Mang Acip Tatangga Kuring

Anu sabenerna katénjo lain harti kitu ayana. Mang Acip, lain ngaran sabenerna. Dilandih Acip ti budak kénéh. Teu apal kasang tukangna kuring ogé. Anu jelas , urang lembur bisa dibéré ngaran naon baé ku indung bapana, tatanggana, jeung babaturanna. Bisa jadi, Acip ngan salah sahiji sebutan keur manéhna. Da di lembur mah, hiji jalma bisa boga ngaran landihan kana opat sikina malah bisa nepi ka leuwih ti éta. Najan ngaran alus ogé, keur urang lembur mah kudu rada taktagé, salian ti méré ngaran kudu dumasar kana hadits, méré ngaran anu alus, ogé kudu nyiapkeun akal, taki-taki, lamun urang salaku kolot méré ngaran ka éta budak, pidilandiheunna ku babaturanna naon. Abdul Kohar, di lembur kuring nelahna nepi ka ayeuna nyaéta Kang Oay. Teu béda jeung Mang Acip, bisa jadi ngaran aslina mah Sutjipto, ngan asa pamohalan urang Sunda boga ngaran hurup tungtungna ku O, lamun lain si Oo mah, éta ogé landihan keur si Sodikin deuih, budakna Mang Abun. Tuh, Abun ogé lain ngaran sabenerna, da dina KTPna mah écés ngaranna téh Bunoh. Pokona, kabéh urang lembur apal ka Mang Acip. Teu kudu merhatikeun saha ngaran sabenerna.

Sakapeung mah sok aya rasa sirik nalika nénjo babaturan geus baroga mobil jeung imah. Lamun geus waktuna ngumpul, dua poé sanggeus lebaran sok jorojoy haté méréan asa hayang boga Fortuner atawa Jazz. Hanjakal saukur kahayang. Anu diobrolkeun téh geus pasti sabaraha yuta gajih di pagawéan. Sok paagul-agul. Naas, lamun kuring anu kabagéan katanyaan. Naha, masih kénéh daék jadi Guru Honorér? Cukup kitu keur maraban anak pamajikan? Pan keur meuli pulsa ogé asa jauh ka cukup? Lamun lain babaturan anu nanyana mah teuing geus dikumahakeun. Anggap baé meureun dodoja, cobaan ka guru Honorér, anu geus banget hayang diangkat jadi Pagawé Nagara ku Pamaréntah.

Tapi, lamun panénjo ditungkulkeun. Jorojoy hayang boga Fortuner jeung Jazz téh ngadak-ngadak laas, nalika nénjo kumaha basajanna kahirupan Mang Acip. Geuning basajan ogé tetep baé bisa hirup. Imah panggung bilik ogé meureun saré mah sarua baé peureum. Ceuk Haji Ihin, tong poho, ngaran aslina Haji Solihin, ulah kitu teuing boga pamadegan téh, kudu siger tengah. Naon anu dipikahayang, bisa kabukti lamun diikhtiyaran. Kudu dug hulu pet nyawa. Pantes atuh, teu saeutik jalma anu bélaan unjam-injeum nalika hayang nyumponan hiji hal . Ngan sakanyaho kuring, Mang Acip hirupna basajan.

Sakumaha ilaharna urang lembur. Mang Acip nyekel pageuh kana titilas karuhun. Moal ngajual taneuh, sawah nepi ka hoss maot ogé. Ceuk pikir, arék diwariskeun ka saha éta taneuh jeung sawah, da sakanyaho kuring, manéhna teu boga anak incu. Ditinggalkeun ku pamajikanna ti taun 70an. Ngaduda nepi ka ayeuna. Uyuhan kuat! Aya hiji mitos, ngaranna ogé mitos benerna kabeneran, ngan dina palebah wadulna sok dibener-bener. Mang Acip téh cinta mati cenah ka pamajikanna. Mémang jodo ngabatu, nepi ka salaki atawa pamajikan maot ogé, geus pasti moal boga maksud hayang kawin deui. Hiji pamadegan hirup anu alus dina ajegna kayakinan mah, ngan lamun diloyogkeun jeung zaman kiwari asa teu sapagodos. Cacakan lalaki anu geus boga incu ogé aya kénéh anu hayang nyandung, malahan resepna téh ka awéwé anu ngora.

Mang Acip tatangga kuring. Apal pisan kuring kana dedeganna. Awak leutik, kulit lestreng bawaning ku papanasan baé di sawah, buuk geus mimiti pinuh ku huis. Indit ka sawah tara bébéja ka sasaha, komo amit hela mah. Éstuning tiis. Ngawangkong saperluna, tara sagala dicaritakeun. Tani téh tani baé. Teu boga kamotékaran anu séjén dina hirupna ari salian ti gaul jeung pacul, meri, domba, jeung paré mah. Ku jalma-jalma jarang ditanya, da puguh lamun ditanya ogé sok ngajawab daria bari pondok. Tong heureuy ka manéhna mah. Komo lamun geus nyabit-nyabit pamajikanna anu geus tilar dunya, pasti pundung kana samuludna.

Kumaha ka kuring? Sarua jeung ka batur? Meureun, aya bédana saeutik, pédah kuring mah tatangga. Dina usum panén, Mang Acip sok méré paré satengah karung ka kuring. Dina panén ngebon bonténg ogé bisa méré kana satolok. Lebaran, sok méré daging. Pokona, kulawarga kuring jeung manéhna silih simbeuh, akur, silih rojong. Pernah, dina hiji poé kuring gering. Mang Acip datang bari mawa cau ambon. Ceuk manéhna, ngahaja ngala di kebon. Duméh tatangga gering. Hirup kumbuh babarengan jeung Mang Acip jauh tina pacogrégan. Da geuning, manéhna mah teu bogaeun rasa sirik, jail, siga Semar lamun dina pawayangan mah. Kuring meuli hapé anyar ogé, ngan saukur nanya: Naon éta? Geus cukup! Apan di beulah Kidul mah ,ceunah, hirup jeung tatangga téh éstu papanas-panas, aya anu gering parna sagala, alatan tatanggana meunang duit hasil lotré. Tatangga maju téh lain atoh jeung nyukuran, tatangga tijalikeuh lain mantuan ngahudangkeun karah ngadon nyuntrung-nyuntrung sangkan teu hudang-hudang. Hiji kahirupan anu teu saluyu jeung titilas karuhun urang.

Mang Acip getol ka masigit. Dina hiji mangsa mah sok adzan, najan kurang ngeuna ogé dina palebah ngucapkeun Hayya ‘alash-sholaah-na. Seringna mah jadi marbot, tukang nakol bedug. Dina wanci janari leutik, geus kadéngé reketna sora panto ti imah Mang Acip. Jegohna batuk garing. Nepi ka masigit, sok langsung mandi, ngeueum di kulah masigit. Maklum di lembur, teu sah hiji masigit lamun euweuh kulahan dihareupenana. Di kota-kota jeung lembur séjén mah geus jarang masigit anu bogaeun kulah. Teu higiénis cenah. Nya, ari kitu téa mah arék bersih jeung séhat kumaha, da dikotoran ku kalakuan maranéhna kénéh. Balik ti masigit langsung ngahurungkeun seuneu. Haseup suluh anu kahuru kaambeu. Tah, kuring mah hudang téh pédah ngambeu haseup. Ngaku, kuring éléh ku hayam, pantes meureun rezeki teu ditambahan ogé ku Gusti.

Isuk-isuk, méméh indit ka sawah, Mang Acip mengkol hela ka imah kuring. Pakéan sing sarwa hideung, maké cetok, mangul pacul jeung garpuh.

“ Jang..!” Kitu manéhna biasa nyebut ka kuring.

“ Aya naon, Mang?”

“ Meunang, kuring nanya?” Pokna, teu anéh, da biasana ogé seurieus, tara heureuy.

“ Mangga, perkawis naon?”

“ Pan Ujang mah guru nya?”

“ Muhun.. kunaon kitu?”

“ Ceuk Mama Ajengan Safri Almarhum, guru téh kudu jadi gugueun jeung tirueun, digugu jeung ditiru ku balaréa, utamana ku anu jadi murid.”

“ Muhun..!”

“ Amang mah lain mapatahan. Moal aya anu percayaeun, da baheula ogé amang téh pernah jadi guru. Ngan teu diteruskeun nalika si jenat tilar dunya. “ manéhna ngarénghap. “ Sangkan digugu jeung ditiru téh kudu aya ucapan anu geus dipilampah dina bentuk prakna kahirupan..”

“ Mapatahan ngapung ka heulang…!” ceuk pikir, teu narima, padahal bener, masih loba ucapan anu can saluyu jeung prak-prakan kahirupan kuring.

“ Tong jauh-jauh, ngeunaan hadé ka tatangga baé. Loba jalma anu siga alus hareupeun, padahal goréng haté!” rada tandes nyaritana.

“ Maksadna ?”

“ Apal meureun, dimana biasana kuring ngampihkeun domba?”

“ Muhun, dipengker bumi, anu ditutupan ku bilik..”

“ Bilikna kohok sagedé sungut gelas…!” Melong ka kuring.

“ Nuduh meureun ka kuring!” Ceuk haté, bari nenang-nenangkeun manéh. Asa kakara Mang Acip kieu peta.

“ Bisi teu percaya, ténjo ku Ujang…” Pokna bari ngojéngkang indit.

“ Eh.. Mang.,, Mang… Kin hela atuh, naon ieu téh maksadna?”

“ Ténjo baé ka ditu! Kuring arék ka sawah bisi kabeurangan!!! Leupaskeun ieu leungeun.!”

Kuring ngajanteng. Nempokeun kumaha gura-giruna Mang Acip leumpang.

Bener. Bilik, kandang tempat ngampihan munding jeung domba téh kohok sagedé sungut gelas. Kuring rumasa geus bohong kana diri sorangan. Sakumaha anu geus dibéjakeun ti tadi. Naon anu katénjo can tangtu bener ayana.

Sabulan ka tukang, méméh kuring indit ka sakola. Kaayaan tiiseun pisan. Pamajikan jeung budak geus indit isuk-isuk ka Puskesmas Désa. Imah Mang Acip ogé tiiseun, teu kadéngé dukdekna sora suluh dibeulahan. Biasana, jam satengah tujuh manéhna geus diuk di téras imah, siap-siap arék indit ka sawah. Béda pisan harita mah. anu kadéngé téh, saukur bébéréléanna sora domba di pipireun imah.

Panasaran, bisi kumaha onam. Bisi maot bari teu kanyahoan. Kuring asup ka dapur imahna. Panto teu dikonci. Teu nginjeum pangdéngé ka batur, da ceuli-ceuli kuring, kadéngé mani jéntré, di kandang aya sora anu rumahuh, hah héh hoh, siga anu keur kacapéan. Dasar panasaran, kuring kaluar, tuluy ngintip dina sela-sela bilik.

Kuring ukur bisa kerung, ngégél biwir. Nalika nénjo Mang Acip di jero kandang keur rumahuh, awak boborot ku késang, calana pangsi hideung anu biasa dipaké ka sawah diporosotkeun semet tuur. Manéhna nangtung pas pisan tukangeun hiji domba bikang. Domba ngan ukur bebérélean. Kuring lumpat satakeur kebek. Asup ka imah. Kerung…kerung jeung kerung… asa teu percaya kana naon anu katénjo. Asa piraku Mang Acip kitu peta.

Tilu poé ti harita, kitu deui kajadianna. Nepi ka kana sabulanna, kuring teu salah teténjoan, da teu nginjeum panénjo ka batur. Tétéla.. tétéla.. éta Mang Acip lain sasaha.

###

Saminggu lilana, Mang Acip hirup nyorangan. Nalika pamajikan nanya, “ Kunaon Mang Acip, asa tara katingal?” kuring ngan bisa ngajawab, keur sibuk nyawah jeung ngebon meureun.

Poé Kemis, wanci haneut moyan. Mang Acip ka Imah. Kuring ngagebeg, sieun siga minggu kamari.

“ Jang.. Nyai..!” ceuk manéhna daria.

“ Muhun, Mang!”

“ Hampura nya, kuring. Bisi salila natangga aya ucap jeung paripolah anu pernah ngarahetkeun haté Ujang jeung Nyai. Kuring amitan, arék pindah imah. Imah jeung sawah ku kuring geus dijual ka Juragan Ajat. Bener, ieu hiji kanyataan anu méngpar tina pamadegan kuring. Geus waktuna kuring niiskeun diri.”

“ Sami-sami.. sawangsulna, hampura abdi sakulawargi!” ngan sakitu. Jep simpé.

Léngkah mang Acip katénjo ku kuring jeung pamajikan siga nu beurat ninggalkeun ieu tempat. Dijajap ku pencrong anu pinuh ku kaduhung ti diri kuring. Asa leungiteun, padahal.. dina haté geus kedal, jangji moal… moal nepi ka rusiah manéhna bocor ka jalma anu séjén. Cipanon pamajikan rembes, ngagurat dina pipi. Kuring ngarénghap panjang, rét panon nénjo kana bilik kandang anu masih kénéh kohok sagedé sungut gelas.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Mang Acip Tatangga Kuring"