Sok diguguyonkeun ku barudak mah, THR teh akronim tina Tarang Herang. Maksud sabenerna mah Tunjangan Hari Raya. Hiji kabiasaan di masarakat urang dina nyanghareupan lebaran.
Kantor jeung perusahaan mere tunjangan minangka panyecep ka pagawena arek ku duit, kuweh,parcel, jrrd. Pangbubungah dina nyanghareupan poe anu suci. Saminggu memeh lebaran akronim THR jadi trending topic dina rupa-rupa medsos. Aya anu memang bener hayang jeung kaciri pisan ngarep-ngarep diberena. Saha anu teu butuh duit atuh? Komo keur nyanghareupan kabutuhan lebaran anu kacida mahabu, ti mimiti pakean, kadaharan, nepi ka kandaraan sewaeun keur mulang atawa mudik ka lembur.
Ti sagigireun eta, aya oge anu hare-hare, teu pati nolih rek meunang atawa henteu THR. Sok sanajan dina hate leutik mah sarua, ngarep-ngarep. Aya transformasi anyar dina cara meunang THR, rek dilakukeun ku saurang-saurang atawa ku hiji lembaga, kucara nyebarkeun amplop ka perusahaan, sakola, jeung dines-dines. Ari disebut menta mah kasar teuing, sebut bae meredih partisipasi dina nyanghareupan lebaran. Keur hiji perusahaan mah teu jadi soal, da geus nyiapkeun dana cadangan meureun. Ari keur sakola jeung dines-dines? Nya tarekahna mah bisa bae pagawe udunan atawa ditekel ku kepala-na, sabari gogodeg tangtuna. Ngan wayahna, sing ikhlas we.
Di lembur oge sarua, jalma anu dianggap beunghar jeung boga harta leuwih diperedih kudu ngabagi THR ka masarakat anu butuh. Anu boga warung oge kudu nyiapkeun THR keur pelangganna, bisa mere kuweh kaleng atawa piring jeung gelas salosin sewang. Pabeja-beja we, kabeh hayang kabagean gelas jeung piring.
Beres nampa THR, komo lamun gedena sabulaneun gajih, isukna ngabrul ka dayeuh. Tumplek, plek bae dayeuh, pasar, mol, jeung toko pinuh ku jalma. Heurin usik, boborot kesang kusabab panas, pagelek-gelek, mangkaning lapar jeung hanaang alatan puasa. Tapi teu paduli, sanajan lebaran ngan sapoe, nu penting dina poenan lebaran make baju anyar, dahar jeung daging sapi, dina meja pinuh ku rupaning kadaharan. Tara beak kabeh eta teh, sawarehna mah sok diantep nepi ka bulukan.
Naha kanyataan jeung fenomena sosial saperti kieu bisa disebut salah? Ah, da lain matematika. Ieu mangrupa hiji kanyataan sosial dina raraga mintonkeun sikep suka bungahna masarakat dina nyanghareupan lebaran. Henteu beda jauh jeung kabiasaan masarakat Eropa dina nyanghareupan Natal.
Oh enya, fenomena anyar sejenna, lain saukur toko pakean anu rame jeung pinuh kunu balanja teh. Toko hape oge mahabu kunu balanja, hape atawa gadget anyar laku teu beda jeung kacang asin. Lain nanaon, dina prungna lebaran: kudu bisa selfie, motoan diri jeung kulawarga, dina poenan suka bungah. Keur sampeureun jaga nalika umur geus nincak lima puluhan.
Jalma jeung masarakat mibanda sajarah sewang-sewangan dumasar kana kayakinan, tempat, jeung mileu dimana maranehna hirup.
Geus meunang THR can?
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "THR"