Ku: Kang Warsa
Editor: Caca Danuwidjaya
Guru MTs Riyadlul Jannah – Sekretaris II PGRI Kota Sukabumi
TEU jauh béda jeung naon anu diobrolkeun antara Jang Aim – Néng Sekar, duanana nuluykeun ka sakola; PGA jeung SPG. Jang Aim nuluykeun ka PGA salian kahayang anu jadi bapa pituin, ogé dirojong ku Ki Méméd jeung Mualim Oléh, ceuk anu jadi kokolot lembur, pangaweruh kaagamaan kudu diimbangan ku pangaweruh anu dicokot tina téori séjén. Kudu ngagulung sangkan euweuh pamisah antara élmu agama hasil ngaji jeung pangaweruh umum hasil sakola.
Jang Aim sorangan boga pikiran anu sarua, kajaba jarang pisan di éta lembur anu nuluykeun sakola, komo ka PGA mah, ogé boga niat utama, hayang bener-bener ngabdikeun diri sangkan hirup boga mangfaat keur masarakat, agama, katut bangsa dina mangsa ka hareup.
Néng Sekar sorangan geus boga kahayang ti leutik kénéh, jadi guru kawas Bu Nénih. Dina mangsa masih di Sakola Dasar geus katénjo bakat jadi guruna. Béda jeung budak saentraganna, nalika sésémahan, Néng Sekar teu weléh dibarengan ku ngayakeun sasakolaan, lain ngan ukur ulin papasakan, sasaungan, jeung silih anjangan wungkul. Sakapeung mah sok ulin jeung bonékana, nya kitu sasakolaan, bonéka dijadikeun pamilon atikanna, diatik maca jeung nulis. Anu macana mah dirina sorangan, da ngaranna ogé bonéka.
Dina umur 11 taun ogé geus beuki enyany-enyaan kumaha sumanget dirina hayang jadi guru. Ka barudak sahandapeun, ka adi-adi kelas sok ngatik cara ngitung, maca, di tépas imah tiap méméh wanci tunggang gunung pinuh ku barudak anu ngayakeun sasakolaan. Ku adi-adi kelas sok disebut ibu guru.
Dina taun harita, di masarakat masih aya anggapan, utamana keur para awéwé, henteu kudu sakola luhur-luhur, da anu ngaran awéwé mah geus pasti bakal ulukuteuk jeung balik deui ka dapur, sumur, jeung kasur. Sanajan pamaréntah geus ngaluarkeun Undang-undang ngeunaan syarat wates umur bisa kawin, teu saeutik anu jadi kolot ngawinkeun budak sok sanajan umur can manjing atawa sawawa. Umur 16 taun ogé sok buru-buru prung dikawinkeun. Salah sahiji alesanna mah, paur kamalinaan.
Nalika aya awéwé geus nincak umur 20 taun leuwih bari can kawin, anu jadi kolot sok rada humar-hemir, bélaan kaditu ka dieu jeung kamana mendi néangan tamba. Paur anu jadi budak teu laku, tuluy ngajomblo. Sok loba anu tatanya: Kunaon budak téh can kawin kénéh? Antukna dina diri budak bijil rasa éra kusabab ku masarakat sok dihartikeun: teu laku atawa can laku.
Sanajan dina tiap pangajian sok ditandeskeun ku Mualim Oléh, anu ngaran jodo, pati, jeung rejeki geus diatur sagemblengna ku Alloh. Tapi hal éta kurang pati neurak, kusabab ngawinkeun budak ngora-ngora mangrupa hiji kabiasaan atawa budaya anu geus ngadarah daging di tiap lembur.
Lain hartina agama teu neurak dina mere pépéling ka masarakat, da dina élmu fiqh ogé dijéntrékeun, jalma bisa kawin nalika geus nepi kana umur balég. Kabéh ogé apal, keur awéwé mah umur 9 taun ogé geus disebut balég. Antukna masarakat nyokot kacindekan, teu matak jadi dosa ngawinkeun budak nalika geus balég, da geus cukup umur.
Pasualan rejeki, pan ceuk Mualim Oléh ogé geus diatur ku Alloh, jadi teu kudu ringrang nalika jalma geus rumah tangga bakal heureut ku rejeki. Masarakat mémang miboga alesan naon baé keur ngajawab pasualan kahirupan, sanajan éta alesan kasebut basajan.
Kunaon anu jadi kolot jarang nyakolakeun budak ka sakola luhur? Salian alesan tadi, aya alesan séjén. Teu saeutik anu sakola ngan nepi ka Sakola Dasar tapi jaradi jalma jegud atawa beunghar. Padahal lamun niténan kana statistik mah antara jalma beunghar jeung basajan masih kénéh loba anu kurang mampuhna.
Pasualan jegud jeung beungharna jalma lain ditangtukeun ku sakola atawa henteuna, éta mah aya dina pasualan sumanget digawé. Nya antukna mah balik deui kana naon anu diucapkeun ku Mualim Oléh, sagala rupa geus diatur ku Alloh.
Aya ogé kolot anu boga pamadegan, tibatan sakola mending kénéh néangan duit, kumpulkeun duitna, tuluy beulikeun kana sawah atawa kebon, pakayakeun ka batur. Nuluykeun sakola ogé, paling banter ditarikan jadi pagawé negeri atawa jadi pagawé désa, jadi mandor. Gajih leutik, keur naon? Mending ngokolakeun tatanén!
***
Keur ngareuah-reuah Agustusan, masarakat Cibodas geus nyawalakeun babarengan naon baé anu arék dipintonkeun. Ceuk para inohong lembur, lain tujuan anu kitu mah, da tujuan utama ngareuah-reuah Agustusan mah nanjeurkeun kakompakan dina hirup. Nyiar tapak lacak anu geus diliwatan ku para pahlawan.
" Heueuh, tapi da tetep baé kudu aya hiburan atuh, ambéh haneuteun!" Ceuk lolobana masarakat.
" Hiburan kudu, ngecét pageur ogé hayu!" Aya anu ngomong kitu ogé.
" Pardu kalaku sunat kalampah!"
" Heueuh kitu!"
Acara anu bakal dipintonkeun rupaning kasenian, ngan keur acara utamana, masarakat geus nangtukeun, ngayakeun pagelaran wayang golék. Dalangna teu kudu jauh-jauh, cukup Pa Caca ti Lembursitu, salah saurang guru anu mindeng ngatik barudak di éta wewengkon cara nabeuh waditra seni.
Jang Aim bisa niup suling jeung ngajentréngkeun kacapi ogé hasil atikan Pa Caca. Parigel kana sagala rupa kasenian, ngadalang ogé bisa, malah moal mahal teuing dina nyayagikeun waragad ari ku dalam lokal mah. Kitu anggapan masarakat.
" Pageur imah manéh can dicét!" Ceuk Pa Rt ka Si Aang.
" Ah, teu acan kapésér cétna ogé, Pa Rt!"
" Ku apu baé atuh!"
" Heueuh, asa ngéwa, naha ngan imah manéh wungkul anu can dicét téh, sisi jalan apanan?. Éléh ku Aki Umar manéh mah, pageur imahna geus dipulas warna beureum bodas!" Budak ngora séjén milu ngomong.
" Da lain imah déwék éta mah, imah bapa déwék. Jadi, lamun wani mah manéh mending protésna ka bapa déwék." Si Aang embung éléh.
Harita para nonoman jeung ketua Rt keur dukdek kerja bakti ngaberesihan jalan jeung masang-masang bandéra. Kolot-kolot mah ngadon ngariung Kang Édis jeung saparakanca anu keur nyieun kaca-kaca. Nyiru diseratan. Tungtung awi diseukeutan tuluy dicét beureum jeung bodas, dijajarkeun disisi jalan beulah katuhu jeung kénca.
Kang Édis nyieun gambar kumaha rongkahna perang antara para pahlawan jeung Walanda. Awi anu méncos ngalawan tank waja jeung bedil. Masarakat sapuk kana hasil gambar jieunan Kang Édis, alus! Kabéh nafsirkeun, bener-bener rongkah perang tanding antara para pahlawan jeung Walanda dina zaman harita. Picontoeun!
Para mojang jeung para ibu boga pancén nyiapkeun susuguh keur anu dukdek digarawé. Imah Pa Rt haneuteun ku anu arolah. Néng Sekar teu katinggaleun ilubiung.
" Kopi..!" Ceuk Si Aang ngomong rada tarik.
Si Tita anu boga pancén nganteurkeun kopi kanu keur digarawé.
" Kamana baé ari manéh, ieu anu keur digarawé ti tadi mula geus nanyakeun baé kopi?" Si Aang nanya ka Si Tita.
Anu ditanya ngabati jamedud.
" Ari liwet geus asak?" Si Aang bawél.
Si Tita angger jamedud.
" Gawé!!! lain nyual baé dahareun, dasar ahli leleb!" Pok Si Tita bari ngabalieus tuluy balik deui ka imah Pa Rt.
" Hor kunaon ari Si Tita?"
" Bogoheun ka manéh éta téh, Aang!"
" Iyy!" Si Aang ngabirigidig.
Wanci sareureuh kolot, kabéh balakécrakan dahar. Jang Aim jeung Néng Sekar pagigir-gigir, ngadahar liweut dina daun cau. Hawa usum katiga karasa nyelecep, tiris. Teu loba ngomong ari keur darahar mah, anu kadéngé céplakna sungut Si Aang cacamuilan sakapeung dibarengan ku sora seuhah kusabab sambel lada teuing. Bandéra ngélébét katiup angin.
***
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Carita Nyambung: Ménak Anyar Hanca Ka Dua Puluh Opat"