Hésé pisan dina milampah sagala hal kudu dibarengan ku ikhlas téh. Cindekna, ikhlas mangrupa tékad jeung hiji sikep anu mibanda tingkat jeung darajat luhur, teu gampang kahontal.
Ceuk sawaréh ulama mah, dina prak-prakkan ibadah ku boga niat hayang meunang pahala atawa buruhan ogé geus nandakeun leungitna kaikhlasan dina diri. Aya pamrih anu diperedih, aya kahayang anu dipénta.
Niat dina arék nyanghareupan sagala rupa, komo anu sifatna pangabdian kanu Kawasa sok dibarengan ku lafadz niat "lillaahi ta'ala", hartina mungguh kersaning jeung nihil tina pamrih. Mangrupa sikep sukur mahluk ka Kholik. Peupeuriheun moal mungkin bisa mayar kana sakabéh ni'mat ti Gusti, atuh dina pangabdian mah teu kudu mintonkeun sagala rupa kahayang. Ku solat jeung puasa ogé pamohalan bisa ngalunasan kana oksigén jeung hawa anu geus diseuseup ku diri urang.
Dina Qur'an aya hiji surat, dibéré ngaran al-Ikhlash, sok disebut Qulhu di lembur mah. Dibéré ngaran kitu kusabab dina éta surat bener-bener nembongkeun kumaha nihilna Gusti Alloh tina atribut anu dipiboga ku mahluk, geuning Alloh téh Maha Nol. Lain hartina euweuh, ieu mangrupa semantik kekecapan.
Tangtu baé, kusabab Gusti Alloh beresih tina atribusi kaduniawian, dina ibadah jeung ngadeuheus kanu kawasa ogé kudu bisa ngaleungitkeun sagala rupa kahayang, komo hayang meunang pamuji ti batur. Ngomong kieu oge: " urang mah ikhlash méré duit ka manéh téh! " geus teu bisa disebut ikhlas, da nyebutkeun ikhlasna!
Teu kudu loba teuing kahayang jeung meredih kanu Kawasa. Teu pati penting ogé sagala ibadah urang hayang ditarima ku Gusti Alloh. Ngaguluyur jeung prakkeun baé samampuhna. Tong ngaanalogikeun baé Alloh ku sikep para pamingpin di urang anu hayang dihurmat-hurmat.
Bener, ikhlas lain perkara gampang. Lebah dinya pisan urang kudu terus-terusan diajar hirup narimakeun kana kadar. Kudu siga indung anu ngaping ngajaring ka budakna. Can aya béja anu nyebutkeun indung ménta walesan kanu jadi anak kusabab kungsi nyusuan dua taun lilana.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Ikhlas"