Islam Nusantara Hanca Ka-5

Niténan kana sajarah Islam dina lumangsungna mangsa formatif (Islam Awal), mimiti mahabuna pacogrégan dina diri umat saba'da Rosululloh tilar dunya, ditambah ku sumebarna deui pamikiran ashobiyyah, klanisme, jeung sukuisme anu dibalur ku pasoalan politik.

Saba'da kapamingpinan para kholifah anu beuki ceuyah dina kahirupan nyaéta ékspansi kakawasaan anu teu tuhu kana moral agama. Henteu jadi soal, papaséaan keur najeurkeun kakawasaan sok sanajan masih saakidah antara hiji faksi jeung faksi séjénna, nepi ka ngocorkeun getih ogé dianggap hiji hal anu basajan.

Moral agama anu ngajak ka manusa sangkan hirup sauyunan kalindih ku moral perang jeung tabéat sarakah. Tangtu pisan, taruhan keur nanjeurkeun kakawasan kalawan miceun moral agama dina kahirupan kacida gedé, jalma bisa ngalakukeun hal anu kejem, teu mintonkeun ras-rasan kamanusaan, ngakhianat ka sasama, jeung sikep anu jauh tina moral tapi teu kapalang ku 'ngatasnamakeun' Alloh atawa ieu mangrupa paréntah ti Alloh anu aya dina wahyu.

Geus pasti, nalika urang ngaguar mangsa formatif tiap agama kalawan obyektif jeung jujur, bakal karasa panas kana ceuli jeung henteu ngeunah karasana. Islam anu aya ayeuna lain cai kopi atawa susu anu kari ngaregot, tapi kudu ditalungtik kalawan jero, teu jauh béda jeung ageman-ageman séjén ogé kitu.

Sajarah anu ngébréhkeun rasa pait dina kahirupan umat kudu dibéjérbéaskeun, dalah dina kadaharan anu rék didahar ogé urang kudu apal ti mana jeung ku maha prak-prakkanna nyieun éta kadaharan. Dunia lain sawarga, sagala rupa anu aya du dunia teu ngajadi sakedrét nétra. Jalma anu boga tékad nutup-nutup sajarah anu dipinuhan ku rasa pait mangrupa hiji hal anu dianggap talédor, komo nepi ka dibulen ku cangkang anu karasana amis, saolah sajarah ngan saukur dipinuhan ku carita-carita amis, romantic, jeung alus kabéh.

Jarang dipedar, sajarah kanabian anu sagemblengna jeung paripurana dina sagala rupa pasamoan; lolobana di antara urang heteu apal kana carita Rosululloh ngalakonan mujasemedi salila 15 taun di hiji guha, henteu apal morfologi tina prak-prakkan ritual Sholat tina sawaktu jadi lima waktu, anu apal malah sabalikna tina 50 waktu jadi 5 waktu, urang ogé can apal naon anu ngabalukarkeun papaseaan rongkah antara Ali jeung Aisyah? Anu dimimitian ku pasoalan tuduhan salingkuh antara Aisyah jeung Sofwan, anu diapal cangkem ku urang nyaéta carita-carita amis wungkul, nepi ka leungiteun sikep kritis dina diri kana sajarah anu geus dicaritakeun ti generasi ka generasi.

Boga maksud, jalma-jalma anu nyumput nyalindungkeun sajarah ngan saukur hayang meunang pamuji ti umat, mentingkeun pasoalan dunia, resep mungkus sagala rupa ku ayat-ayat tina kitab suci.

Nalika aya wacana Islam Nusantara, tafsir anu kaluar tina diri jalma-jalma subyektif nyaéta, saolah mertélakeun Islam téh ngan saukur keur di Nusantara wungkul, saterusna diadurengeskeun jeung pamikiran maranéhna Islam salaku Rohmatan Lil'Alamiin. Ngabandingkeun hiji hal anu patukang-tonggong kusabab béda kontéks.

Islam Nusantara sabenerna boga harti, Islam anu tumuwuh di Nusantara, kudu dijéntrékeun kalawan écés, ceuk karuhun Sunda mah, kudu dibéjérbéaskeun, kudu jelas. Sajarah asupna Islam ka Nusantara masih mangrupa hal anu henteu jelas, kusaha disumebarkeunna, loba pisan téorina. Anu jelas, dina danget ieu, Islam anu geus deukeut jeung kahirupan urang Indonesia kudu dibeungkeut ku hal anu aya di ieu nusantara, Islam anu saluyu jeung niléy ogé konsépsi masarakat di nusantara, lain Islam anu mintonkeun pasoalan baheula di tatar Arab terus dibabawa ka ieu wewengkon, perang, paséa, jeung pacogrégan. Téori sufi mangrupa hal anu leuwih rasional kumaha Islam nyebar di ieu nusantara.

Ti mimiti sumebarna Islam ogé métode anu dipaké ku para ulama anu nyumebarkeun Islam nyaéta kucara gaul kalawan séhat jeung komunikatif. Basa anu dipaké tangtuna kudu basa anu digunakeun sapopoé di wewengkon Nusantara. Basa Melayu mangrupa basa 'pergaulan' dina mangsa harita, kusabab nurutkeun kana téori sufi, Islam mimiti sumebar di wewengkon basisir, bisa jadi hiji konklusi: ajaran Islam jeung basa Melayu sumebar jeung dipaké ku para ulama kalawan sistematis.

Nepi ka taun 1928 kabéh unsur pamuda ngébréhkeun hiji basa persatuan, nyaéta basa Indonesia anu diadopsi tina basa Melayu.  Nénjo kana pasoalan ieu ogé, sabenerna keur jalma-jalma anu anti kana Islam Nusantara geus kudu éra paradah, yén Islam disebarkeun di ieu wewengkon ku cara anu bener dina mimitina mah, lain ku hahaok sabari tunggal-teunggeul sabari ngajorowok ngucapkeun Allohu Akbar!

 Kang Warsa

Dikirim dari iPhone saya

Posting Komentar untuk "Islam Nusantara Hanca Ka-5"