“Salian ti aing mah salah kabéh ogé, aing anu bener mah!” Kamandang saperti kieu biasa diucapkeun ku hiji kelompok anu disebut ‘golongan éksklusif’. Ngaranna ogé éksklusif, nunjuk lamun diri atawa kelompokna anu sarwa ‘lux’ dipinuhan ku kasampurnaan, salian ti diri atawa kelompokna kabéh ogé salah.
Salian ti éta golongan aya ogé anu boga kamandang, “ Aing bener, ngan anu séjén ogé bisa jadi bener!” ditilik kana basa mah siga kaluar tina kamandang jalma anu teu boga pamadegan, tapi rék dikumaha-kumaha ogé éta téh mangrupa hiji kamandang, jalma atawa golongan samodél kitu disebut kelompok inklusif. Jalma atawa hiji kelompok anu boga pamikiran, lain urang wungkul anu bener, batur ogé bisa jadi bener. Ngan, anu bener mah nyaéta kamadang di golonganna bari henteu nyalahkeun ka golongan anu séjén.
Salian ti dua kelompok di luhur, aya anu boga kamadang pluralism, hiji kamandang anu ngébréhkeun lamun Alloh geus nyiptakeun ieu kahirupan kalawan hiji hukum anu pasti teu bisa ditolak kusasaha ogé nyaéta kahétérogénan, sing sarwa béda, rupa-rupa, aya héjo,konéng, beureum, jeung sagala rupa. Kaasup dina pasoalan kayakinan. Hukum anu pasti ieu teu bisa disinglar da alam émpiris mémang bréhna saperti kitu. Nyangkal kana kahétérogénan hartina geus nyoba-nyoba nyieun kasaragaman atawa kahomogénan, kabéh kudu sarua jeung anu aya dina dirina, hartina geus nolak kana kamahakawasaan Alloh.
Pasuliwerna kamandang samodél di luhur beuki mahabu dina mangsa ayeuna. Jalma boga kamerdikaan dina ngébréhkeun naon anu ku maranéhna diagem mangrupa hiji kayakinan. Dina sababaraha kitab suci geus dibéjér-béaskeun ayana golongan-golongan jalma, katénjona mah antara hiji ayat jeung ayat séjén miboga sifat kontradiktif, hal ieu dilantarankeun kitab-kitab suci anu mangrupa tafsir tina wahyu transcendent diturunkeun terus disumebarkeun di hiji wewengkon. Yahudi boga anggapan, ras maranéhna mangrupa hiji ras atawa séké-sélér pang pinunjulna dibandingkeun jeung ras-ras séjén, Kitab Perjanjian Lama atawa Taurat méré lolongkrang keur kaluarna kamandang samodél kitu. Aya ayat anu ngébréhkeun: Bangsa Yahudi mangrupa jalma-jalma pinilih. Tangtu aya hiji kateuadilan nalika Alloh milih hiji kelompok atawa bangsa salaku ras pinunjul, hétnotheisme kaluar ti ieu kelompok, Gusti anu sahiji keur bangsana sorangan, bangsa-bangsa séjén mah béda pangéranna.
Kitab Injil ogé ngébréhkeun pasoalan ékslusifisme, bangsa-bangsa séjén salian ti Bangsa Israél mangrupa domba-domba anu kasasar. Aya ogé kamandang anu medalkeun kayakinan, Isa atawa Yesus ngan diutus keur bangsa Israél wungkul. Quran méré kamandang anyar: aya sikep éksklusif, inklusif, ogé pluralis. Dina sawatara ayat disebutkeun dalil: Ya Ayyuhannaas, Ya Ayyuhalladziina Amanuu, Ya Ayyuhal Kaafirun, jeung Tsuuban Wa Qabaailan li taarafu, malahan aya ayat anu biasa disebut mangrupa sikep toléransi: Lakum diinukum Waliyaadini.
Hiji pasoalan utama nyaéta, naha anu katénjo ramé jeung mahabuna pacogrégan téh dilantarankeun ku masalah kayakina anu asalna ti Timur Tengah? Sok sanajan tina sakabéh agama miboga madzhab jeung aliran fundamentalis, ngan kusabab tilu agama anu asalna ti bangsa Semit ieu mangrupa kayakinan mayoritas anu diagem ku jalma di dunia anu katénjo leuwih nyongcolang dina ngabalukarkeun pacogrégan. Pasoalan samodél kieu teu bisa dijawab ku panalungtikan basajan, kudu aya panalungtikan kompréhénsif ngenaan ieu hal. Kudu dimimitian tina akar sajarah jeung mangsa formatif sumebarna ieu tilu agama tina agama anu wungkul diagem ku hiji golongan nepi ka kaluarna madzhab, aliran, jeung sékté anu aya dina ieu agama.
Keur diri urang, aya hiji kayakinan anu geus diwakcabalakakeun ku karuhun-karuhun Sunda, ngarasa bener mah meunang, anu ulah téh boga rumasa aing pang benerna. Ogé aya hiji papatah: pinter rumasa tapi ulah rumasa pinter. Tujuanna hiji, sangkan hirup di dunia dipinuhan ku silih hormat, silih asah-asih-asuh, jeung silih ajénan.
KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Pinter Rumasa jeung Rumasa Pinter"