Henteu disebut hiji kasalahan lamun aya sebutan Islam Nusantara, sabab éta miboga harti Islam anu diagem ku urang anu hirup dumuk di nusantara. Hal anu kacida alusna ulah dianggap leutik, malahan kana hal anu leuwih basajan ti éta ogé siga 'varian' Islam nurutkeun kana paham anu dipakéna saperti ; N.U, Muhammadiyah, Persis, dll lain hiji kasalahan lamun hal éta digunakeun.
Kaayaan ieu nagara, sosio-kulturalna anu beuki dinamis pamohalan kudu disanghareupan kucara anu statis, heureut, jeung sangeunahna arék tina widang kaélmuan ogé kahirupan anu nyata. Da urang téh manusa, kudu hirup siga manusa. Dina falsafah hirup nagara disebutkeun: Kemanusiaan Yang Adil dan Beradab, mangrupa hiji hal anu geus paheut diwangun ku para founding-father ieu nagara, hiji rumus kahirupan anu euweuh babandinganna, sok sanajan dina alam réalitas mah falsafah kamanusaan ieu katénjona sok teu saluyu antara " konsép jeung prakték."
Méméh falsafah kamanusaan, para founding-father geus ngabetuskeun falsafah Ketuhanan Yang Maha Esa, tanggal 22 Juni dimodifikasi ku " Ketuhanan dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya.", anu dibalikkeun deui ka asal dina tanggal 18 Agustus 1945. Robahna ieu kalimat mindeng pisan disoalkeun jeung digugat ku golongan Islam ti taun ka taun, nu disalahkeun nyaéta Bung Hatta.
Lamun ditalungtik kalawan obyéktif mah, naon anu dilakukeun ku Bung Hatta téh mangrupa hal anu kaharti, malah bisa disebut bener. Hiji cara anu dilakukeun ku Bung Hatta keur ngajaga sumanget ngahijina ieu bangsa. Jeung kudu adil dina méré kamandang, lamun niténan kana biografina, Hatta kawilang hiji muslim anu taat, dina ucap jeung lampah. Dina sajarah disebutkeun, Hatta bisa disebut inohong Masyumi.
Bisa disebut hiji kasombongan lamun aya golongan anu nyebut para founding father ieu nagara mangrupa jalma-jalma sekular, kusabab kajadian 18 Agustus 1945. Jalma anu hirupna dipinuhan ku kawijaksanaan tangtu bakal ati-ati jeung moal sagawayah nyebut saha baé salaku jalma anu sasar jeung 'kafir-sekular'. Intina mah, lamun neuleuman Islam di Nusantara tuluy kaluar tina ugeran sajarah sarua baé jeung jalma anu cacapa dina kaayaan poék, tapi ngarasa keur leumpang dina kaayaan caang, padahal mah teu ngarti-ngarti acan kana sejarah anu sagemblengna. Ti golongan jalma-jalma modél kitu, naon anu dipiharep, jalma-jalma anu lolong tina wangunan sajarah bangsana sorangan?
Geus henteu kudu diropéa deui, mayoritas jalma anu cicing di ieu nagara geus narima Pancasila salaku falsafah hirup. Sok sanajan dina mangsa Orde Baru, ieu Pancasila pernah dipaksakeun ka rahayat, ngan sanggeus dipikiran mah ogé dihijijeun jeung kultur di Indonesia, nepi ka danget ieu, can aya hiji konsép ogé anu loyog dipaké kalawan rasional jeung bisa mertahankeun sumanget persatuan, kajaba lima sila anu aya dina Pancasila.
Nalika kaayaan siga ayeuna, bangsa urang bisa disebut leuleus, can ajeg, jeung masih jauh tina falsafah hirupna, lain harti kusabab anu dipaké jeung dijadikeun dasar nagara téh Pancasila, éta kulantaran Pancasila geus dihianatan dina laku lampah urang sapopoé!
Cag ah!

Posting Komentar untuk "Islam Nusantara (Hanca Kadua)"