Aya dua jinis guru jeung pamilon atikan anu dipikawanoh atawa nelah jeung populér di sakola. Guru galak jeung guru bageur. Tah ninggang ka pamilon atikan mah anu dipikawanoh nyaéta murid bandel jeung murid pinter (biasana cicingeun deukeut kana ceuleupeung lah). Ngan dua jinis éta anu kawentar di sakola. Pamilon atikan atawa murid anu biasa-biasa baé mah jarang kacabak sumawona bisa asup kana “trending topic” sakola.
Émang geus aya istilah “trending topic” kitu jaman harita (taun 90-an)? Tangtu baé geus aya, biasana barudak bandel sok disebutan saurang-saurang ku pembina upacara tiap poé Senén. Anéhna, budak atawa pamilon atikan anu disebut téh geus netep, éta-éta deui. Budak bangor mah dipikawanoh ogé ampir ku kabéh guru.
Sabalikna, dina dunya guru mah anu paling dipikawanoh ku barudak nyaéta guru galak jeung guru bageur. Pa Jodi kasebut salah saurang guru anu kawilang galak di SMPN 3 Kota Sukabumi. Néké, nampiling, najong, jeung ngajenggut buuk lain bobohongan. Tara kapalang.
Kungsi aya saurang pamilon atikan di-smash ku bola voli beungeutna kusabab nyépakan bola voli. Anu kungsi dibalédog ku bola baskét ogé aya. Salah saurang babaturan, awéwé, ngadon moyég nalika keur baris di hareupeun kelas, langsung dijenggut buukna. Dina diri Pa Jodi, sikep disiplin barudak mangrupa hal anu teu bisa ditawar deui.
Guru Penjas jeung Fisika
Pa Jodi ngajar mapel Penjas jeung Fisika. Pamilon atikan SMPN 3 Kota Sukabumi angkatan ’95 mah teu ngalaman diajar éléktro, lamun ayeuna mah mangrupa mapel “muatan lokal”. Sok sanajan diembung-embung ogé ku para pamilon atikan ngalaman diatik ku Pa Jodi, keukeuh baé bakal ngarasaan. Lamun teu di kelas, tangtu bakal panggih di lapang sakola dina kagiatan ékstrakurikuler baskét atawa voli.
Teges jeung galakna éstuning henteu pandang bulu, arék ka lalaki jeung ka awéwé, kanu bangor jeung kanu kuuleun nalika pamilon atikan milampah salah sok komo ngarempak tata tertib sakola tangtu langsung meunang “hibah hukuman” ti Pa Jodi.
Salah sahiji kagiatan mapel Penjas anu matuh dicalagarakeun ku sakola nyaéta ngojay di Prana sabulan sakali. Anu ngalatih renang nyaéta Pa Tedi, Pa Nofrison, jeung Pa Jodi. Pamilon atikan anu henteu bisa ngojay sok kalah dilelepkeun ku Pa Jodi mah. Pamilon atikan anu ngadon rerengkogan di sisi kulah sok langsung disuntrungkeun, ngahaja sina kekelebekan, da engké ogé bakal bisaeun ngojay sorangan.
Geus puguh ogé mapel Fisika téh mangrupa hal anu dipikahariwang ku pamilon atikan, pédah jejer anu dicaritakeun jeung diguar dina Fisika ampir sarua jeung matématika, katambah guruna Pa Jodi, atuh barudak beuki humar-hemir baé sarieuneun.
Kuring can kungsi ngalaman diajar Fisika ku Pa Jodi. Ngan anu jadi babaturan (lanceuk kelas) kusabab salembur kungsi nyaritakeun, pamilon atikan anu ngadon ngajentul hareupeun board/papan tulis, teu bisa ngeusian sual-sual Fisika, sok langsung didegungkeun sirahna atawa beungeutna digosok ku panghapus nepi ka bodas kawas diwedakan.
Kuring bisa deukeut jeung remen ngawangkong jeung Pa Jodi téh, pédah nalika kelas 2 SMP sok ilubiung dina rupaning pasanggiri tingkat kota, saperti pasanggiri siswa teladan, ngarang, LCC, jjrd. Salah saurang guru anu ngabina jeung nyiapkeun sagala kaperluan pasanggiri nyaéta Pa Jodi. Sihoréng, kusabab deukeut jeung mindeng ngawangkong mah, guru anu sakitu galak ogé bisa leuleuy jeung jadi bageur.
Sabulan saméméh paturay tineung, saminggu réngsé ujian, para pamilon atikan kelas tilu diperedih kudu ka sakola pasosoré. Sok sanajan harita mah hasiil ujian téh dikirim langsung ka imah via kantor pos, biasana pihak sakola ogé sok ngabocorkeun heula sabaraha ancer-ancer niléy (NEM) anu baris katarima ku barudak.
Kuring moal nyual niléy ujianna, anu arék diguar nyaéta kaayaan harita antara alam keur usum halodo jeung saruka bungahna babaturan, pacampur ngagalo. Apal meureun kumaha kaayaan psikologi barudak? Sok silih tanya jeung papada: sabaraha NEM manéh? Budak anu meunang NEM leutik ogé sok ngaku-ngaku gedé, pokona kudu sarua lah jeung anu pinter.
Kaayaan alam usum katiga, wanci panon poé tunggang gunung, cahaya srangéngé nyulusup kana sela-sela dangdaunan tangkal akasia hareupeun sakola. Kalakayna marurag, ngabagéakeun barudak, asana téh henteu jauh béda jeung “musim gugur” di Éropa, kitu meureun.
Kaayaan sakola haneut jeung haneuteun. Cahaya srangéngé pasosoré bahé ka lapang, bray ngahasilkeun pulas emas warna konéng. Pokona éndah pisan. Lamun dicaritakeun sagemblengna mah bisi dianggap kuring keur nyerat novel. Cindekna mah, éndah baé, peun. Henteu kurang henteu leuwih.
Hawar-hawar kadéngé sora lagu The Cat anu judulna Lea ti kantor sakola. Heueuh, lagu taun 60-an. Ceuk dina pikiran kuring, wah saha téh guru anu nyetél Lea? Panasaran pisan, kuring asup ka kantor. Kasampak Pa Jodi keur nyarandé kana korsi, sabari hahaleuangan nurutan Piet Veerman nembangkeun:
How do you feel, loving a rose?
Guarding her life day and night
How do you feel, losing that rose?
Killed by a storm you can’t fight
Lea, Lea
Girl, now you’re gone
Leaving, leaving behind
The memory of your smile
That will never leave my mind
manawi gaduh kontakna pa jodi?
BalasHapusTeu gaduh kang..
Hapus