Ménak Ti Dayeuh

NGAHAJA ngondang para ménak ti dayeuh -arék birokrat atawa sipil- dina mangsa arék dilumangsungkeun Pilkada henteu kasebut hésé. Komo lamun ondanganna niti ka kaum ménak anu boga niat arék maju salaku calon kepala atawa wakil kepala daérah, kana acara leuleutikan samodél tahlil, marhaba, jeung salametan tingkat RT ogé geus pasti didatangan, sabab aya maksud jeung tujuan, utamana aya kahayang.

Mangkukna, poé Saptu, ka Balandongan kadatangan ku dua wakil, Wakil Gubernur Jawa Barat jeung Wakil Walikota Sukabumi. Ceuk iber ti salah saurang babaturan mah kadatangan dua wakil téh éstuning ngadadak pisan, jigana ngahaja nyimpang ka Balandongan rék nepungan masyarakat.

Ngadéngé rék kadatangan dua wakil, masyarakat tangtu baé ngarasa bungah, sabab hal ieu mangrupa kajadian anu kawilang langka, hiji lembur kadatangan ku wakil gubernur, jalma nomor dua di Jawa Barat. Sababaraha nonoman jeung wanoja loba anu nga-upload  foto Wakil Gubernur Jawa Barat jeung Wakil Walikota Sukabumi kana média sosial sabari ditambahan katerangan atawa caption: “Momen yang sangat langka, seorang Wakil Gubernur datang ke kampung Balandongan”.

Keur ukuran wewengkon sa-provinsi, kadatangan wakil gubernur atawa saha baé, jalma-jalma penting dina pamaréntahan kalawan ngadadak sabenerna lain hal anéh. Sabab asa pamohalan anu ngaranna pajabat pagawéanna hantem-hanteman ngider ka tiap wewengkon jeung lembur unggal poé, da lain éta pagawéanna sok sanajan dina sakali mangsa mah hal éta kudu dilakonan. Lima taun sakali datangna ogé keur urang lembur mah teu jadi sual, atoh anu aya sabab lemburna geus kadatangan ku jalma penting, teu kaalaman ku lembur séjén.

Mémang bener, nalika diténjona ku kacamata politis anu dilakonan ku Wakil Gubernur Jawa Barat jeung Wakil Walikota Sukabumi sok mindeng disebut “pencitraan”, pupujieun, jeung sebutan séjénna. Lain hal anéh, sabab mémang kitu kalakuan jalma-jalma politik mah, biasa nyawad lawan politikna ku sebutan naon baé. Jalma boga niat alus ogé, lamun mémang posisina salaku lawan politik geus pasti dipeupeuh jeung disebutan ku kalimah nu goréng dina média.

Sababaraha bulan ka tukang, salah saurang babaturan nyebut yén dina mangsa kiwari bangsa urang keur meujeuhna resep silih goréngkeun, dipinuhan ku “suudzan”, kalakuan alus ogé diniléy ku cara goréng atawa henteu adil. Aya benerna, komo lamun ku urang ditengetan jeung dibacaan tiap forum atawa group dina média sosial, silih pikaceuceub ku kekecapan jeung kalimah anu kurang pantes lain hal anu dipikasieun deui. Nyebut sasar ka batur ogé wani dina média sosial mah, padahal can kungsi panggih-panggih acan dina dunya nyata.

Ka Balandongan geus sababaraha kali kadatangan ku inohong tingkat daérah jeung nasional. Dina taun 1994 jeung 1995 kungsi kadatangan ku K.H A.F Ghazali, taun 2004 kadatangan ku H. Rhoma Irama, Taun 2008 mah kungsi kadatangan ku rombongan ti Kyai Kanjeng jeung Gita KDI. Inohong anu disebut téroris saperti Abu Bakar Baasyir ogé kungsi datang ka Balandongan, ngeusi pangajian dina taun 2007, kuring jadi pananyaan patugas Polsék Baros, nganaha-nahakeun, kunaon panitia maké ngondang jalma anu keur meujeuhna dipencrong ku pamaréntah? Harita kuring ngajawab kalawan énténg: mirah rupina mah waragadna, Pa.

Kacida béda antara kamandang politik jeung urang lembur anu disebut masyarakat ku datangna dua wakil pamaréntah. Urang lembur samodél Balandongan –sok sanajan geus bisa disebut wewengkon urban- tapi masih nyésakeun budaya paguyuban atawa gammeinschaft kacida ngahurmat ka jalma anu boga niat manjangkeun tali duduluran atawa silaturahmi, komo lamun anu datangna téh ménak, geus pasti dibagéakeun pisan.

Ku urang kota mah pasifatan samodél di luhur bisa baé disebut udik, teu pira kadatangan ku Wakil Gubernur Jawa Barat jeung Wakil Walikota Sukabumi mani kudu ramé. Ngan ceuk urang lembur komo ceuk kaum ibu mah lain kitu.

Keur wewengkon séjén, ti mimiti tingkat RT nepika Kecamatan kudu siap-siap baé kadatangan ku para ménak ti dayeuh dina mangsa arék Pilkada. Salila genep bulan ka hareup mah, masjid-masjid jeung calagara naon baé bakal dihadiran ku para inohong anu boga niat nyalonkeun jadi kepala jeung wakil kepala daérah. Tarima baé kalawan alus teu kudu diusir atawa dihiapkeun saba nau ngaran ménak mah nalika namu atawa datang ka imah urang sahenteuna sabari nyiapkeun babawaan, nya sebut baé panyecep keur urang lembur.

KANG WARSA
GURU MTS RIYADLUL JANNAH – ANGGOTA PGRI KOTA SUKABUMI

Posting Komentar untuk "Ménak Ti Dayeuh"