Guru: Pa Maman Sudirman



Saméméh ganti ngaran ku Pendidikan Pancasila dan Kewarganegaraan atawa PPKN dina taun 1994, atikan ngeunaan Pancasila boga ngaran Pendidikan Moral Pancasila (PMP). Ieu mata pelajaran mangrupa tafsir tékstual Pedoman Penghayatan Pengamalan Pancasila (P4) mangsa Orde Baru. Anu ngajar PMP atawa PPKN di SMP Negeri 3 Sukabumi nyaéta Pa Maman Sudirman.

Ilaharna guru mangsa harita, ti imah ka sakola, Pa Maman teu weléh tumpak angkutan umum ti lemburna ka Begég, wates kota madya harita mah. Kari-kari mémang kasebut jarang, boh guru atawa kepala sakola anu boga alat patalimarga, arék motor sumawona mobil. Dina ayana ogé, geus disebutkeun ku kuring, kacida jarang.

Dedegan Pa Maman bisa disebut jangkung badag, cara ngaléngkahna tegep, jigana cocog pisan lamun jadi tutor di lembaga samodél Lemhanas. Apal cangkem kana matéri jeung jejer ngeunaan Pancasila, ti Sila nepi kana butir-butirna. Ongkohna, harita mah para siswa ti sakola dasar kénéh ogé diperedih sangkan apal jeung capétang kana butir-butir Pancasila. Mémang disebut doktrin, da sakuduna kitu ari nagara ka rahayat mah.

Pa Maman bisa ogé disebut teges, da ka para pamilon atikan anu rada badeur tara kapalang méré atikan jeung hukuman ku cara fisik. Niatna tangtu baé lain arék nyiksa barudak tapi méré kapastian yén hirup téh miboga tanggungjawab. Sakabéh paripolah jeung laku lampah kudu dipertanggungjawabkeun ku sorangan-sorangan.

Cara jeung métodologi ngatik barudak di kelas kawilang unik. Pa Maman sok ngalobakeun ngawangkong, nanya, jeung midangkeun heula afirmasi ku carita atawa iber anyar ngeunaan kajadian di ieu nagara. Lamun ceuk basa kiwari mah, saméméh asup kana jejer pangajaran, Pa Maman méré heula peta konsép ka barudak sangkan eusi buku PMP atawa PPKN anu kandel téh geus kasawang tiheula ku pikiran siswa.

Kuring diatik ku Pa Maman ti kelas hiji mula. Malahan kungsi diatik khusus nalika SMP Negeri 3 arék pasanggiri cerdas cermat ngeunaan Pancasila. Pa Maman meredih kuring jeung babaturan kudu apal cangkem kana sual-sual anu aya dina buku Bank Soal ngeunaan Pancasila.

Harita mah, aya samodtel jaminan keur barudak anu ilubiung pasanggiri atawa lomba geus pasti niléy mata pelajaran anu dipasanggirikeun bakal dibéré peunteun gedé ku anu jadi guru. Meureun itung-itung kompénsasi kana waktu anu geus dipaké ngapalkeun ku para siswa. Kaalaman ku kuring, ampir dua minggu ngapalkeun sual-sual Pancasila.

Pa Mamaa kungsi jadi Wakil Kepala Sakola widang kurikulum dina taun 1994, nalika kuring kelas 3. Hiji kalungguhan anu kasebut luhur di sakola mah, da wakil kepala sakola, hartina satahap deui bakal jadi kepala sakola. Da bener geuning, teu kungsi lila, ti saprak kuring jeung babaturan angkatan 1995 lulus sakola, ceuk iber ti babaturan, Pa Maman ditunjuk jadi Kepala Sakola salah sahiji SMP di Léngkong.

Salaku wakil kepala sakola widang kurikulum, Pa Maman boga pancén penting nyaéta nyakséskeun ujian nasional (EBTANAS). Atuh genep bulan méméh Ujian Nasional (EBTANAS) ogé sakola jeung wargana geus tatahar nyiapkeun diri sangkan hasil EBTANAS nyugemakeun. Sakola ngayakeun pangajaran tambahan réngsé jam bubar nepi ka soré. Mangrupa tangtangan keur siswa anu karedul mah. Sok sanajan kitu, kabéh siswa kelas tilu kudu jeung wajib milu pengayaan, keur nganalisa sual-sual EBTANAS anu bakal disanghareupan.

Lamun kudu disebutkeun mah, saméméh réformasi, guru jeung murid kelas tilu capé jeung riweuh (konotasi positif) dina nyanghareupan ujian nasional (EBTANAS). Lain ngandelkeun wungkul hoki jeung susuganan niléy aralus, ogé sabanding jeung ikhtiarna. Bandingkeun jeung mangsa kiwari, barudak jeung anu jadi kolotna rariweuh lain waktu arék ujian atawa asesmén tapi nalika arék daftar sakola.

Tah, iwal ti EBTANAS anu dikokolakeun ku pusat, pamaréntah daérah ogé boga tanggung jawab nyalagarakeun EBTA atawa Evaluasi Belajar Tahap Akhir. Bédana tina mata pelajaran anu diujiankeun. EBTA mah ngawengku sakabéh mata pelajaran.

Pa Maman bisa disebut saurang tim SMP Negeri 3 keur nyakséskeun sakola dina sajeroning EBTA jeung EBTANAS. Dua hal keur nangtukeun niley STTB jeung NEM mangsa harita. Duanana disebut penting, STTB atawa ijazah keur nangtukeun lulus atawa henteuna barudak, NEM keur nangtukeun siswa bakal katarima ka sakola mana.
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Guru: Pa Maman Sudirman"