Aya carita anu béda antara dina tilu kitab (Torah, Injil, Qur'an) ngeunaan saha anu arék dikurbankeun ku Nabi Ibrohim. Dua kitab nyebutkeun Ishaq, sedengkeun dina Qur'an disebutkeun Ismail.
Teu kudu jadi padungdengan sabenerna mah, da geuning sok sanajan béda kamandang dina éta kitab anu tilu, Ishaq jeung Ismail téh teu jadi dikurbankeun ku Ibrohim.
Ceuk sakaol diganti ku domba. Pihartieunna mah, tug nepi ka iraha baé rasa kamanusaan bakal tetep ngéléhkeun sikep sato.
Ibrohim lain jalma gélo anu kumawani meuncit budak pituinna. Ieu saukur méré gambaran, dina ieu kahirupan urang ulah gampang ngedalkeun jangji jeung nadzar.
Ibrohim kungsi nadzar, lamun ku Gusti dipaparin budak lalaki, terus diperedih kudu dikurbankeun, pasti ku dirina bakal dikurbankeun.
Teu saeutik dina kahirupan ayeuna, urang sok gampang jangji jeung ngedalkeun nadzar. Duanana tangtu jadi hutang anu kudu dibayar. Jangji politik disebut hutang politik. Jangji pamaréntah ka rahayat disebut jangji pamaréntah.
Atikan anu kadua dina carita Ibrohim nyaéta urang kudu daék méré atawa mikeun hal anu dianggap pang alusna ku diri urang ka batur. Lain mikeun panyésaan atawa kakarén, sagala rupa hal anu geus teu kapaké ku diri urang.
Dina konsép Kasundaan aya golongan jalma anu geus nepi kana tahapan "Mandala Wening", cirina nyaéta lamun aya jalma hayang kana barang anu dipiboga ku urang sok langsung dibikeun, tara mikir dua kali. Manéhna bener-bener geus boga anggapan, éta lain barangna.
Nu kitu meureun anu disebut aplikasi atawa napakkeun kurban kana kahirupan.
Nu jadi dikurbankeun lain manusa tapi sato. Meuncit domba, sapi, jeung kebo mah ngan saukur "social approach", aya dina pasualan sosial keur ngaraketkeun anu mampuh jeung lolobana masyarakat. Hartina, babagi daging ka masarakat arék unggal bulan ogé teu jadi sual.
Anu diperedih ku lolobana urang nyaéta bérés dibagikeun éta daging kurban, dituluykeun kana nyaté. Haseup ngelun di tiap kampung jeung lembur nandakeun ayana kahirupan anu punjul, dina tradisi urang mah apan aya istilah: dapur ngebul.
Aya kajadian anu teu dipiharep, sok aya iber jalma perlaya kusabab pasedek-sedek nalika dibagi daging kurban. Hal anu sakuduna teu kudu lumangsung. Naha maké kudu pasedek-sedek, da tangtu bakal kabagéan. Dina teu kabagéanna ogé kari ménta kanu boga.
Nyaté dina poé lebaran kurban hiji kabiasaan anu kudu dimumulé, miboga simbul ayana kahirupan paguyuban di tiap lembur ku ciri haseup anu ngelun, ditambah ku seungit daging anu dibeuleum, jeung cuh cih anu gubar-geber sabari cacamuilan ngadahar saté bati kurban.
Teu kudu aya kariweuh sabenerna dina hirup mah, jeung maol rariweuh nalika kabéh dilakonan babarengan jeung lain ku omong tapi ku falsafal Pok pék prak.
Kang Warsa - Caca
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Kurban jeung Nyaté "