BEDOG KABUYUTAN
Ku Kang Warsa & Caca Danuwijaya
Guru Basa Sunda - PGRI Kota Sukabumi
" Bedog ieu, kungsi dipaké nandasa Walanda ku uyut manéh." Ceuk Jenat aki pituin sabari mulak-malik bedog sapotong, bedog anu geus potong, teu mangrupa bedog deui. " Ulah kumawani heureuy sabari mamawa ieu bedog, sabab ku uyut manéh kungsi dieusi." Tangtu baé, kuring can ngarti kana éta ucapan, umur ogé karék nincak tujuh taun.
Bedog geus teu miboga sarangka, ngan ku anu jadi aki kacida dipupusti, diselapkeun kana bilik di dapur. Euweuh saurang-saurang acan anu kumawani nyabut éta bedog tina bilik. Nya, da dipaké meuncit hayam ogé asa pamohalan atuh, kajaba potong téh ongkohna mintul katénjona.
Din hiji mangsa, anu jadi aki ngambek lain bohong, éta bedog keur diulinkeun ku anak uwa, keur gegelutan di sawah jeung batur-baturna. Bedog potong diputer-puter dina leungeun katuhu, sabari masang kuda-kuda.
" Bebel, éta bedog tunda deui kana tempatna!" Gorowok aki sabari tutunjuk. Anak uwa jeung batur-baturna lalumpatan, bedog Cul baé ditunda dina luhureun jarami.
Isukna, beuheung anak uwa dina handapeun ceuli beulah kénca ngadadak bareuh , kembung ampir satengah bola plastik anu biasa ditajongan ku barudak. Indungna rawah-riwih, nyieun tamba jeung ubar kaditu-kadieu.
" Bawa budakna kadieu!" Ceuk aki kanu jadi uwa.
Bedog diasah, tuluy diantelkeun kana beuheung anu bareuh. Teu kungsi lila, sapoé ti harita beuheung lanceuk anu bareuh téh ngempésan nepi ka cageur deui. Ceuk anu jadi aki, tong sagawayah kumawani ngusik-ngusik barang titinggal karuhun, enya ogé waruga bedog samodél kitu tapi eusina mundel ku pangalaman.
" Sababaraha taun katukang kungsi aya kajadian hujan angin, ku uyut manéh mah teu dikukumaha, cukup maca bismillah tuluy nanclebkeun ieu bedog kana taneuh, hujan ngadadak root, angin ogé eureun! " Pokna dina hiji poé.
Kuring lain jalma anu ngagem dinamisme, anu boga kayakinan lamun barang pusaka jeung naon baé ogé boga kakuatan goib. Ngan lamun dipikir kalawan jero mah, kabéh kayakinan jeung agama dina danget ieu lolobana mah masih nyekel pageuh ageman dinamisme. Da bener, ku logika ogé kaharti, kabéh barang miboga kakuatan anu teu kaukur ku indera urang. Batu ogé boga kakuatan, bisa dipaké malédog, nutu, nimpug, jrrd.
Dina agama Islam baé, kayakinan samodél kitu masih dipertahankeun, contona, tiap jeungkal taneuh dijaga ku kakuatan goib, dijaga ku malaikat. Lolobana percaya lamun Ka'bah anu mangrupa tumpukan batu mangrupa hiji kakuatan, super konduktor di ieu alam, gelombangna nanjeur jeung nerus ka langit katujuh. Naha hal éta salah? Lamun dina diri urang masih miboga pikiran dinamisme? Nya teu salah, anu salah mah nalika barang-barang dipigusti lain dipupusti.
Urang anu hirup di alam kamerdékaan jeung nyebut diri salaku jalma modérn baé teu leupas dina kayakinan dinamisme, bandéra dihormat, anu rék nanjeurkeun hukum Islam bari sok nyebut bid'ah ka batur ogé ari kana simbol jeung bandéra organisasina mah kacida ngahormat. Ka karuhun-karuhunna ogé sarua, malah mumuji sagala sabari nyebut lamun kayakinan ka karuhun téh mangrupa sikep animisme. Tapi tetep dipilampah ku maranéhna ogé.
Cindekna, naon baé anu aya patula-patali jeung kahirupan urang, éta kudu dipupusti, bedog potong baé nalika diulinkeun mah jadi mawa balukar ka diri anu ngulinkeunna komo kana hal-hal anu krusial jeung penting dina kahirupan contona gunung, sagara, sawah, leuweung, jeung kebon. Kudu dijaga, dimumulé, jeung dipertahankeun ku urang. Lamun henteu bisa? Nya tinggal nanya baé kana diri, iraha atuh urang rék disebut merdéka, nalika sawah, gunung, jeung kebon ogé geus béak dijualan ka bangsa deungeun?
Kang Warsa - Caca
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.
Posting Komentar untuk "Bedog Kabuyutan"