Aya salah sahiji téori anu nyebutkeun Islam sumebar di wewengkon Nusantara ku jasana para sodagar ti Gujarat anu ngayakeun usaha dagang. Keur wewengkon basisir mah, ieu téori bisa jadi kacida rélévan. Sok sanajan kitu, keur wewengkon anu aya di beulah jero, tangtu baé sumebarna Islam leuwih rasional dilakukeun ku para sufi anu ngalalana ti hiji tempat ka tempat séjén. Hal ieu disebut rasional sabab keur masyarakat Nusantara anu aya di wewengkon gunung jeung leuweung teu pati merelukeun barang anu dibawa ku para sodagar Gujarat, sagala rupa geus kacumponan.
Pasualan dagang ieu lain saukur diguar ku ahli entrepreuneur jeung motivator samodél Tung Desem Waringin, pakasaban dagang geus lumangsung ti saprak jalma ngawujud jadi mahluk sosial. Ngabutuhkeun sagala rupa anu teu bisa dicumponan ku diri sorangan. Saméméh alat tuker nu éféktif – sebut baé duit – digunakeun, jalma-jalma ngalakonan barter, silih tukeran hiji barang ku barang séjén. Anu diudag tangtu lain saukur sakumaha loba jeung gedéna hiji barang, tapi niléy anu bisa nyumponan kana pangabutuh jalma.
Dina riwayat disebutkeun, Rosulullah ogé kungsi ngalaman usaha kana dagang. Diajak ku anu jadi pamanna, Abu Tholib, ti Mekah ka Syam atawa ti Mekah ka Siria. Dina salah sahiji surat ogé disebutkan yén dagang téh mangrupa kabiasaan urang Quraisy. Rata-rata urang Quraisy anu jaradi sodagar jeung gegedén téh bati tina dagang. Keur ngamankeun kapentingan para sodagar, Abu Sufyan anu boga ngaran pituin Sakhar ibn Harb wani nyéwa bala tantara anu dibéré pancén ngajaga para kafilah Quraisy anu rék ngadagangkeun komoditas milik manéhna. Abu Sufyan sorangan, sangkan pakasabanna teu kungsi kagerus ku régulasi jeung aturan anu dijieun ku para anggota Daarun-Nadwah anclub kana dunya politik, ngahiji jeung Abu Lahab, Abu Jahal, jeung Suhail.
Sangkan beuki kuat, supaya masyarakat Arab sanggeus Islam ngadeg, Rosulullah nyebutkeun: pakasaban dagang mangrupa panto atawa lawang rejeki, ucapan ieu disebut baé hadits. Keur ngalengkepan ayat-ayat Quran ngeunaan dagang anu merelukeun tafsir kalawan kontékstual. Bralna ayat-ayat ngeunaan dagang ieu nalika Rosulullah geus dumuk di Madinah. Kabiasaan urang Madinah anu hirupna kana tatanén teu bisa jauh jeung sistem anu ngagalaksak kana usaha tani nyaéta ijon jeung rénten. Kabiasaan rénten atawa riba lain dilakonan ku séké-sélér Yahudi wungkul di Madinah, ogé dilakonan ku sodagar Madinah ti séké-sélér Aus jeung Khozroj. Ngala bati gedé tina nginjemkeun barang.
Lamun niténan kana peta kuno, ti wewengkon Tiongkok nepi ka Arab, ti Nusantara nepi ka Éropah, mangrupa jalur dagang utama dunia kuno. Hubungan papada masyarakat di hiji wewengkon jeung wewengkon séjén geus lumangsung rébuan taun ka tukang. Kakoncarana wewengkon Nusantara ka mana- mendi téh apanan alatan sumber daya alam di urang anu geus ngahasilkeun rupaning komoditas, saperti pala, cengkéh, kopi, jeung entéh.
Dina jaman mérkantilisme, loba masyarakat Éropah anu parindah padumukan, udaganna nyaéta emas. Vespucci jeung Colombus mah nepi ka wewengkon Amérika, saterusna di sebut wewengkon kulon. Éksodus anu rongkah lumangsung di jaman harita, masyarakat Éropah anu hirup aya dina kamiskinan parindah ka wewengkon kulon, anu katelah Amérika. Ceuk béja, di beulah ditu pisan ayana kahirupan jeung sumber kahirupan téh, utamana emas. Naha emas anu jadi udagan bangsa Éropah? Hal éta saeutik-gedéna dipangaruhan ku kabiasaan gegedén di wewengkon Éropah anu biasa nénjokeun barang-barang lux jeung hurung-hérang ka masyarakat dina tiap pasamoan. Para gegedén, aristokrat, jeung ménak Éropah jadi trend-setter keur masyarakatna sorangan anu hirup dina sarwa kakurangan. Éropah geus ngawujud jadi dealer atawa showroom kabeungharan para gegedén anu dilalajoan ku rahayat kalaparan.
Kabiasaan gegedén-gegedén Éropah samodél kitu henteu ngadeg sorangan, ogé dirojong ku agamawan anu wani nafsirkeun ayat-ayat tina Bibel keur nyumponan kapentingan éksodus rahayat miskin ka Amérika. Maranéhna sadar, rahayat miskin geus moal bisa deui dikandali ku régulasi naon baé. Sababaraha taun ka hareup bakal ngabalukarkeun rupaning panyakit sosial jeung individual. Kahirupan masarakat miskin ngeplés jeung kotor, sanitasi lingkungan anu kurang apik. Pageblug jeung koréla jadi panyakit biasa anu lumangsung di wewengkon Éropah. Nya, antukna pihak agamawan méré iber lamun di beulah kulon téh mangrupa taneuh harepan sakumaha Abraham kungsi dijangjikeun bakal dibéré taneuh harepan ku Alloh.
Keur para gegedén Éropah anu hirupna pinuh ku kagenah, wewengkon anu jadi inceran maranéhna nyaéta wewengkon wétan. Maranéhna sadar, sumber daya alam anu moal kungsi saat jeung béak mah ayana di wétan lain di kulon. Ku ngayakeun dagang, bangsa Éropah mareuntas sagara muru ka wewengkon wétan anu kakoncara ku hasil bumi-na. Di Amerika mah, rahayat miskin Éropah kudu paraséa hela dina marebutkeun taneuh kosong, rébuan nyawa leupas kitu baé. Ditambah ku papaséaan jeung papada maranéhna sorangan. Sedengkeun keur para sodagar Éropah, teu kudu ngayakeun paraséa, cukup ku cara meuli taneuh ti bangsa wétan, nyiapkeun tanaga, ditambah waragad keur ngaburuhan bangsa pribumi. Sawaréhna dilakonan ku cara ngabohongan bangsa pribumi, sawaréhna deui ku cara nalungtik budaya bangsa pribumi. Tangtu baé, kontéks anu digunakeun ku bangsa Éropah nyaéta dagang.
Masyarakat pribumi anu minuhan leuweung jeung gunung, lain wewengkon basisir teu apal kumaha cara jeung sistem dagang. Maranéhna leuwih apal kumaha cara tatanén. Kabiasaan ieu dimangfaatkeun ku bangsa Éropah, kucara basajan bisa disebutkeun: sok baé maranéh anu melak, keun kuring anu ngadagangkeunna. Komoditas hasil di ieu wewengkon tangtu baé kacida laku dijual di Éropah. Nya antukna mah teu jauh béda jeung Abu Sufyan, sangkan usaha bangsa Éropah teu manggih ganjelan, wewengkon Nusantara ogé kudu dikandali ku régulasi atawa aturan anu bakal ngamankeun posisi maranéhna. Di Éropah sorangan, wewengkon Nusantara dijual-beulikeun atawa didagangkeun ka para sodagar jeung politisi, saha anu loba duit, sok baé beuli Nusantara kucara ngabagi hasil kauntungan antara sodagar jeung politisi. Kudu silih asaan ari jeung papada jalma licik mah, kitu kacindekanna.
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Dagang"