Kecap di luhur lain kecap rajekan dwi-réka, tapi mangrupa hiji falsafah hirup anu kungsi dilakonan ku karuhun di Nusantara. Salian ti éta, kecap ananang unaning ogé teu miboga harti léksikal, euweuh dina kamus, lain basa autotéks. Tapi lamun dibéré harti kalawan bébas, pihartieun kecap ananang unaning téh salah sahijina kaayaan haté anu hunang-hening, tiis, simpé, ceuk basa barudak jaman now mah, kaayaan haté anu ngébréhkeun suasana batin teu galider.
Kahirupan mangsa kiwari, jalma tangtu baé saeutik gedéna loba kapangaruhan ku kaayaan anu aya di luar diri jalma. Jati loba kapolés ku lingkungan, teu ngébréhkeun diri urang anu saenyana. Diri urang leuwih loba merhatikeun kahirupan batur, nalipak diri atawa nimbang kana awak sorangan komo nepi ka neuleuman diri sorangan mah geus jarang dilakonan. Lobana koméntar jeung panyawad kanu aya di luar diri urang mangrupa ciri masyarakat ayeuna. Apal kénéh kana paripolah batur –komo kagorénganna- tibatan apal kana kalakuan diri sorangan. Antukna, urang teu apal saha ari diri urang anu sabenerna, kaayaan kieu sarua jeung diri urang nanya ngaran sorangan ka batur, tangtu baé bakal gieug.
Para politisi loba anu ngadopsi babasaan: statemen ti si A geus ngaganggu kana suasana batin masyarakat. Naha make kaganggu, kusabab diri urang kénéh anu gampang kapangaruhan ku naon hal anu aya di luar diri urang, opénan. Conto leutik, aya saurang jalma ngomong: kitab suci mangrupa fiksi, teu kudu nunggu waktu sapoé, diri urang langsung nyual ku rupaning cawadan jeung seratan. Papanjang-panjang bari diri urang ogé henteu apal kana pasualan jeung naon anu diserat ku diri urang. Antukna lain kaayaan ananang unaning anu napel dina haté, tapi hawa panas nyaliara dina diri.
Keur saeutikna jalma tangtu baé aya anu teu pati kapangaruhan ku pasualan-pasualan anu aya di luar dirina, lain kurang paduli atawa boga sikep EGP. Sikep kitu kulantaran maranéhna geus apal kana dirina, pancén pribadina di ieu alam. Ayana kamandang ti jalma séjén dianggap geus biasa, lain hal anu anéh, tibatan nguruskeun pasualan-pasualan nu moal aya jawabanna mending ngalakonan pancén dina kahirupan, sangkan kaayaan ananang unaning nerap dina haté.
Geus jadi tékad bangsa urang lamun sikep individualis kudu dipiceun jauh dina diri. Sikep ngantep kana tiap kamandang, komo kana kamandang anu dipulas ku kalimah: nganista agama atawa ngaluluconkeun kana ageman hirup teu bisa disebut sikep individualis. Urang ngan saukur ngucapkeun jauhan sikep individualis, tapi dina prakna bangsa urang pisan anu leuwih meredih éta sikep, contona: runtah minuhan jalan mah geus pasti pada ngantep, bakal béda lamun mobil urang kakotoran ku batur. Enya kaasup diri kuring sorangan éta téh.
Henteu salah tiap nabi diutus ku Gusti Alloh, pancén pangheulanan lain nanaon, tapi ngaluskeun réngkak paripolah jalma, moral atawa akhlak. Dimimitian ku ihtiar, kumaha cara jalma wawuh ka dirina, bisa nyiptakeun kaayaan haté anu henang-hening, da tiap pasualan hirup geuning jawabanna aya dina haté jalma. Islam boga formula dzikir, ageman séjén boga rumus anu disebut tapabrata, Samadhi, jeung sembahyang. Tujuanna sangkan kaayaan ananang unaning haté jalma kasorang. Sanajan kaayaan ngelekeb panas ogé nalika haté geus nyorang ananang unaning mah moal karasa panas, da pangaruh luar moal nerap ka diri jalma. Moal aya caritaan: duh panas, duh hujan, duh kumaha atuh isukan, duh duh duh… lain euweuh kasieun atawa euweuh kahayang, tapi geus pasrah tumarima da sakabéh pasualan ogé geus aya jawabanna, kabéh ogé ngandung kahadéan.
Jauh kénéh diri urang bisa ngahontal kaayaan ananang unaning ieu sabab hirup masih loba kapangaruhan ku rupaning hal anu aya di luar diri urang. Heueuh, boa seratan ieu ogé kusabab diri kuring ngaréspon kaayaan anu aya di luar diri kuring, nya? Tandana haté masih guling gasahan, keuheul ku pasualan jaman now. Aya alesan, da kuring mah jalma biasa…
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Ananang Unaning"