Mang Uu jeung Sontog Ahérat

Ghiroh lamun dihartikeun mah gairah atawa sumanget kaislaman umat Islam di Indonésia mangrupa hiji kahayang umat sangkan ageman nanjeur deui dina kahirupan kusabab salila 30 taun leuwih, mangsa Orde Baru ngawasa loba pisan kawijakan pamaréntah anu teu mihak ka golongan anu masih madungkeunkeun nanjeurna hukum-hukum jinayat dina kahirupan.

Padahal henteu kitu, pamaréntah Orde Baru sabenerna nempatkeun Islam jeung ajaranna kana hal anu sakuduna. Hal ihwal anu aya pakuat-pakait jeung umat tetep dijaga asal teu patukang-tonggong jeung papagon nagara. Tiap masjid ngayakeun minggonan, khitanan massal, jrrd. Hartina tarékah umat dina ngamumulé ajaran Islam teu dihahalang salila teu nyual politik atawa kakawasaan.

Dina tahun 80-an, bral hiji gerakan, ceuk maranéhna mah gerakan keur malikkeun deui umat kana ghirah Islam di ieu nagara. Hal ieu dibalukarkeun ku kamandang beuki leutikna kakuatan politik jeung ekonomi umat. Kamandang ieu tangtu baé bral ti kelompok atawa golongan ‘Muslim Formal’. Anu masih merjuangkeun sésa-sésa kamandang sababaraha dékade ka tukang ngeunaan dasar nagara.

Gerakan Islam Formal asup ka kampus-kampus, istilah anu kaluar nyaéta Islam Kaffah, Islam Kotémporér, jeung Islam Paripurna. Padahal, sabenerna mah henteu nyual Islam kalawan paripurna atawa kaffah, da anu disual nyaéta harokah atawa gerakan Islam kalawan politis. Buktina, nalika gerakan Islam Modérnis anu ngaguar harokah, politik, tujuanna hayang nanjeurkeun nagara atawa Islam anu ngawangun aturan nagara, Islam jeung ajaranna tetep nanjeur di masyarakat urang. Pasantrén teu leungiteun santri. Umat Islam tetep bisa sholat jeung ngalakonan poénan jeung kariaan kaislaman kalawan tenang.

Taun 90-an mangrupa manggungna kelompok Islam Formal di ieu nagara, gerakan-gerakan saperti NII, HT, IM geus miboga kader-kader inti nepi ka sakola-sakola umum (SMA jeung MA). Metodé dakwahna ku ngayakeun ririungan saminggu sakali di masjid-masjid sakola atawa di luar sakola. Kader-kader inti dibéré pancén ku para murobbi sangkan ngajak jeung nyebarkeun deui issue-issue anu diguar dina halaqoh-halaqoh.

Keur kelopok tradisional, taun 90-an, pasantrén-pasantrén di tiap lembur ogé mimiti katénjo ngoréjat deui. Di Balandongan, Mang Uu landihan tina Ujang Sukirman, babaturan kuring, ngajak barudak, nonoman, jeung warga Balandongan sangkan ngaronjatkeun deui ajaran Islam anu sifatna tradisional (lain hartina kampungan) tapi bisa ngajawab tangtangan jaman. Hal ieu disatujuan ku Muallim Zakaria (alm).

Santri kalong, sebutan barudak lembur milu pangajian mimiti diramékeun jeung ramé deui minuhan pangajian barudak bada maghrib jeung bada subuh. Kitab-kitab klasik dipedar deui. Tradisi pasantrén anu baheula kungsi dialaman waktu keur mondok diwanohkeun deui ka masyarakat kalawan terang-terangan. Stratégi anu béda dilakonan ku kelompok Islam Formal. Cara jeung stratégi dakwah kelompok Islam Formal biasana dilakonan ku dakwah personal atawa ruang-riung kalawan susulumputan. Sok dinisbatkeun cara dakwah kitu téh sabab kayaaan Indonesia teu béda jauh jeung fase Makiyyah cenah.

Mang Uu jeung kuring mindeng ngawanti-wanti ka barudak jeung para nonoman, anu disebut Islam téh lain saukur pasualan-pasualan formal, Islam justru leuwih meredih umat sangkan merhatikeun tanda atawa ayat kauniyah (ayat anu nyampak di ieu alam). Cindekna, kuring jeung Mang Uu sok meredih ka barudak jeung para nonoman, Islam mangrupa ajaran anu teu ngahésékeun ka umatna. Teu kudu ngariweuhkeun diri ku pasualan-pasualan anu sabenerna ngan saukur keur ngudag tujuan duniawi, kakawasaan jeung politik. Lamun urang percaya sagemblengna ka Alloh, Islam jeung ajaranna tetep bakal nanjeur lamun dipraktékkeun saluyu jeung nurani jalma.

Barudak santri ogé dibiasakeun maraké calana anu panjangna handapeun tuur. Di pasantrén, calana modél kieu disebut sontog ahérat. Réngsé nedunan solat ashar, barudak jeung para santri kalong ngabring ka sawah, ngurek ngala belut, saruka bungah. Sabulan sakali barudak diajak ulin ka Cikundul jeung ka Bangbayang laluempang ngaleut. Barudak araratoh.

Islam jeung ajaranna bakal ngawujud jadi hal anu pikangeunaheun nalika diprakkeun dina kahirupan sapopoé kalawan ngaakomodir anasir-anasir anu aya di masarakat (budaya jeung tradisi). Pasualan-pasualan politik umat sabenerna bisa dibéréskeun ku umat Islam kénéh, carana kudu loyog jeung papagon kahirupan di ieu nagara. Geus dicontoan ku para ‘founding father’ di ieu nagara. Urang kari nyonto.

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Mang Uu jeung Sontog Ahérat"