Dina palataran téologis mah konsép MKG tangtu meunang panyawad ti ampir kalolobaanna urang. Sabab pikiran jalma can nepi kana hal anu dipimaksud. Lolobana masih miboga sangka, MKG ieu konsép hiperbolik nalika jalma ngaku dirina salaku Gusti, ngahiji antara hal anu transenden jeung immanent.
Tapi lamun ditengetan kalawan daria, konsép MKG ieu nyatana dipiboga ku tiap jalma anu dina dirina boga umaku jeung rasa diri sorangan salaku Gusti. Raja-raja anu kungsi kumawasa di ieu wewengkon umpamana, miboga sikep sangkan rahayat atawa anu ngawula ka raja kudu aya sahandapeun maranéhna, kudu sumujud jeung sungkem kana kakawasaan dirina. Leuwih alabatan kumaha kudu sumujudna rahayat ka Gusti Alloh.
Aya kamandang, sabda raja sabda pandita, mun di tatar kulon mah unina kieu: the king can do no wrong, boga maksud nempatkeun pangawasa dina tatapakan sagala bener. Geus leuwih ti Gusti Anu Maha Suci, saolah ucapna saciduh metu saucap nyata, kun fayakun. Kahayang pangawasa ngagalaksak jeung ngaruksak lain hiji kasalahan. Rahayat ngabati unggeuk, éstuning tuhu jeung ngawaro kana kahayang pangawasa komo lamun geus dibuleunan ku dalil-dalil anu aya dina kitab suci saolah ucapan pangawasa mangrupa wawakil Gusti di ieu bumi.
Konsép MKG anu dibralkeun ku Syekh Lemah Abang atawa Siti Jenar sabenerna kudu ditempatkeun kalawan sosiologis di wewengkon anu mibanda niléy sosial anu luhung. Manunggaling Kawula Gusti miboga harti ngahijina antara rahayat jeung pangawasa, euweuh béda, sarua, boga hak jeung kawajiban. Sakumaha kamandang Plato: antara pangawasa jeung anu dikawasa ngan saukur aya dina baris antrian, silih ganti. Tangtu, konsép MKG anu dibralkeun ku Siti Jenar ieu meunang panyawad ti pangawasa harita anu geus kapalang lamun dirina nganggap salaku jalma anu boga kawasa keur ngatur jeung ngalemahkeun batur.
Kamandang Siti Jenar dianggap ancaman keur pangawasa monarki absolut, nalika rahayat boga hak anu sarua jeung para pangawasa boga harti kudu aya anu dileungitkeun, tetekon jeung tata-titi rahayat kanu jadi pangawasa. Padahal geus jelas: anu ngabédakeun papada manusa nyaéta laku jeung lampahna.
Anu matak, atikan ti para resi jeung pandita baheula teu museurkeun kana tujuan budak bisa maca nulis, tahap kahiji dina métode atikan karuhun urang nyaéta mokuskeun kana cara kumaha barudak boga lampah anu alus. Ti umur lima nepi ka meujeuhna akil balég anu ditepikeun ka barudak nyaéta pasualan laku-lampah. Lamun laku-lampah geus hadé, budak rék diatik jeung diajar pangaweruh naon baé ogé moal matak jadi balukar kana dirina. Bandingkeun jeung métode atikan jeung pangajaran jaman kiwari, anu penting budak bisa maca jeung nulis heula, pasualan laku-lampah kumaha engké baé.
MKG dicap salaku kamandang anu ngabahayakeun rék dina pasualan téologis, sosiologis sabab mangrupa ancaman keur pangawasa nagara ogé pangawasa agama. Lamun mah téori emanasi anu dikamandangkeun ku al-Farabi dipercaya salaku hiji téori anu "paripurna" ngeunaan kumaha asal-muasal ieu alam, tangtu jalma bakal loba anu saluyu jeung sapuk kana pamikiran Siti Jenar ngeunaan kumaha engké ieu alam balik deui. Atman-Brahma lamun ceuk ajaran Hindu mah.
Ngan geus katutup,rék dina tataran téologis ogé sosiologis, alam ieu aya lain kusabab emanasi tapi ku kecap kun fayakun, aya dina jadina teu ngaliwatan prosés. Lamun kamandang samodél kitu aya dina diri urang, naon bédana urang jeung jalma-jalma atheis anu nyebutkeun ayana ieu alam ujug-ujug baé? Kabeneran ceuk basa basajan mah.
Kang Warsa Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Manunggaling Kawula Gusti"