pindah ka Madinah dibéré sagala rupa kapereluan ku urang Arab Madinah anu disebut kaum Anshor (anu sok tutulung). Dibéré sagala rupa kalawan gratis. Ngan kedieunakeun mah, kusabab panghasilan masarakat Madinah tina widang tatanén, lila-lila sumberdaya keur nyukupkeun kaum Muhajirin beuki saeutik, logistik anu biasa disayagikeun - dina sababaraha taun sanggeus kaum Muhajirin Makkah cicing di Madinah - geus teu bisa dibagikeun deui kalawan gratis ku kaum Anshor Madinah. Kusabab hal éta, kapaksa, kaum Muhajirin ngalakukeun ‘ghozwah’, serangan ka kafilah-kafilah ku cara ngarampas barang daganganna keur nyukupkeun pangabutuh kaum Mujahirin. Kahirupan di Madinah anu ngandelkeun hasil tatanén teu sapagodos jeung kultur dagang kaum Muhajirin.

Ghozwah atawa serangan ka para kafilah dagang dina tradisi Arab mangrupa hal biasa, dianggap hiji ‘olahraga’ lamun miboga sarat-sarat, nyaéta: serangan teu meunang ngarogahala para kafilah nepi ka nimbulkeun rajapati, henteu meunang ngayakeun serangan ka kafilah ku ngandelkeun kaum séjén terus diala hasilna ku hiji kaum, jeung henteu dimeunangkeun nyerang ka kafilah dagang anu masih sa-kaum. Di masarakat gurun, serangan mangrupakeun cara énténg dina ngala kauntungan, biasa dilakukeun ku kaum anu henteu boga sumber daya keur nyukupkeun jalma-jalma anu aya di éta kaum. Urang ulah ngabandingkeun kumaha kaayaan ayeuna jeung harita di lingkungan masarakat Arab anu cicing di hiji tempat anu pinuh ku pacogéregan jeung kaayaan di nagara urang anu sugih mukti pinuh ku sumber daya alam stratégis. Ku masarakat urang mah, kabiasaan ghozwah atawa serangan bakal dibéré harti ngarampog atawa ngabégal.

Ngan, sasaran serangan kaum Muhajirin biasana para kafilah ‘kapitalis’ Makkah anu geus ngarampas harta kakayaan kaum Muhajirin nalika hijrah ka Madinah. Dina tradisi Arab, hukum balas dendem mangrupa hal anu dimeunangkeun. Nyawa dibayar ku nyawa, harta dibayar ku harta. Sababaraha kali serangan anu dilakukeun ku kaum Muhajirin ka para kafilah Makkah bisa disebut lancar, harta rampasan dikumpulkeun, terus didistribusikeun/dibagikeun kalawan walatra ka tiap urang Muhajirin.

Dina taun 624, rencana serangan anu diluluguan langsung ku Rosul jadi rusiah umum. Keur ngamankeun para kafilah ‘kapitalis’ Makkah, para pupuhu Makkah maréntahkeun sangkan bala tentara Makkah milu dina kumpulan para kafilah. Di luar sangkaan, umat Islam anu diluluguan langsung ku Rosul bisa ngéléhkeun pasukan Makkah sok sanajan tina jumlah jeung pakarang anu dipaké leuwih unggul urang Makkah, maranéhna masih ngagunakeun stratégi perang Arab kuno, mercayakeun kakuatan ka para pupuhu ti tiap kafilah. Kaum Muhajirin mah ngagunakeun stratégi perang diluluguan ku hiji komando, Rosul. Perang Badar geus ngahasilkeun harta rampasan dina jumlah anu teu kaitung jumlahna. Lain éta wungkul, Rosul ogé ngagunakeun ‘allied strategic’, kaum bedewi Arab diilubiungkeun dina éta serangan, dibéré visi, bakal meunang harta rampasan anu kacida loba.

Para gegedén Makkah ngarasa kateunggeul ku éléhna kakuatan Quraisy Makkah jeung dirampasna harta para kafilah ‘kapitalis’. Maranéhna ngatur cara anyar keur ngayakeun serangan ka umat Islam anu aya di Madinah. Aya masalah séjén anu disanghareupan ku Rosul di Madinah, kaum kafir Madinah anu disebut kaum Munafiqun ngarasa geus teu tenang deui ku ayana kaum Muhajirin di Madinah. Kaayaan ieu dimangfaatkeun ku urang Makkah geus ngawangun kakuatan anyar, di luar diserang ku pasukan Makkah, di jero diserang ku ‘perang opini’ anu dilakukeun ku kaum munafiqun Madinah.

Ieu mangrupa hal anu nyusahkeun kaum Muhajirin. Pasukan Makkah anu diluluguan langsung ku Abu Sufyan boga tékad ngéléhkeun pasukan Islam jeung numpurludeuskeun kabéh umat Islam nepi ka akar-akarna. Étika perang di Arab harita, lamun dendem geus nyaliara hartina maranéhna henteu satengah-satengah deui dina kudu ngabuktikeun tékadna. Para gegedén Makkah saolah nyieun saémbara dina konsép jeung stratégi perangna, sing saha anu bisa maténi ummat Islam bakal meunang buruhan. Geus bisa diukur, kakuatan Makkah bisa ngéléhkeun ummat Islam di Uhud dina taun 625.

Tapi, dua taun ti harita, kakuatan Makkah anu dipeupeuh ku ummat Islam dina perang khandaq. Hiji stratégi anyar, Rosul maréntakeun ka kaum Muhajirin sangkan nyieun susukan anu ngurilingan Madinah. Stratégi samodél kitu dipandang lain hal anu populér ku urang Arab anu leuwih ngagedékeun perang tanding di médan laga. Kakuatan kavaléri Makkah jadi teu boga mangfaat. Kakuatan Quraisy bisa diéléhkeun deui ku umat Islam dina perang khandaq.

Stratégi perang anyar anu dipintonkeun ku Rosul bari aya dina kaunggulan beuki mangaruhan jalma-jalma di sakuliah Jazirah Arab. Iber ngeunaan meunangna ummat Islam anu ngéléhkeun kakuatan 10.000 kavaléri Makkah nyebar ka sakuliah Arab. Lolobana beuki percaya , lamun Rosul téh mémang bener jalma anu dijanjikeun sakumaha anu aya dina kitab-kitab kaum Yahudi jeung Kristen! Séké-sélér kaum Nomadén jeung sababaraha kaum di Jazirah Arab miboga tékad kudu ngahiji jeung ummat Islam anu dipingpin ku Rosul sangkan jadi hiji kakuatan anu moal diéléhkeun ku saha baé. Malahan, henteu sautik urang Makkah anu ngahianat ka kaumna terus mabur ka Madinah keur ngagabungkeun diri ka ummat Islam.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Sajarah Islam: Perang (Hanca Ka-genep)"