EUWEUH kajadian anéh nalika Jang Aim keur leutik. Kahirupanna ngaguluyur kitu baé, ilaharna urang lembur, indit sakola isuk-isuk, balik sakola méméh lohor, dituluykeun nyuprih pangarti agama ka madrasah, bérés sakola agama dituluykeun ulin di lapang sakola atawa di buruan imah. Rupa-rupa kalulinan barudak dipintonkeun di lapang atawa buruan imah. Kumaha usum. Dina usum katiga barudak remen ngeusi wanci pasosoré ku kalulinan saperti; ucing-ucingan, oray-orayan, bébénténgan, galahsin, gatrik, jrrd. Béda deui dina usum ngijih, barudak milih waktu saméméh hujan turun, kaulinanna bisa maén bal, malah ninggang hujan geus turun ogé maén bal mah tetep laju, bisa di sawah, kebon awi, atawa lapang balédésa.
Éta ogé pernah aya kajadian anéh nimpa ka diri Jang Aim. Nalika nincak umur salapan taun, keur diuk di kelas dua SD, manéhna kungsi kaserang ku panyakit panas. Awak ngagibrig, biwir geunteul, beungeut pias, ceuk pikir urang lembur mah alatan ulin di kebon awi, kasibat ku jurig jarian. Akibat katarajang panas, Jang Aim mindeng sasar, anu disambat nalika sasar tara sasaha, aki jeung ninina. Saréréa pada ngalongok, babaturan sakola, sapangajian, jeung kolot-kolot anu aya di éta lembur. Poé harita pisan, ku indung bapana dibawa ka puskesmas kacamatan. Jauh pisan, kira-kira 5 kilometer ti lembur Cicadas. Can aya kandaraan model kiwari, dijugjug baé ku cara leumpang dibarengan ku para tatangga.
Ceuk mantri di puskesmas kacamatan mah Jang Aim katerap panyakit tipes. Teu dijéksi da cenah budak panas mah teu kudu dijéksi, cukup baé dibéré obat keur nurunkeun panas. Ti tatanggana mah meunang haréwos, gering panas mah lobakeun baé nginum cai cacing. Tarékah éta ogé dilakonan ku Kang Acip, ngahaja ngala cacing kalung sagedé-gedé cingir orok, digaringkeun, tuluy digodok. Budak mah teu dibéré nyaho lamun cai anu dina gelas téh cai cacing, bisi teu diinum lamun nyahoeun mah. Saminggu ti harita, panas kalah beuki ngagebrét, Jang Aim beuki sasar dina ngomong. Mualim Oléh diondang sangkan nerapkeun jampé pamakéna sabisa-bisa.
“ Kudu dicébor Si Aim téh, Jang Acip.” Ceuk mualim Oléh.
Jalma anu biasa sok nyébor budak anu katarajang panyakit nyaéta Bah Badri. Saha baé pada daratang ka manéhna, rék anu jauh komo anu masih aya di éta wewengkon. Ku sawaréhna jalma mah sok disebut dukun lepus. Aya ogé anu nyebut jalma pinter, jalma anu bisa dipénta tulung jeung jadi pananyaan balaréa. Imah Bah Badri pernahna di hiji kebon, euweuh budak anu wani ngulampreng ka éta kebon, cenah sok aya jurig anu némbongan. Aya ogé béja, Bah Badri ngingu jin. Ngan sok sanajan kitu teu weléh dipénta tulung ku saha baé.
Bah Badri ditéang ka imahna. Ceuk manéhna tungguan baé, engké dina wanci panon poé satangtung kira-kira saba’da ashar manéhna rék ka imah Kang Acip. Ngan saméméh balik, Kang Acip dibekelan cai hérang. Inum saharitaeun ku Jang Aim, sésana banyur-banyur ngurilingan imah. Lain nanaon, urang ogé kudu amit heula kana hal-hal anu teu katénjo ku panon lahir. Ceuk Bah Badri, teu kudu disebut musyrik, da kitu ilaharna lamun manéhna arék nambaan jalma. Teu dilakonan ogé lain soal anu gedé, éta mah gumantung kana kayakinan urang. Euweuh paksaan, ngan lamun budak hayang gancang cageur, urang kudu mipit jeung pamitan kana hal-hal anu aya di luar diri urang.
“ Sok baé balik heula, engké kaula nyusul dina wanci panon poé satangtung.”
Dina wanci panon poé satangtung geus rempeg jama di imah Kang Acip, aya RT Ujang, Kang Abun, jeung RW Dedem. Bah Badri uluk salam, dibagéakeun ku anu aya di dinya. Saralamaman.
“ Geus dilakukeun anu ku kaula dipénta, Jang Acip?” Bah Badri muka paguneman.
Disusul ku unggeuk Kang Acip.
Tarang Jang Aim diusap ku Bah Badri. Manéhna peureum sabari kunyam-kunyem. Ku isarat manéhna ménta cai hérang sagelas ka Kang Acip. Sungut gelas ditutupan ku dampal leungeun, kalawan rada tarik Bah Badri macakeun jampé:
Bismillah nu ngamimitian
Rarakan Nyi Pohaci
Hihid kekeper iman
Nyiru tamprak ning iman
Dulang ketuk ning iman
Parako bengker ning iman
Hawu dungkuk ning iman
Suluh solosod ning iman
Sééng kukus ning iman.
Cai sagelas kudu dicampurkeun kana béas, kudu kadahar ku kabéhan. Euweuh nanaon, ngan anu kudu dijaga ku kulawarga Kang Acip nyaéta ngaraketkeun diri jeung indung bapana, ulah leupas, sabab aya amanah anu tetep kudu dijaga. Kitu ceuk Bah Badri.
“ Nénjo kana kulincirna mah, ieu budak pijadieun jelema, dina mangsa ka hareup. Omat kudu dijaga jeung naon anu ku kaula dipeupeujeuhkeun lakonan!” Ceuk Bah Badri.
Dina pikir Kang Acip ngagalo antara ucapan Bah Badri jeung naon anu pernah diomongkeun ku bapana sababaraha taun ka tukang yén garis katurunan manéhna aya gantar kakaitan jeung raja buhun, teuing raja naon, sangkan teu panjang jujutan disebutkeun baé Siliwangi Raja Pajajaran. Antara percaya jeung henteu kana lelepén ogé. Jeung da can pernah nénjo deuih, anu kumaha model éta lelepén téh. Sok disebut baé catetan silsilah kulawarga. Bapana ogé teu ngawariskeun barang pusaka, komo lelepén mah, anu diwariskeun ngan taneuh anu legana lima areu, salian ti éta mah euweuh deui.
Nunggu waktu sabulan lilana, Jang Aim séhat sabihara-sabihari deui. Awak rada kuru, ngan ninggang meujeuhna mamayu, dahar ogé bisa nepi ka opat kali. Mimiti asup deui sakola. Ku guru jeung batur-baturna dibagéakeun, malah ku guru sakola agama jeung mualim Oléh mah dijurung ku pangdunga. Sangkan séhat salalawasna. Awak kudu siga saméméh geuring, henteu montok ogé anu penting aya eusian. Ulah kawas ayeuna, beugang jeung konéas. Jalma lain rorongkong hirup.
(Hanca)
Posting Komentar untuk "Carita Nyambung: Ménak Anyar (Hanca 2)"