Anu leungit di sababaraha wewengkon dina tiap miéling poé kamerdékaan nyaéta kaca-kaca atawa gapura anu dipapaésan ku rupaning gambar jeung aksara: HUT RI. Di sababaraha wewengkon mémang masih aya masarakat anu ngahaja ngajieun kaca-kaca jeung rupaning papatungan dina raraga ngabagéakeun datangna poé kamerdékaan.
Cara-cara anu biasa mah saperti ayana rupa-rupa pasanggiri atawa lomba masih kénéh lumangsung nepi ka ayeuna ogé, saperti; rebutan, balap karung, jrrd. Iwal ti kaca-kaca anu mimiti diapilainkeun ku urang ayeuna.
Saba'da réformasi, kabiasaan ieu mimiti leungit. Antukna, barudak ngora leuwih milih cara séjén dina ngedalkeun eusi haténa, ku cara nulisan jalan aspal ku cét atawa apu. Sagala dikedalkeun dina seratan di jalan, ti mimiti kecap "Merdeka atau Mati" nepi ka seratan ngaran diri jeung kabogohna. Bisa disebut vandalisme anu teu miboga "struktur".
Geus lila sabenerna kabiasaan di luhur dilakonan ku para nonoman di urang. Ti mimiti sakola kénéh geus resep curat-corét kana méja kelas ku typ-éx, kadieunakeun nyeratan témbok ku spidol, cét, ogé pilok.
Udarna kabiasaan nyieun kaca-kaca –bisa baé - dilantarankeun ku gedéna waragad keur ngajieunna. Taun kamari mah ku ayana pasanggiri kaca-kaca, waragad keur ngajieunna ogé disayagikeun ku salah sahiji perusahaan katénjo kumaha euyeubna kaca-kaca di tiap lembur.
Masarakat mémang miboga cara séwang-séwangan dina miéling poé kamerdékaan nagarana, ku cara teu bener ogé bisa dilakonan, moal aya anu kumawani nyaram, komo dina jaman kiwari mah dipageuhan ku gampangna diri urang ngucapkeun: Ah, pan hak azasi manusia ieu mah, jalma boga kabébasan dina ngedalkeun kamandang jeung pamikiranna! Hésé dibendungna.
Kaca-kaca anu dijieun ku masarakat sabenerna ngébréhkeun kumaha eusi haté éta masarakat. Dina taun 80-90-an mah saminggu méméh poé kamerdékaan, jalan ti tiap lembur dipapaésan ku kaca-kaca, anu dilukis atawa digambar nyaéta kumaha rongkahna pahlawan dina bajoang ngalawan kompeni.
Kaca-kaca atawa gapura anu réngsé dijieun diriung ku barudak sabari nafsirkeun gambar dina pikiranna séwang-séwangan. Masarakat diajak ku éta lukisan asup kana hiji alam nalika nagara urang digalaksak ku kompeni dina sagala widang kahirupan. Kaca-kaca ngawujud jadi diorama saperti anu aya di museum perjuangan.
Dina taun 60-an mah, kaca-kaca dijadikeun média propaganda ku tiap partéy politik anu aya di ieu nagara. PKI ngalobakeun ngalukis kahirupan patani jeung kaum buruh anu miboga sumanget sabari ngacungkeun palu jeung arit. Témbok-témbok anu kosong dieusi ku gambar-gambar, tug nepi ka prungna Gestafu. Seratan samodél Manipol-Usdek, Hidup Rakyat, jrrd minuhan rohangan kosong témbok di kota-kota gedé mah.
Di jaman Soeharto ogé kiu, kaca-kaca masih dijadikeun média propaganda pamaréntah, tulisan samodél : Tinggal Landas, Pembangunan, Selamatkan Pancasila, jrrd minuhan rohangan-rohangan kosong di tiap juru kota, tujuanna supaya kabaca ku masarakat.
Kabiasaan méré simbul jeung gambar ieu mémang geus jadi cirri utama manusa, anu hirup jeung huripna teu bisa leupas tina kumaha cara komunikasi ku cara verbal jeung non verbal. Manusa primitif anu aya di wewengkon Perancis baé, 17.000 taun ka tukang di guha Lascaux geus ngajadikeun lalangit jeung rohangan guha ngawujud jadi média komunikasi.
Cindekna, kabiasaan jalma ti mangsa ka mangsa sabenerna mah teu béda jauh, cara jeung tujuanna ogé ampir sarua, nu ngabédakeunna nyaéta: kucara bener atawa salah, ku cara ngabohong atawa jujur dina midangkeun hasilna, arék bentukna kaca-kaca, gapura, lukisan, gambar, papatungan, atawa baliho jeung spanduk.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Kaca-kaca"