Poé Pramuka

 Tanggal 13 Agustus barudak sakola geus cuh cih, nyiapkeun itu jeung ieu keur bekel kémping. Tas dipinuhan ku rupa-rupa bebekelan, da ceuk guru anu ngatik Pramuka kungsi ngomong, kémping téh lain arék nyusahkeun diri, jadi kaperluan-kaperluan jeung pangabutuh dasar diri urang kudu disiapkeun. Bener pisan, ari sakira-kira saukur rék ngariripuh diri mah teu kudu milu kémping, cukup gupak dina poé paré baé, dijamin ararateul.

 Saragam coklat ngora, coklat kolot geus dipaké, kacu, barét, piriwit, jeung péso leutik geus nyolégréng dina cangkéng, teu pantes sabenerna disebut nyolégréng da lain bedog, pésona ogé paling gedé saukuran curuk jalma sawawa. Ngan asa gagah harita mah, disampurnakeun ku mawa "tongkat", miboga sababaraha mangfaat, bisa dijieun belangkar, bisa dipaké iteuk nalika meuntas wahangan, bisa dijieun tihang bendéra, ogé bisa dipaké neunggeul oray atawa gegelutan ngadu "tongkat" jeung batur saentragan kawas dina film Kungfu Shaolin. Tambang ogé digantélkeun kana sabuk calana. 

 Barudak kumpul di sakola, babawaan diteundeun dina mobil, Pembina Pramuka maké saragam lengkep, piriwitna ogé béda teu kawas piriwit murid anu dijieun tina plastik. Bentuk piriwit ogé lempeng kawas ramo, pésona ogé rada gedé da sok disebut péso komando, balati anu biasa dipaké ku tantara. Barét ogé béda, pokona sagala béda, da cenah guru mah lain murid, jadi pasti béda dina sagala rupana ogé. 

 Tempat kémping anu rék dituju ku tiap sakola anu aya di wewengkon Kacamatan Baros nyaéta Lapang Kibitay anu aya di Lembursitu. Harita, dina taun 80-an, Lembursitu masih asup Kacamatan Baros, can dimekarkeun kawas ayeuna. Jalan ka Lapang Kibitay ogé masih dibalai ku batu, can diaspal. Enya, sabanding ogé jeung kahirupan masarakat di éta wewengkon anu kawilang masih basajan. Lolobana , imah ogé masih ngandelkeun bilik, teu kawas ayeuna, geus robah, wangunan geus wareweg. Harita mah, SD Kibitay sorangan masih mangrupa wangunan tina kai. 

 Di Lapang Kibitay jlug-jleg ténda diadegkeun ku tiap regu ti tiap sakola. Rupa-rupa, aya anu ukuranna gedé jeung leutik, aya anu basajan jeung ribrib. Bisa jadi, ténda anu diadegkeun ku tiap sakola dina mangsa harita nuduhkeun kaayaan sakola ogé. Sakola anu geus bisa disebut maju saperti SD Cipanengah mah geus tangtu miboga ténda anu aralus, malahan regu Pramuka anu dikirim kana calagara kémping ogé leuwih loba tibatan sakola séjén. Béda pisan jeung ténda anu dibawa jeung diadegkeun ku regu ti SD Sudajayahilir, bisa disebut basajan arék dina ukuran ogé dina dedeganna. Ngan tara merhatikeun anu karitu harita mah, nu jelas mah naon baé mangfaatna, ténda bisa dipaké ngiuhan tina panas jeung tiris. Da sabenerna rék ngiuhan di jero ténda ogé ari panas poé keur meujeuhna morérét mah angger wé asa dikekeb dina jero open. 

 Réngsé ngadegkeun ténda, dipasangan bandéra Merah Putih, anu karémping reureuh heula, miceun kacapé. Ku panitia dibéré waktu tilu jam nepi ka wanci panon poé tunggang gunung. Saméméh magrib, barudak kudu milu heula apél jeung upacara pamuka dina éta kagiatan. Anu diudar jeung diguar ku kaka-kaka pembina nyaéta kasiapan tiap regu jeung sakola nyanghareupan calagara dina peutingna. Cindekna ulah nepi ka aya pamilon Pramuka anu katalangsara. Komo keur pamilon anu imahna jauh ti tempat kémping mah. Béda jeung anu deukeut, da dina peutingna sok dilongokan ku indung-bapana sabari mawa rupa-rupa kadaharan. Keur pamilon samodél kuring saparakanca mah cukup baé ngandelkeun sangu liwet anu diasakan dina kastrol. 

 Rupaning kamotékaran jeung pangabisa dipintonkeun ku tiap regu. Aya hal anu diperedih, sok sanajan can bisa disebut kamonésan, salaku jalma anu anclub kana dunya "Kepanduan" , kudu bisa jeung parigel dina widang itu jeung ieu. Lain ngan bisa kana sandi-sandi, morse, jeung Semaphore wungkul. Japin, ngalagu, jeung naon baé kudu parigel, malah kudu dipintonkeun minangka talénta diri. Kaparigelan barudak dipeunteun ku panitia, diumumkeun hasilna nalika apél isuk. 

 Ku ayana calagara samodél kémping loba hal anu kaala, boga babaturan anyar da sok sabari silih mikawanoh jeung para pamilon ti sakola séjén, muka diri ka sasama, jeung muka diri kana kahirupan anu sabenerna dipinuhan ku rupaning pasualan. Kacapé tara pati ditolih, da anu diudag nyaéta kasenang jeung karesep. Tilu poé lilana di lapang jadi ukuran lamun sakola téh sabenerna lain ngan nyitak barudak di jero rohangan kelas wungkul, tapi kudu boga sikep wijaksana, kumaha narékahan sangkan sakola pikabetaheun keur para pamilon atikan saperti betah jeung resepna barudak anu karémping di alam. 

 Poé ieu mangrupa Poé Pramuka, nalika kuring ngaliwat ka Kibitay tadi isuk, ténda-ténda anu diadegkeun dina taun 80-an narémbongan deui. Hanjakal pisan dina alam nyata kiwari mah, éta lapang tiiseun ku calagara kémping, da Pamaréntah geus nyiapkeun Bumi Perkemahan di Kapitan anu kaayaanna tetep tiiseun da jarang dipaké kémping ku barudak. Padahal ayeuna téh Poé Pramuka..

 Warsa - Caca

Posting Komentar untuk "Poé Pramuka"