Masih kénéh loba anu boga kayakinan, Sri Baduga Maharaja atawa Prabu Siliwangi saréngsé méré peupeujeuh ka rahayatna 'ngahyang' atawa tilem ka alam ghaib. Lamun niténan kana kecap, ngahyang boga harti 'balik ka hyang, Gusti anu Maha Suci.'. Kalawan artikulasi anu bener, ngahyangna Prabu Siliwangi samodél kieu geus pasti bener, da kabéh jalma anu milampah laku suci , ruh jalma bakal balik kanu Maha Suci. Ngan diantara urang loba anu ngartikulasikeun kalawan salah, saolah ngahyangna Prabu Siliwangi téh tilem jeung raga badagna. Malahan masih loba anu percaya lamun nepi ka ayeuna, Prabu Siliwangi masih aya di kieuna.
Konsép 'ngahyang' modél kadua lain saukur aya dina tradisi Sunda wungkul. Dina kisah-kisah séjén ogé dipertélakeun ngeunaan carita Nabi Idris, Nabi Khidir, jeung Nabi Isa anu masih kénéh aya di langit, boga harti can maot tapi diangkat ku Alloh raga badagna ka langit. Carita ieu dijadikeun hiji kayakinan -saolah - anu dianggap geus pasti bener kalawan henteu asak sasar hela kalawan panalungtikan rék ku cara linguistik komo fakta sajarah. Tradisi Yunani Kuno kalawan mitologina ogé ngébréhkeun hal anu sarua, dongéng diangkatna Idris, Khidir, jeung Isa miboga hal anu saru jeung alam déwa-déwi; Hermes, Poseidon, jeung Hercules. Kitu deui konsép nghyangna Prabu Siliwangi, anu dipercaya ku sabagéan urang Sunda. Nénjo kana wangunan kisah, sabenerna teu hésé keur jalma anu ngarang jeung ngaréka-réka carita, tinggal ngaganti ngaran tokoh wungkul, alur jeung plot carita mah tetep sarua.
Alloh dina nyieun hal-hal anu aya patula-patalina jeung kahirupan geus pasti dilengkepan ku aturan-aturan anu jelas. Salah sahijina nyaéta 'Hukum Kapastian", jalma pasti maot, pisah ruh jeung raga, cai anu dipanaskeun kalawan ukuran sababaraha derajat celcius bakal ngagolak, hujan turun ti langit, jsb. Kaluar tina hukum éta, boga harti aya hal anu salah dina ngartikulasikeun hukum Alloh. Artikulasi salah dilantarankeun ku leungitna fakta anu nimbulkeun loba tafsir atawa interprétasi. Conto: loba jalma anu nganggap lamun kitab Taurat, Injil, jeung Mazmur (Zabur) anu aya ayeuna geus béda jeung pajauh jeung kitab-kitab atawa suhuf awal, boga kayakinan modél kitu téh bari teu boga bukti, kitab-kitab anu aslina kumaha? Lamun urang nyebut Injil anu ayeuna geus jauh jeung anu sabenerna, ari Injil anu sabenerna mana jeung kumaha? Kabéh saukur ngajawab ku fanatisme kayakinan. Jurus pamungkasna kacida basajan: tampi baé ku kaimanan, hartina balik deui ka titik nol! Jalma geus teu bisa usik-malik nalika sagala rupa kudu ditampa ku kaimanan.
Kecap Iman sorangan saharti jeung yakin, ngan lamun niténan kana morfologi kecap mah, iman téh dicokot tina kecap a-m-n, boga harti 'aya dina titik aman'. Boga harti jalma anu geus iman kana hiji perkara geus ngarasa aman jeung aya dina titik aman, dicampur ku sikep fanatik, kaluar baé pamikiran heureut, jalma anu henteu sa-iman jeung urang can aman, masih aya dina kasasaran anu nyata. Sarua jeung kana 'ngahyangna' jalma-jalma anu dipercaya boga karomah, mu'jizat, jeung kalinuwihan dina hirup teu meunang diganggu komo digugat, kudu dipercaya mangrupa hal anu bener!
Tokoh-tokoh dina carita anu disebutkeun sarua jeung urang-urang, jalma biasa, anu ngarasakeun kumaha amisna gula jeung asinna uyah. Kusabab jalma biasa, geus pasti dina fase kahirupanna ngalaman anu ku jalma umum kaalaman, maot, pisah ruh jeung raga. Moal aya jalma anu bisa naék ka langit raga badagna lamun henteu dilengkepan ku fasilitas anu bisa mawa hiji jalma nepi ka langit. Malahan, konsép langit sorangan masih mangrupa hal anu rélatif, da disebut langit téh nali ka urang aya di bumi, lamun geus ka langit mah anu aya nyaéta astéroid, batu-batu kosmik, rohangan 'hampa udara', jsb. Hal anu asup rasio nyaéa, Prabu Siliwangi ngahyang, boga harti ruh-na balik ka hyang (Anu Maha Kawasa). Raga badagna, perlaya, ceuk basa ayeuna mah 'membumi'. Saréngsé ngaleupaskeun kakawasaanna, Prabu Siliwangi lain leungit, tapi ngalakukeun sikep 'membumi/ngabumi' balik deui kana kahirupan salaku jalma basajan, jadi rahayat deui, hirup campur jeung masarakat biasa. Da kitu kahirupan mah, hiji hal anu bulak-balik, hiji lalampahan hirup anu bakal karandapan ku saha baé.
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Ngahyang"