Pilkada (Kanca Ka-Hiji)

“ Teu satuju kuring mah!” Ceuk Si Ohi di warung Mang Ujang. “ Milih pingpinan langsung téh!”

“ Naha?” Abah Uko anu nanya sabari menerkeun kopéah hideungna.

“ Pokonan teu satuju. Titik, teu make koma!” Si Ohi ngahuapkeun géhu.

“ Kudu aya alesanna!” Abah Uko ngagebés deui.

“ Alesanna nyaéta teu satuju. Titik!”

Kitu obrolan urang Cihérang dina waktu ka waktu. Hiji lembur anu jauh ka dayeuh, jarang kasaba ku balaréa nalika ngobrolkeun pasoalan politik. Ayeuna mah, iber pasoalan politik gampang nyebar, anu ngaranna informasi geus teu boga deui wates. Dua taun ka tukang, media social jeung media éléktronik geus mimiti mahabu, asup ka ieu lembur. Urang Cihérang geus teu anéh deui kana acara-acara debat, dialog politik, jeung berita-berita anu dipinuhan ku obrolan ‘runtah’.

Nyebarna informasi ka sakuliah jeung satungkebing alam mawa pangaruh kana cara ngomong jeung eusi obrolan. Sapuluh taun ka tukang, komo dina jaman orde baru, jarang pisan jalma di pilemburan anu ngaguar pasoalan politik, anu jadi patani can pernah ngaguar naon anu ngaranna pilkada, pemilu, pileg, pilpres, free-port, jrrd. Maranéhna mokuskeun diri kana pasoalan-pasoalan kahirupan sapopoé, kumaha cara sangkan melak pare teu kuhama baé, kumaha cara ngurus ingon-ingon, di warung, di jalan, jeung di pos ronda anu dibahas téh pasoalan anu deukeut jeung diri maranéhna. Lain hal anu jauh teuing aya di mana. Komo kadieunakeun mah, anu ngaranna obrolan geus beuki peureus jeung nurub cupu baé, baheula mah jarang diguar pasoalan-pasoalan anu aya hubunganna jeung kayakinan batur, ayeuna mah geus jadi rusiah umum jalma anu aya di lembur Cihérang wani nyebut lamun salah sahiji ajaran anu béda jeung maranéhna sasar jeung bakal picilakaeun.

Mémang, jaman beuki maju, ti taun 80-an nalika dunya asup kana hiji révolusi éléktronik, sagala rupa kariaan geus mimiti diheureutkeun, hajatan geus jarang make deui sapéker Toa masigit, ayeuna jalma leuwih milih nyéwa sound system da cenah sangkan sora anu dihasilkeun ku kariaan arék dangdutan, organ tunggal, atawa pangajian leuwih ngajelegur jeung ngeunah kadéngéna. Asup kana waragad hajatan, malah diasupkeun kana anggaran sagala. Radio tape kasét geus kalindes ku VCD jeung DVD Player, ampir tiap imah miboga éta media. Jalma anu teu bisa nyetél komo apal kana VCD jeung DVD bisa kawilang, disebut generasi béh ditu.

Geus puguh nalika hp geus mimiti asup kana mangsa jaya. Teu di imah, di warung, atawa di jalan, pagawéan urang Cihérang tara jauh jeung teteleponan, sms-an, jeung uprak-oprék kana hp. Nepi ka poho waktu, malahan aya jalma ti siuk jedur nepi ka bray beurang tug reup harieum beungeut teu bisa pisah dina ngoprék hp. Intina, iber pasuliwer, kamandang jalma gampang diposting, kecap jeung kalimah nyebar tiap wanci.

“ Kudu nyurup ka waktu manéh téh, Ohi.”Si Kemed mimiti cumarita. “ lain masalah cara jeung gaya hirup wungkul, ogé cara ieu nagara mintonkeun démokrasina! Pilkada langsung, milih pamingpin mangrupa hiji kaniscayaan, da sanajan manéh nangtang jeung antipasti ogé moal bisa ngeureunkeun ieu proses!”

“ Teu satuju, titik!”

“ Uing mah satuju, da.. ngeunah sia téh, ku ayana pilkada langsung ampir unggal poé déwék meunang duit ti tiap calon jeung tim saksés pasangan calon. Kahayang mah unggal taun aya pemilu, da!” Mang Ujang ngomong sabari mulak-malik goréngan dina katél.

“ Henteu satuju, titik, gak paké kommmmmaaa!”

“ Angger!”

###

Bener pisan, mangsa geus asup kana ‘tahapan’ pilkada. KPU Daérah ngayakeun sosialisasi, maksudna ngajak ka masyarakat anu geus boga hak milih sangkan ngagunakeun pilihanna dina waktuna prung pamilihan. KPU Ogé lain nyosialisasikeun sangkan masyarakat jadi ‘pemilih yang baik’ ogé nyosialisasikeun saha baé calon anu baris milu dina kariaan pésta démokrasi lima taun sakali éta. Béda jeung lima atawa sapuluh taun ka tukang, ayeuna mah anu boga hak masangkeun alat peraga kompanyeu lain tim saksés atawa pasangan calon wungkul, tapi KPU salaku ‘penyelenggara Pemilu’ anu masangkeun sarupaning baliho, spanduk, jeung poster.

Tapi, sok sanajan kitu, kabiasaan anu mémang geus jadi budaya dina tiap pemilu, pilprés, jeung pilkada, ku sumangetna tim saksés jeung masyarakat anu ngarojong ka tiap pasangan calon, angger baé maranéhna milu ngaramékeun ‘pésta démokrasi’ ku cara ngabagikeun liflét, masang poster dina témbok, aya ogé anu masih salah jigana can kasosialisasikeun ku DPKAD, lamun masangkeun baliho jeung spanduk teu meunang dina tangkal jeung tetep kudu mayar pajeug. Lolobana ngapilainkeun!

Sabenerna henteu saeutik masyarakat anu miboga sikep apatis jeung pesimis siga Si Ohi. Lain embung kana ayana Pilkada, tapi leuwih maca kana historis atawa sajarah sababaraha taun ka tukang. Loba calon arék caprés, calég, cabup, atawa cawalkot loba anu méré jangji ka masyarakat kari-kari nepi ka rék pilkada deui can kacumponan naon anu dijangjikeunna téh. Jangji tinggal janggji baé antukna mah, pangwangunan loba anu can réngsé. Ku kaayaan kitu masyarakat loba anu apatis kana pilkada.

“ Rék aya sosialisasi cenah di kantor désa!” Ceuk Si Kemed. “ KPU jeung réngrénganna arék nyosialisasikeun tata cara milih anu bener!”

“ Atuh milih anu bener mah, nyaéta milih nomor 1 wé!” Si Ocim ngomong, kabéh ogé apal, manéhna salaku pimpinan ancak cabang salah sahiji partéy anu ngarojong ka pasangan calon nomor 1.

“éh, sagawayah éta nyarios, nomor 2 anu bener mah!” Mang Upay milu ngomong.

“ Tilu!” Ceuk Mang Apud.

“ Garandéng siah, pilih mah engké wé di bilik suara!” Ceuk Si Kemed.

“ Mang Kemed arék milih anu mana?”

“ Rusiah!”

“ Horr, kudu boga pilihan atuh, Mang Kemed téh!” Ceuk Si Ocim.

“ Silaing salaku pimpinan anak cabang hiji partéy pan? Kumaha éta partéy silaing nepi ka kumawani nyokot manéh salaku pimpinanna? Ruksak siah partéy dipimpinan ku jalma model manéh mah!” Ceuk Si Kemed jebi...

Hanca

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Pilkada (Kanca Ka-Hiji)"